Lie Kim Hok
Lie Kim Hok | |
---|---|
Lie Kim Hok, c. 1900 | |
Gumelar | 1 Nopémber 1853 Buitenzorg, Hindia Walanda |
Tilar dunya | 6 Méi 1912 (yuswa 58) Batavia, Hindia Walanda |
Maot lantaran | Tifus |
Pagawéan | Panulis, jurnalis |
Taun aktip | 1870-an – 1912 |
Karya nu katelah | |
Gaya | Réalisme |
Pasangan |
|
Anak | 4 |
Lie Kim Hok (Chinese: 李金福; pinyin: Lǐ Jīnfú; Pe̍h-ōe-jī: Lì Kim-hok, gumelar di Bogor, Jawa Barat, 1 Nopémber 1853 – tilar dunya di Batavia, 6 Méi 1912 dina umur 58 taun) téh mangrupakeun saurang guru, panulis, jeung pagawé sosial turunan Tionghoa nu aktip di éra Hindia-Walanda jeung kasohor ku titelna: "bapa sastra Tionghoa Malayu". Lie téh gumelar di Buitenzorg (kiwari mah Bogor), Jawa Kulon. Ti leutik mula, Lie téh geus diajar di sakola-sakola misionaris. Matak gé dina dekadeu 1870-an, Lie geus pinter ngomong maké basa Sunda, Malayu, jeung Walanda. Ngan, kana Basa Mandarin mah, Lie téh teu ngartieun. Dina panengahan dekadeu 1870-an, Lie rarabi, ogé gawé jadi éditor di dua majalah nu diterbitkeun ku guru jeung méntorna, si Dirk Johannes Van der Linden. Dina taun 1880, Lie eureun tina pagawéanna, tuluy sataun ti éta, pamajikanna téh tilar dunya. Dina taun 1884, Lie nyitak buku-bukuna nu mimiti, salah sahijina nyaéta sair nu dijudulan Sair Tjerita Siti Akbari jeung buku tata basa Malajoe Batawi. Saangeus tilar dunyana van der Linden dina taun 1885, Lie meuli usaha pacitakanna van der Linden, tuluy ngarintis pausahaanna sorangan.
Tina taun 1885 nepi ka 1887, Lie nerbitkeun sababaraha buku, salah sahijina Tjhit Liap Seng nu disebut-sebut jadi nopél Tionghoa Melayu nu pangmimitina. Tuluy, Lie ogé ngaakuisisi hak citak Pembrita Betawi, nyaéta koran nu basisna di Batavia, matak prung wé Lie gé pindah ka Batavia. Saanggeus ngajual usaha pacitakanna dina taun 1887, Lie gagawé dina sababaraha widang, nepi tungtungna Lie manggihan pagawéan anu netep di salah sahiji panggilingan paré dina taun 1890 nu dijalankeun nu salah saurang babaturanna. Dina taun 1891, Lie rarabi jeung Tie Sioe Nio, tuluy diberkahan ku opat katurunan. Dina dekadeu 1890-an téh, Lie nerbitkeun dua buku, jeung dina taun 1900, Lie jadi salah sahiji anggahota nu ngababarkeun Tiong Hoa Hwee Koan (THHK). Lie tuluy pokus jadi tukang narjamahkeun jeung jadi pagawé sosial nepi ka tilar dunyana pisan dina yuswa 58 taun ku lantaran tifus,
Lie téh disebut-sebut jadi jalma nu mangaruhan dunya jurnalisme, linguistik, jeung sastra di Hindia Walanda. Perkara pangutamana nu ngajadikeun Lie kasohor téh ku lantaran karya sastrana. Sababaraha karya tinulisna ogé dicitak deudeuian. Malah, Sair Tjerita Siti Akbari mah geus diadaptasi jadi drama panggung nepi ka jadi pilem layar rubak. Ngan, ku lantaran pulitik basa di Hindia Walanda ogé Nagara Indonésia, kinaryana téh jadi kurang dipikawanoh nu jalma réa. Lie ogé dikritik ku lantaran tulisanna kanyahoan diadaptasi tina karya nu geus aya, komo deui, Lie teu nyantumkeun ngaran panulisna nu asli. Sing kitu ogé, kritikus nu séjén manggihan bukti lamun tulisanna Lie téh mibanda inopasi dina gaya tinulisna jeung kumaha cara Lie migawé alur caritana.