Lompat ke isi

Malahayati

Malahayati
Lukisan Laksamana Malahayati
Born01 Januari 1550
Aceh Besar, Kesultanan Aceh
Died30 Juni 1606 (yuswa 56)
Tanjung Krueng Raya, Kesultanan Aceh
Buried
Krueng Raya, Lamreh, Aceh Besar
5°35′28.9″N 95°31′40.3″E / 5.591361°N 95.527861°E / 5.591361; 95.527861
AllegianceKesultanan Acéh
Service/branchInong Balee
Years of service1585–1606
Battles/wars
AwardsPahlawan Nasional Indonesia

Malahayati atawa Keumalahayati atawa Laksamana Malahayati (gumelar 1550 - pupus 1606), nyaéta pahlawan ti Acéh anu dipikawanoh sangkan mingpin pasukan laut nalika perang ngalawan Walanda di abad ka-16. Anjeunna miboga peran kalayan penting dina pertahanan Acéh. Anjeunna berhasil ngabuburak serangan-serangan Walanda di wilayah laut Acéh sarta ngabunuh Cornelis de Houtman dina duél hiji lawan hiji.[3]

Kahirupan awal

[édit | édit sumber]

Malahayati gumelar di Acéh Besar taun 1550. Anjeunna masih patali kulawargi jeung Sultan Acéh, kukituna ti keur leutik kénéh anjeunna meunang atikan istana. Bapak jeung akina ngabakti di Kasultanan Acéh salaku Panglima Angkatan Laut. Ti dinya, anjeuna mimiti meunang sumanget kalautan anu tuluy nuturkeun bapak jeung akina asup ka atikan militer angkatan laut di Akademi Baitul Maqdis.[3]

Perjuangan

[édit | édit sumber]

Malahayati ngadirikeun Inong Balee, nyaéta pasukan perang mimiti anu kabéh tangtarana wanoja. Jumlah pasukan ieu nepi ka 2.000 jalma, anu lolobana téh randa ti prajurit anu tilar dunya nalika perang ngalawan Portugis.[4]

Ku miboga pangaweruh jeung kamampuan ti meunang atikan di Mahad Baitul Maqdis, Malahayati ngalatih Inong Balee jadi pasukan tempur. Sultan Acéh tuluy ngadaulat anjeunna jadi panglima armada laut atawa laksamana. Anjeunna jadi wanoja pertama di dunya anu miboga jabatan éta.[4]

Salian ti kitu, Sultan ogé ngabekelan pasukan Inong Balee 100 unit kapal perang badag anu séwang-séwang kapasitasna nepi ka 400 pasukan. Pasukan ieu tuluy loba kalibat peperangan ngalawan Portugis jeung Walanda.[4]

Pangajén

[édit | édit sumber]

9 Novémber 2017, Malahayati ditetapkeun janten Pahlawan Nasional ku Présidén Joko Widodo liwat Keputusan Presiden RI Nomor 115/TK/Tahun 2017. Salian ti éta, wasta anjeunna ogé dijadikeun ngaran salah sahiji kapal perang Tangtara Nasional Indonésia Angkatan Laut sarta jadi ngaran hiji palabuan di Désa Lamreh Krueng Raya, Aceh.[5]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Pewara, Adi (1991). Malahayati (Dina basa Indonesia). Karya Anda, Surabaya. hlm. 10–14.
  2. "Kisah Hidup Laksamana Malahayati" (Dina basa Indonesia). tengkuputeh.com. 2018.
  3. 1 2 "Profil Laksamana Malahayati, Pahlawan Nasional Perempuan yang Memimpin Pasukan Laut Aceh". Tempo (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.
  4. 1 2 3 Rosa, Nikita. "Profil Keumalahayati: Laksamana Perempuan Pertama Dunia-Dikenang UNESCO". detikedu (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.
  5. Media, Kompas Cyber (2024-07-15). "Biografi Laksamana Malahayati, Laksamana Perempuan Pertama di Dunia". KOMPAS.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.