Lisozim

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Kristal Lisozim.
Struktur Lisozim dumasar kana analisis sinar-X

Lisozim mangrupa énzim anu megatkeun beungkeutan β-1,4-glikosida anu aya di antara asam-N-asetil glukosamin jeung asam-N-asetil dina peptidoglican nepi ka pinding sél baktéri bisa rusak. [1] Sanggeus kitu, cai bisa asup kana sél jeung ngabalukarkeun sél jadi beukah tuluy rusak. Ieu prosés téh disebut lisis. Lisozim pernahna aya dina sékrési sasatoan utamana dina cimata, ciduh, késang jeung cacai awak séjénna. Lisozim kaasup mékanisme pertahanan keur ngalawan inféksi baktéri. Lisozim bisa maéhan baktéri lamun lingkungan baktéri henteu dina kaayaan isotonik, nyaéta konsentrasi zat terlarut dina jero sél jeung di luar sél (lingkungan) saimbang sanajan pinding sél baktéri rusak, cai moal bisa asup kana sél jeung lisis moal kawangun kalayan sampurna. Dina ieu hal, sél anu kaleungitan pinding sél disebut protoplas. Ieu kaayaan isotonik bisa diciptakeun ku cara nambahan zat terlarut jiga sukrosa kana lingkungan sél. Sabalikna, lamun sél aya dina lingkungan hipotonik, nyaéta konsentrasi zat terlarut dina sél leuwih luhur tibatan lingkungan, cai bakal sumebar dina sél jeung bakal ngabalukarkeun rusakna sél (lisis).[2]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Pangan[édit | édit sumber]

Lisozim bisa digunakeun jadi bahan pengawet jeung antibakteri alami anu aman keur rupa-rupa produk pangan. Aktivitas antibakteri lisozim miboga mangpaat keur ngajaga produk pangan tina bakteri nu ngarusak jeung ngahalangan tumuwuhna bakteri patogén. Lisozim bisa digunakeun sacara murni atawa maké bahan tambahan salaku alternatif pikeun ngahasilkeun sinergisitas dina ngahambat jeung ngahalangan bakteri-bakteri anu asup kana produk pangan. Modifikasi lisozim perlu dilakukan keur nambahan efektivitas mangpaat ngaliwatan mekanisme kimia, termokimia, ultrafiltrasi jeung téknologi lianna. Alternatif séjén anu basajan lianna bisa bisa dilakukeun keur ngaronjatkeun aktivitas antibakteri lisozim ku cara mekanisme panas jeung enzimatis. Lisozim salaku bahan pengawet pangan bisa diaplikasikeun sacara langsung, diadumaniskeun jeung antimikroba séjén, bisa ditambahkeun kana kemasan edibel siga dina keju, sayuran, daging, lauk jeung susu.[3]

Orok[édit | édit sumber]

ASI mangrupa salah sahiji cacai anu kompléks kalayan jumlah protéin, sél, jeung komponén lainna anu loba. Balukar imunologis patali jeung kanyataan yén ASI euyeub ku faktor aktif, khususna antibodi saperti lisozim, laktoferin, jeung imunoglobulin A sekretoris (SIgA). Lisozim mangrupa énzim anu dihasilkeun ku makrofag, neutrofil, jeung épitél kelenjar pinareup, bisa mangaruhan pinding sél baktéri anu aya dina mukosa usus jeung nambahan kagiatan bakterisid imunoglobulin A sekretoris (SIgA). Lisozim bisa ogé jadi panangtu mikroflora usus orok. Lisozim lamun diitung maké satuan volume dina ASI téh 300 kali leuwih loba tibatan susu sapi. Kagiatan antimikroba lisozim anu aya dina cacai awak geus dibuktikeun sacara invitro. Waktu orok kurang séhat utamana waktu nyusu kénéh ka indung bakal ngarangsang réspon imun indung, jeung bakal ngaronjatkeun jumlah leukosit dina ASI anu mangaruhan kana gancangna kaséhatan orok. Kadar lisozim leuwih loba dina ASI orok anu kakeunaan inféksi saluran cerna dibandingkeun jeung ASI orok anu kakeunaan inféksi saluran nafas, sanajan sacara statistik teu béda jauh sacara makna. Lisozim bisa ngahalangan patogén dina saluran gastrointestinal jeung nurunkeun panyakit gastrointestinal orok anu keur nyusu kénéh ka indungna. Secara invitro, lisozim miboga peran dina ngahalangan patogén pencernaan, kaasup Listeria monocytogenes jeung Clostridium perfringens. Orok anu keur nyusu ASI miboga flora bakteri komensal anu séhat dina saluran cerna.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]