Lompat ke isi

Machjar Angga Koesoemadinata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Radén Machjar Angga Koesoemadinata (ogé sok ditulis Kusumadinata, Kusumahdinata, kusumah dinata, Anggakusumadinata; leuwih dipikawanoh na mah ku ngaran Pak Machjar atawa Pak Mahyar; gumelar di Sumedang, Hindia Walanda, 7 Desember 1902  tilar dunya di Bandung, Indonésia, 9 April 1979 dina umur 76 taun) nyaéta saurang seniman sarta musikolog Sunda. Anjeunna dipikawanoh minangka pangarang lagu-lagu Sunda, pangatik nu ngususkeun manéh kana ngamajukeun pangatikan seni-swara Sunda, panalungtik kalayan ahli téori musik Sunda, anu nyiptakeun kanayagan (sistim notasi nada) Sunda da mi na ti la sarta nu manggihan sistem 17 tangga nada Sunda.

Biografi

[édit | édit sumber]

Pa Machjar nu di masyarakat Jawa Kulon leuwih dipikawanoh seniman pencipta lagu-lagu Sunda sayaktosna mah pangatik sinareng pakar musikologi, hususna etnomusikologi anu niténan pelog jeung salendro. Pangaweruh anjeunna perkawis seni karawitan pelog jeung salendro téh kékéngingan ti waktu murangkalih kénéh dumeh guguru ka sabaraha urang juru tembang sinareng nayaga, di antawisna diajar rebab ka para nayaga ulung Pak Etjen Basara, Pak Sura jeung Pak Natadiredjo, diajar gamelan ka Pak Sai dan Pak Idi, kalayan diajar tembang ka Pak Oetje juru pantun kakoncara di Bandung.

Ngawitan Pak Machjar kenal kana métodeu sains sinareng elmu fisika sinareng elmu musik barat ogé waktu ajeunna jadi murid di sakola guru (Kweekschool jeung Hogere Kweekschool). Ku ngadasarkeun kana élmu musik barat jeung élmu fisika anu tos kalintang jero diteuleumanana, anjeunna ngayakeun pangukuran jeung panalungtikan frekuensi soanten-soanten nu aya dina rancatan gamelan jeung lagu-lagu anu dikawihkeun atawa aun digentrakeun dina rebab. Dina taun 1923 (masih kénéh di bangku sakola) anjeunna geus nyiptakan serat kanayagan (notasi nada) da mi na ti la, kalayan nyerat buku téori seni soanten Sunda anu dijudulan ‘Elmuning Kawih Sunda’. Saparantosna namatkan HKS jeung ditempatkeun jadi guru di HIS Sumedang (1924-1932), anjeunna neraskeun panalungtikanana perkawis téori seni raras.

Anu jadi titik balik penting dina karierna ajeunna minangka panalungtik téh paamprokna jeung Mr. Jaap Kunst, ahli etnomusikologi Walanda, di antawis taun 1927-1929, nu nuju ngayakeun panalungtikan seni soanten di sakuriling kapuloan Nusantara. Tah di dieu téh kajantenan ayana saling nukeur élmu, antawis élmu musik ti Jaap Kunst jeung élmu gamelan atawa pelog-salendro ti Pa Machjar. Tah dina danget ieu pisan anjeunna neuleuman langkung jero deui perkawis konsép keléter soanten sinareng cara ngukurna nganggo instrumén anu ngalibatkeun konvérsi matematikna kana sakala musik nu nganggo nilai logaritma, konsep interval cents ti Ellis (1884) sinareng Hornbostel (1920) kalayan music rule ti Reiner.

