Lompat ke isi

Makam Syékh Maulana Maghribi Cirebon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Makam Syékh Maulana Maghribi Cirebon kaasup salah sahiji cagar budaya anu aya di Kampung Astanagarib, Kelurahan Pekalipan, Kota Cirebon.[1] Syékh Maulana Maghribi kaasup salah sahiji inohong anu nyebarkeun ajaran Islam.[2]

Syékh Maulana Maghribi

[édit | édit sumber]

Bapana Syékh Maulana Maghribi nyaéta Syékh Maulana Jatisura nu asalna ti Andalusia atawa Spanyol, jeung kaasup turunan ti Rasulullah SAW nu ka-22.[2]

Anjeunna nyebarkeun ajaran Islam babarengan Syékh Datuk Kahfi jeung Sunan Gunung Jati.[3]

Syékh Maghribi maot dina taun 1506. Nepi ka ayeuna, makamna mindeng didatangan ku nu rek ziarah, utamana dinten jumaah kliwon pikeun tawasulan.[2]

Kaayaan makam

[édit | édit sumber]

Dina sabudeureun makam, aya dua lapis tembok beureum, dina salah sahiji sisina aya symbol tarékat anu mangrupa tilu lauk anu miboga hiji sirah, atawa disebat oge “iwak telu sirah sanunggal” dina basa Cirebon. Dina dingdingna aya keramik Cina kalawan motif nu rupi-rupi.[2]

Di bagéan gerbang asup makam, aya tulisan kaligrafi Arab jeung keramik Cina dina sisi kénca jeung katuhu.[2]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. Labibinajib, Fahmi. "Melihat Makam Penyebar Islam Syekh Maulana Maghribi di Cirebon". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-12.
  2. 1 2 3 4 5 Labibinajib, Fahmi. "Kisah Penyebar Agama Islam Syekh Maulana Maghribi di Cirebon". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-31.
  3. Redaksi, Tim. "Makam Bersejarah Di Tengah Pemukiman – Video – Radar Cirebon Televisi". www.radarcirebon.tv (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-12.