Lompat ke isi

Liang rejang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Visualisasi liang rejang dina grafik komputer. Rute nganggo garis beureum nyaéta jalur aslina tanpa ngelebetkeun liang; rute nganggo garis héjo nyaéta jalur anu ngelebetkeun liang.

Liang rêjang atawa liang cacing (Sunda: ᮜᮤᮃᮀ ᮛᮨᮏᮀ) mangrupakeun hiji struktur hipotétis dina bentuk liang anu sacara rejang[1] ngahubungkeun sababaraha tempat dina rohangan sareng waktos anu babéda. Téori ieu diusulkeun ku dua urang élmuwan fisika, nyaéta Albert Einstein sareng Nathan Rosen, tina hipotésis ngeunaan iinditan jauh di jagitada, tapi langkung gancang, ku ngadamel misal tina kertas anu dilipetkeun.[2]

Konsep liang rejang éta sajajar sareng konsep téori rélativitas umum, tapi kusabab kurangna bukti anu tiasa nunjukkeun wujudna, liang éta teu dipikanyaho persis dimana sareng iraha kaayaanna, bahkan sababaraha élmuwan parantos nyatakeun yén éta henteu aya. Tina hal éta, loba élmuwan anu sanés nyatakeun yén liang rejang éta téh sahiji ukur proyéksi tina diménsi rohangan kaopat, salaku barang dua diménsi tiasa diletakkeun dina sagala rupa wilayah tilu diménsi.[3]

Dina taun 1995 anu silam, Matt Visser ngusulkeun pendapatna lamun meureun aya loba liang éta di jagitada lamun benang kosmik jeung massa négatip dihasilkeun dina semesta anu mimiti.[4] Di sisi séjén, sababaraha élmuwan kayaning Kip Thorne sareng anu sanésna geus ngusulkeun sababaraha laba cara keur nyieun lagucitra ti liang rejang éta sacara sintétis.[5]


  1. "Rejang (4) - KBBI VI Daring". kbbi.kemdikbud.go.id. Diaksés tanggal 2025-06-09.
  2. Overbye, Dennis (10 October 2022). "Black Holes May Hide a Mind-Bending Secret About Our Universe – Take gravity, add quantum mechanics, stir. What do you get? Just maybe, a holographic cosmos". The New York Times. Diaksés tanggal 10 October 2022.
  3. Choi, Charles Q. (2013-12-03). "Spooky physics phenomenon may link universe's wormholes" (Dina basa Inggris). NBC News. Diaksés tanggal 2019-07-30.
  4. Cramer, John; Forward, Robert; Morris, Michael; Visser, Matt; Benford, Gregory; Landis, Geoffrey (1995). "Natural wormholes as gravitational lenses". Physical Review D. 51 (6): 3117–3120. arXiv:astro-ph/9409051. Bibcode:1995PhRvD..51.3117C. doi:10.1103/PhysRevD.51.3117. PMID 10018782.
  5. Thorne, Kip S. (1994). Black holes and time warps : Einstein's outrageous legacy. New York. hlm. 493. ISBN 978-0393312768. Pemeliharaan CS1: Lokasi tanpa penerbit (link)