Tahun 1933,anjeunna ditugaskan ngawengku sisim pangatikan seni soanten di sakabéh sakola-sakola pribumi di Jawa Kulon kalayan nganggo sistim da mi na ti la. Dina jaman pendudukan Jepang (1942-1945) anjeunna ngawulang di sakola guru, saterasna ti taun 1945 nepi ka 1947 anjeunna jadi guru élmu alam, sajarah jeung basa Inggris di (SMP/SMA) Bandung. Saparantosna éta ajeunna diangkat jadi kapala kantor Atikan (koordinator Atikan Rendah) di Sumedang (1947-1950) anu salajéngna ditugaskeun kana pangatikan seni-soanten di sakola-sakola handap jeung menengah Jawa Kulon di Bandung (1950-1952). Salajéngna anjeunna jadi staf ahli di Jawatan Kebudayaan Jawa Kulon di Bandung. Salajéngna deui di taun 1958 (nepi ka 1960), anjeunna diangkat jadi Direktur Konservatori Karawitan (KOKAR) Bandung. Salian ti éta ajeunna téh ogé jadi dosen luar biasa kanggo ngawulang élmu akustik jeung gamelan Sunda di Konservatori Karawitan Surakarta (Ayeuna SMK Negeri 8 Surakarta) taun 1953-1960.

Anjeunna téh nikah jeung Ibu Saminah salah sawios lulusan nu pangheulana di sakola guru isteri Van Deventer di Salatiga. Aranjeunna dikarunia ku 10 urang barudak, ngan waé hanjakalna téh euweuh nu ngagugulung kasenian, nganging selobana icikibung dina widang élmu pangaweruh alam; Machjeu Koesoemadinata (alm), Kama Kusumadinata (alm, ahli volkanologi di Diréktorat Vulkanologi, Departemén Pertambangan), Ny Karlina Sudarsono (alm), dr. Soetedja Koesoemadinata (alm), Prof. Dr. R. Prajatna Koesoemadinata (guru besar emiritus dina élmu geologi ITB), Dr. Santosa Koesoemadinata (pangsiunan panalungtiki biologi di Departemen Pertanian), dr. Rarasati Djajakusumah (alm), Prof. Dr. Roekmiati Tjokronegoro, (gurubesar dina élmu kimia di Universitas Padjadjaran), Muhamad Sabar Koesoemadinata (ahli Géologi Kwarter di Pusat Penelitian dan Pengembangan Geologi), sinareng Ir. Margana Koesoemadinata (alm, ahli akustik di LIPI nusalajéngna di KLH). Nya aranjeunna téh sempat ngadegkeun Yayasan Daminatila usaha supados ngalestarikeunn karya-karya jeung pamendak hasil panalungtikan Pa Machjar.

Pamendak sinareng Hasil Karya

[édit | édit sumber]

Minangka seniman pangarang lagu, Pa Machjar nyiptakan lagu-lagu Sunda sapertos Lemah Cai, Dewi Sartika, Sinom Puspasari, atawa ngadangding lagu-lagu Sunda traditional kalayan nyeratkeunnana nganggo notasi da mi na ti la. Minangka seniman anjeunna ogé ngadangding sandiwara kalayan ngamimitian Gending Karesmen (opera Sunda) nu disebat anjeunna Rinenggasari sinareng karya-karyana di antawisna Sarkam Sarkim (1926), Permana Permana Sari (1930), Sekar Mayang (1935), Trésnawati (1959) jeung Iblis Mindo Wahyu (1968).

Minangka ahli téori musik, hususna di widang Pelog jeung Salendro, anjeunna ngaformulasikan sistim notasi da mi na ti la kanggo lagu-lagu Sunda, nalungtik kalayan nyerat perkawis téori seni raras dan gamelan di antawisna Ringkesan Pangawikan Rinengga Swara (1950), Ilmu Seni Raras (1969) sinareng ogé buku lagu-lagu Sunda. Babarengan jeung Mr. Jaap Kunst anjeunna ogeh loba ngahasilkeun tulisan (publikasi) perkawis téori musik gamelan. Dina antawis hasil panalungtikan sinareng pangciptaan dari Pa Machyar téh gamelan éksperimental nganggo 9-tangga nada (1937) kanggo pelog jeung gamelan 10-tangga nada kanggo salendro (1938), ngan waé kaduana téh laleungitan waktu jaman (1942-45). Lian ti nyiptakeun gamelan monumental Ki Pembayun, anjeunna ogé nyiptakeun gitar akustik 17 tangga nada.

