Makam Syah Bandar Purwakarta

Makam Syah Bandar nyaéta makam salah saurang pesilat anu kasohor ti Padang anu miboga ngaran Muhammad Kosim. Anjeunna ngumbara nepi ka Pulau Jawa pikeun diajar élmu bela diri penca silat. Ti mimiti, anjeunna dongkap ka Désa Syah Bandar, Karang Tengah, Kabupatén Cianjur, tuluy nikah jeung salah saurang pameget anu asalna ti Desa Wanayasa, Purwakarta. Saatos ti eta, Syah Bandar getol ngajarkeun elmu silat ka masarakat. Élmu silatna nyaéta campuran élmu ti Padang jeung Sunda.[1]
Kahirupan Syah Bandar
[édit | édit sumber]Syah Bandar gumelar di Pagaruyung, Sumatra Kulon dina taun 1766.[2]
Ti Cianjur, kungsi dongkap di Sindang Kasih, tuluy ka Wanayasa. Anjeunna ngalih ka Wanayasa ku sabab ngikutkeun saran ti Radén Jibja, salah saurang guru silatna sakaligus ogé babaturanana. Anjeunna nikah jeung rai Radén Jibja anu ngarana Nyi Raden Kendan atawa nu kasohor disebat Éyang Bubu.[2]
Jawara silat
[édit | édit sumber]Élmu silatan anu kasohor diajarkeun ku Syah Bandar nyaéta Persilatan Jurus Lima nyaéta Léngkah Opat, Leumpang Lima, Gerak Opat Kalima Pancer, Gerak Asror, jeung Gerak Panca Tunggal. Élmu silatna disebat ogé Ulin Wanayasa anu maknana yén élmu ieu ngan aya di Désa Wanayasa, beda jeung élmu silat ti daerah nu séjén.[2]
Syah Bandar maot taun 1880 dina yuswa 114 taun. Dimakamkeun di gigireun makam pamajikanana.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Melihat Makam Keramat Mamak Syahbandar, Guru Silat dari Padang yang 'Kesasar' di Purwakarta". Tribunjabar.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-10.
- 1 2 3 4 "Eyang Syahbandar, Pendekar Asal Pagaruyung yang Disegani di Tatar Pasundan". SINDOnews Daerah (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-10.