Lakbok
Lakbok ᮜᮊ᮪ᮘᮧᮊ᮪ Bandjarpatroman / Pataruman | |
|---|---|
| Location of Lakbok | |
| Koordinat: 7°24′01″S 108°39′51″E / 7.40028°S 108.66417°E | |
| Lega | |
| • Total | 60,56 km2 (2,338 sq mi) |
| Pangeusi | |
| • Total | 56.369 |
| • Kapadetan | 931/km2 (2,410/sq mi) |
Lakbok (ᮜᮊ᮪ᮘᮧᮊ᮪, baheula ngaranna Bandjarpatroman atawa Pataruman) nyaéta hiji kacamatan di Kabupatén Ciamis, Jawa Barat. Salian ti statusna salaku kacamatan administratif, wewengkon Lakbok ogé gaduh makna historis dina wawacan Kidung Lakbok[1] salaku naskah sejarah Rawa Lakbok, tilas puseur Karajaan Bandjarpatroman bawahan Galuh anu, numutkeun carita rakyat, robah jadi rawa alatan perang jeung sumpah karuhun.
Ngaran
[édit | édit sumber]Aya dua vérsi asal-usul ngaran Lakbok:
1. Vérsi Kamus: "Maung Gede"
[édit | édit sumber]Nurutkeun Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2015), kecap "lakbok" asalna tina Basa Sunda Kuno nu hartina "maung nu gedé pisan".[2]
2. Vérsi Naskah Tradisional: "Bandjarpatroman"
[édit | édit sumber]Dumasar Kidung Lakbok Bait 3, ngaran aslina saméméh robah téh Bandjarpatroman:
"Lakbok teh hidji nagara, Nu disupata ku dewa, Katelah Bandjarpatroman, nagri gede loh djinawi."[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]Jaman Karajaan Galuh: Perang Pataruman
[édit | édit sumber]Numutkeun wawacan Kidung Lakbok, aya carita perang antara Ratu Inggeung Buana jeung Ratu Agung Tambakbaja di wewengkon Pataruman nepi ka Kawasen.[1]
Alatan perang, nagara ieu tuluy disumpah nepi ka robah jadi leuweung jeung rawa, sakumaha Bait 17: "urut djaeuh djadi leuweung, djadi leuweung sima gonggong".[1]
Kolonial Akhir: Abad 19
[édit | édit sumber]Dina taun 1899, dumasar catetan perjalanan C.M. Pleyte, mayoritas penduduk Lakbok geus nganut agama Islam, tapi dina praktikna masih kental ku kapercayaan lokal jeung pemujaan ka karuhun.[3]
Atikan
[édit | édit sumber]Dumasar data Kemendikdasmen taun 2024, di Kacamatan Lakbok aya 44 SD/MI, 8 SMP/MTs, 4 SMA/SMK/MA, sarta 1 Perguruan Tinggi: STIT Lakbok.[4]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 Prawiraatmadja, M. Karso. 31 Agustus 1956. Kidung Lakbok - Buku Lengkap (Wawacan Naskah Sejarah Rawa Lakbok). Diakses via Wikimedia Commons. https://commons.wikimedia.org/wiki/File:Kidung_Lakbok_-_Buku_Lengkap.pdf
- ↑ Danadibrata, R.A. 2015. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
- ↑ Pleyte, C.M. 1909. De Godsdienstige Toestand van de Preangerlanden. Batavia: Landsdrukkerij.
- ↑ Kemendikdasmen, 2024. Data Dikdasmen
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Pranala luar
[édit | édit sumber]- Situs Resmi Kecamatan Lakbok
- STIT Lakbok Archived 2026-05-13 di Wayback Machine