Sumbangan anjeunna pangageungna téh ayana dina hasil panalungtikan anu saleres-leresna sifatna ilmiah anu nuju ka universalitas (unified théory) seni soanten nyaéta téori 17 tangga nada Sunda (1950) di mana hiji oktaf diwengku ku 17 interval nu sami di 70 10/17 cents, ti mana tiap nada setiap laras (tangga nada) Sunda téh bisa dicandak. Ieu modél téh sifatna universal ku lantaran ngagaduhan nada-nada anu lengkep pisan jeung bisa digentrakeun kanggo ngiringkeun lagu-lagu dina mangrupi-rupi tangga nada.

Dina panalungtikanna anjeunna ngagunakan alat ukur keleter soanten monochord anu di damelna dibantu ku tukang kecapi jeung nayaga ulung Pak Idi. Ieu alat téh dijangkepan ku skala keleter (frekuensi) nu ku alpukahna Mr. Jaap Kunst kenging ti laboratorium musikologi di Europa. Unggal-unggal monochord téh badé dipaké sateu-acanna anjeunna ngakalibrasikeun heula kana garpuh soanten anu keleterna tos baku (660 hz). Ieu alat téh nyatana cekap akurat, nepi ka dipaké ogé ku pakar-pakar musikologi sepertos Prof. Collin McPhee ti Amerika Serikat jeung C. Campagne, direktur sakola musik di Bandung. Alat monochord ieu téh mangrupi alat utami Pa Machjar nu dicacandak ka mana-mana waktu ajeunna ngayakeun panalungtikan perkawis Pelog Salendro nepi ka pupusna.

Ki Pembayun

[édit | édit sumber]

Ku alpukahna kalayan bantuan ti Industri Pariwisata P.D. Provinsi Jawa Barat, anu disesepuhan ku R.A. Sjukur Dharma Kesuma, di taun 1969 Pa Machjar nyiptakan gamelan anu dinamian ‘Ki Pembayun’ (hartosna si cikal) jeung nu mangrupa gamelan pangageungna nu kungsi aya di Indonésia. Ieu gamelan téh diwangun kanggo ngawujudkeun kependakna téorinya sistim 17 tangga nada. Sanés waé Laras Salendro, Madénda, degung, Kobongan Mataraman, waé anu bisa digentrakeun dina ieu gamelan téh, nanging lagu-lagu nu tangga nada musik Barat ogé bisa dimaénkan ngaggo ieu gamelan téh.

Peupeuriheun gamelan Ki Pembayun téh hésé dimaénkeunana ku lantaran mangrupi hal anu teu umum jeung meryogikeun waktu nu lami kanggo latihanana, nanging kanggo bahan kajian mah ku ayana ieu gamelan téh penting pisan. Na da teu sakedik para panalungtik ti nagara lain nu kagum ku munculna ieu gamelan téh. Nurutkeun ahli etnomusikologi Andrew Weintraub (2001), munculna gamelan sorog nu ayeuna ayeuna mekar, pada dasarna mah mangrupa pangaruh ti gamelan Ki Pembayun. Ngan waé hanjakal pisan gamelan Ki Pembayun téh saterasna mah leungit raib. Hiji-hijina patilasan anu ayeuna aya kénéh téh bisa jantén ngan potrét jeung gentra ieu gamelan anu masih bisa kajeprét jeung direkam ku Dr. Margaret Kartomi, profesor musik di Monash University, Australia.

