Makam Mama Sempur
Makam Mama Sempur nyaéta salah sahiji makam karamat nu lokasina aya di Désa Sempur, Kecamatan Pléréd, Kabupatén Purwakarta. Mama Sempur miboga ngaran asli Syékh Tubagus Ahmad Bakri. Ngaran Mama asalna ti Rama atawa Romo dina basa Jawa. Masarakat Sunda biasa nyebat Mama pikeun kiai atawa ajengan.[1]
Mama Sempur
[édit | édit sumber]Mama Sempur gumelar di Désa Citéko dina taun 1839 Maséhi atawa 1259 Hijriyah, anjeunna putra kahiji ti KH Tubagus Sayida sarta incuna KH Tubagus Arsyad.[1] Desa Citéko dina zaman baheulana the kaasup wilayah Gandasoli, Kabupatén Cianjur, Karésidenan Priangan.[2]
Mama Sempur boga ngaran lengkep Al-‘Aalim Al-‘Allaamah Al-Faqiih Ash-Shuufi Asy-Syaikh Al-Haajji Tubagus Ahmad Bakri bin Tubagus Sayida as-Sampuri al-Faliridi al-Jawi asy-Syafi’i.[2]
Salah sahiji guru Mama Sempur nu utama nyaéta Al-Imaam Al-‘Allaamah Asy-Syékh Muhammad Nawawi bin Umar al-Jawi al-Bantani at-Tanari asy-Syafi’I anu mazhabna Syafi’i. Élmu nu dipikaresep ku Mama Sempur diantawisna nyaéta élmu tauhid, fiqih, nahwu, sharaf, hadis jeung tafsir alquran.[2]
Mama Sempur ngadegkeun Pondok Pesantrén As-Salafiyyah dina taun 1911 di Sempur anu baheulana kaasup wilayah Pléréd, Darangdan, Afdeeling Poerwakarta (Karawang), Résidén Batavia, Provinsi Jawa Barat.[2]
Ramana Mama Sempur salaku ulama sarta prajurit anu getol ngalawan pamaréntah kolonial Walanda. Sapertos putra-putra kiai nu séjén, Mama Sempur meunang élmu lolobana ti ramana, lain ti sakolaan. Mama Sempur diajar éelmu alquran jeung Islam sacara luas.
Ku sabab KH Tubagus Syaida tos ngarasa cukup ngajarkeun putrana, anjeunna nitah Mama Sempur diajar nepi ka Mekah. Di Mekah, Mama Sempur diajar élmu tafsir ku Sayyid Ahmad Dahlan, anu kaasup salah sahiji ulama ageung anu mazhabna Syafi’I, diajar ogé élmu fikih ku ulama Nusantara di Mekah nyaéta Syekh Nawawi Banten. Guruna nu séjén diantawisna Syékh Mahfudz Térmas, Syékh al Habib Utsman bin Abdulloh bin Aqil bin Yahya Mufti, Syaikh Kholil bin Abdul Lathief, KH. Soléh Darat Semarang.
Balik ti Mekah, Mama Sempur ngadegkeun pesantrén anu disebat pesantren pangkolotna di daérahna.
Mama Sempur maot dinten Senén 1 Désémber 1975 (yuswa 140 taun), dimakamkeun di Désa Sempur, Kecamatan Pléréd, Kabupatén Purwakarta.[2]
Makam Mama Sempur kiwari
[édit | édit sumber]Makam Mama Sempur sok didatangan ku masarakat anu rék ziarah unggal 27 Dzulqaidah dina dinten maotna. Makamna aya di gigireun Pondok Pesantrén Salafiah di Desa Sempur. Masarakat anu daratang lolobana di Jawa Barat sapertos Cianjur, Cirebon, Indramayu, Tasik, Subang, Bandung, Karawang, Cikampék. Sok aya oge anu daratang ti Banten, Jakarta, jeung aya ogé anu ti Makassar.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 Liputan6.com. "Ziarah ke Makam Mama Sempur, Keturunan Rasulullah SAW di Purwakarta". liputan6.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-10. Pemeliharaan CS1: Nama numerik: authors list (link)
- 1 2 3 4 5 "K.H. TB. Ahmad Bakri As-Sampuri Al-Falaridi Al-Jawi (MAMA SEMPUR)". Dinas Arsip dan Perpustakaan Kabupaten Purwakarta (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-08-10.
- ↑ Online, ANSOR JABAR. "Ribuan Penziarah Terus Banjiri Acara Haul Mama Sempur Plered Purwakarta | Ansor JABAR Online" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-08-10.