Lompat ke isi

Lidah buaya lilin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Aloe arborescens
Lidah buaya lilin
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Aloe
Spésiés:
Aloe arborescens
Ngaran binomial
Aloe arborescens
Kew. 1: 466 (1789)
Tangkal Aloe arborescens koléksi Kebon Raya Cibodas, Cianjur.

Lidah buaya lilin atawa (Aloe arborescens) nyaéta salah sahiji tangkal anu asalna tina kulawarga (Asphodelaceae), asli ti Afrika Kidul tuluy tumuwuh sumebar di sababaraha nagara saperti Algéria, Australia, Spanyol, Jepang, Koréa, nepi ka Indonésia. Salah sahiji tangkalna tumuwuh di Kebon Raya Cibodas, Cianjur. Tangkal ieu tumuwuh di daérah pagunungan dina élévasi 2,800 mdpl.[1]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Lidah buaya lilin kaasup kana tanaman perdu miboga ciri-ciri panjang tangkal rungkun nepi ka 3 m. Wangun daunna rosét, warnana héjo-kulawu polos kalayan ukuran 400-600 x 50-70 mm. Wangunna ngalengkung ka handap, bagian luhurna rata sedengkeun bagian handapna cembung. Sisi daunna boga gerigi warna caang ukuran 3-5 mm, kalawan jarak antara gerigi 5-20 mm. Tangkal ieu miboga 2-4 batang kalayan jangkungna 600-800 mm. Biasana kembang lidah buaya lilin mekar sakitar bulan Juni kalayan miboga ukuran kurang leuwih 40 mm.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Ana Isabel Martínez Richart (IUCN Red List Unit) (2018-07-13). "IUCN Red List of Threatened Species: Aloe arborescens". IUCN Red List of Threatened Species.
  2. Adams, Raewyn (2015). Aloes A to Z (Dina basa Inggris). Lulu.com. ISBN 978-0-473-33139-9.