Pangajén

[édit | édit sumber]

Di antawis pangajén-pangajén anu ditampi ajeunna téh mangrupi penghargaan pang luhurna di widang budaya; nyaéta Piagam Anugrah Seni, minangka ahli jeung pangweku téori Karawitan Sunda ti Menteri Atikan dan Kebudayaan (17 Agustus 1969), pangajén pencipta lagu rampak sekar Ibu Dewi Sartika (4 Desember 1975), sinareng pangajén ti Ikatan Seniman Sunda (9 Mei 1959).

Rujukan

[édit | édit sumber]
  • Ajip Rosidi (ed), 2000, Mahjar Angga Kusumadinata: Ensiklopdi Sunda - Alam, Manusia dan Budaya (termasuk budaya Cirebon dan Betawi), Pustaka Jaya, Jakarta, hal, 390
  • Ellis, Alexander J., 1885, On the musical scales of various nations: Journal of the Soc. of Arts, p. 487
  • Heri Herdini, 2002, Radén Machjar Angga Koesoemadinata Pikiran Aktivitas Dan Karya, Universitas Gadjah Mada Yogyakarta, 271 hal.
  • Heri Herdini, 2002, Radén Machyar Angga Koesoemadinata, Sosok Manusia idéal. Pikiran Rakyat, kolom khasanah
  • Heri Herdini, 2002 Gamelan Ki Pembayun, Bukti Sejarah yang Hilang Tanpa Jejak. Pikiran Rakyat, kolom khasanah
  • Hood, Mantle, 1954, Patet in Javanese Music, J.B Wolters-Groningen-Djakarta, 323p.
  • Hornborstel, Erich M. von, 1921, Eine tafel zur Logarithmischen Darstelung von Zahlenverhaltnissen; Z. f. Physik, VI, p. 29
  • Koesoemadinata, R.M.A, 1940, Ringkesan Elmoening Kanajagan, Tjitakan ka-1, Departement O. & E.,Weltevreden
  • Kunst, Jaap en R.M. A Koesoemadinata, 1930, Een en ander over Pelog en Salendro; Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkenkunde, LXIX (1929-30), p. 320-352,
  • Kunst, Jaap, 1934, De toonkunst van Java, Deel I en Deel II, Gravenshage, Martinus Nijhoff, 519p.
  • Kusumadinata, R.M.A, 1950, Ringkesan Pangawikan Rinenggaswara (Ringkesan elmuning kanajagan), Pelog 9 raras, Salendro 15 raras dan Salendro 17 raras, Noordhoff Kolf NV, Djakarta
  • Kusumadinata (Koesoemadinata), R.M.A, 1969, Ilmu Seni Raras; Pradnja Paramita, Djakarta, 139p.
  • Priadi Dwi Hardjito, 1983, Etnomusikologi Filsafat Nada, ASTI
  • Sutardjo A. Wiramiharja, 2009, Ngadegung Ku Gitar, Kenapa Tidak?, Pikiran Rakyat (Sabtu 18 Juli 2009).
  • Weintraub, Andrew N., 2001, Instruments of Power: Sundanese “Multi-Laras” Gamelan in New Order Indonésia, Ethnomusicology vol. 45, No 2society for Ethnomusicology, Publish University of Illinois Press, page 197-227.
  • Weintraub, Andrew N., 2001, Koesoemadinata, Radén Machjar Angga, The New grove Dictinioary of Music and Musicians, 2 nd ed, edited by Stanley Sadie, Volume 13, Grove, Page 735-736.
  • Weintraub, Andrew, N. 2004, Power Plays: Wayang Golek Puppet Théater of West Java, (page 134), Ohio University Press,, 320 pages.

Rujukan ti luar

[édit | édit sumber]
  1. Historical evidence for a nearly equidistant 9-tone gamelan pelog in Java Archived 2009-05-11 di Wayback Machine
  2. Historical Precedents: The work of Machjar Koesoemadinata and Sapa’at Suwanda
  3. Gitar Ermak 17 Archived 2008-04-16 di Wayback Machine