Lompat ke isi

Margono Djojohadikoesoemo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Margono Djojohadikoesoemo
Ketua Dewan Pertimbangan Agung Sementara ke-1
Masa jabatan
25 September 1945  6 November 1945
Présidén Soekarno
Sanggeusna Raden Aria Adipati Wiranatakoesoema V
Direktur Bank Negara Indonesia ke-1
Masa jabatan
5 Juli 1946  Oktober 1953
Sanggeusna Abdoel Kareem Pringgodigdo
Katerangan lian
Gumelar 16 Méi 1894
Banyumas, Hindia Belanda
Pupus 25 Juli 1978 (yuswa 84)
Jakarta, Indonesia
Pasaréan Banyumas, Jawa Tengah
Partéy pulitik Parindra
Pameget/istri Siti Katoemi Wirodihardjo (m. 1915)[1]
Murangkalih 5, termasuk Soemitro, Soekartini, Soebianto, Soejono
Pagawéan
  • Politikus
  • bankir
Margono Djojohadikusomo (diuk di katuhu), Siti Katoemi Wirodihardjo (diuk di tengah), ogé putu-putuna tayalian Hashim (diuk di tengah), Prabowo (nangtung sisi katuhu) katut dua dulur awéwéna Prabowo dina taun 1963 di Kuala Lumpur

Margono Djojohadikoesoemo, (gumelar di Banyumas, 16 Mei 1894  tilar dunya 25 Juli 1978 dina umur 84 taun) nyaéta saurang ékonom jeung bankir kalawan jadi direktur utama anu munggaran di Bank Negara Indonesia. Anjeuna téh séké sélér ti Raden Joko Kahiman tayalian anu ngadegkeun Kabupatén Banyumas, sarta kapeto jadi Bupati Banyumas anu munggaran. Margono ogé dipikawanoh salaku bapak perbankan nasional alatan kontribusina anu gedé dina ngamekarkeun séktor perbankan di Indonésia .[2] Margono téh anu tayalian ramana ti ekonomi Indonésia, Soemitro Djojohadikoesoemo, katut dua pamuda anu gugur perlaya dina kajadian Patempuran Lengkong, nyaéta Soebianto Djojohadikoesoemo katut Soejono Djojohadikoesoemo.[3] Pikeun miéling ka duanana ngaran aranjeuna satuluyna diabadikeun dina ngaran putuna, tayalian Prabowo Subianto, katut Hashim Sujono Djojohadikusumo. Margono Djojohadikoesoemo anu gumelar dina kaping 16 Méi 1894 di Banyumas, tayalian buyutna ti Raden Tumenggung Banyakwide sarta leuwih dipikawanoh ku sebutan Panglima Banyakwide, anu tuhu tur satia ka Pangeran Diponegoro saterusna diangkat jadi Bupati Roma (ayeuna Karanganyar, Kebumén) kalayan gelar Raden Tumenggung Kertanegara IV. Ogé anak ti asistén Wadana Banyumas. Manéhna tuluy sakola di Europeesche Lagere School (ELS) Banyumas, hiji Sakola Dasar dijaman kolonial Walanda di Banyumas, ti mimiti taun 1900 nepi ka 1907. [4]

Biografi

[édit | édit sumber]

Margono gumelar dina kaping 16 Méi 1894 di Banyumas. Ramana kuanjeun asalna ti golongan kaum priyayi anu ngajadi pagawé pamaréntah kolonial Walanda. Séké sélér kulawarga anjeunna ningrat anu kungsi perang ngalawan Walanda nalika lumangsungna Perang Jawa.[5] Margono ngagambarkeun kulawargana salaku bangsawan anu "kurang kaboga". Anjeuna budak anu ka genep, hanjakal kabéh lanceuk-lanceukna tilar dunya nalika masih leutik kénéh.[6] Numutkeun Margono, anjeunna henteu kungsi ngajugjug pajaratan karuhunna alatan henteu daék ngaku salaku katurunana sabab digawé ka bangsa Walanda. Inyana mimiti diajar di Europeesche Lagere School (sakola dasar kolonial) dina taun 1901, sabadana lulus dina taun 1907 anjeuna nuluykeun maguron di Opleiding School Voor Inlandsche Ambtenaren (OSVIA; sakola pagawé nagri) di Magelang nepi taun 1911.[5]

Margono ngamimiti digawé di hiji lembaga keuangan kolonial Volkscredietwzen (Jawatan Kredit Rakyat) dina taun 1917 salaku pagawé biasa.[7] Satuluyna, dina taun 1926, Margono diaku salaku salah sahiji ti tujuh bumiputra munggaran anu hasil meunang kalungguhan penting di jero éta institusi. Sabada leuwih ti dua dékade digawé di Volkscredietwzen, anjeunna mibanda pamanggih ngeunaan pentingna lembaga keuangan anu ngabela kapentingan rahayat, konsép inklusi keuangan, sareng perluna aksés kredit pikeun bumiputra. Ieu pamadegan anu engkéna jadi tatapakan ngadegna Bank Negara Indonesia.

Pupuhu DPAS

[édit | édit sumber]

Sapoé sabada diistrénan Soekarno jeung Hatta ngajadi Présidén jeung Wakil Présidén, diadegkeun Kabinét Presidentil sarta Dewan Pertimbangan Agung Sementara (DPAS). Salaku Pupuhu DPAS anu munggaran nyaditunjuk waé R.M. Margono Djojohadikusomo.[8]

Bank Negara Indonésia

[édit | édit sumber]

Salaku Pupuhu DPAS, Margono ngajengkeun supaya diadegkeun hiji Bank Séntral atawa Bank Sirkulasi saperti anu dimaksud dina UUD '45. Soekarno sarta Mohammad Hatta saterusna maparin pancén (mandat) ka Margono pikeun ngararancang sarta ngalaksanakeun tatahar ngadegkeun Bank Séntral (Bank Sirkulasi) Nagara Indonésia dina ping 16 Séptémber 1945 Dina ping 19 Séptémber 1945, sidang Dewan Menteri Republik Indonesia mutuskeun pikeun ngadegkeun hiji bank milik nagara anu boga pancén salaku "Bank Sirkulasi" pikeun mata uang Républik (Oeang Republik Indonesia/ORI). Wekasna, dina ping 15 Juli 1946, wedal Perppu nomer 2 taun 1946 ngeunaan diadegkeunana Bank Negara Indonesia, sarta diangkatna R.M. Margono Djojohadikusomo salaku Diréktur Utama Bank Negara Indonesia (BNI) Ahirna dina ping 15 Juli 1946, medal Perpu nomer 2 taun 1946 ngeunaan pangadegan Bank Negara Indonésia, sarta dilinggihkeunana R.M. Margono Djojohadikusomo janten Direktur Utama Bank Negara Indonesia (BNI).[9] Dina poé-poé munggaran mingpin BNI, dua putra Margono, nyaéta Subianto jeung Sujono, gugur dina kajadian Patempuran Lengkong di Tangerang tanggal 25 Januari 1946. Kalungguhan BNI janten bank séntral sareng bank sirkulasi lekasan dina ping 1 Juli 1953, nalika bank séntral jaman kolonial Hindia Walanda, De Javasche Bank, dirobah janten Bank Indonésia.

Dina taun 1970, status hukum Bank Negara Indonésia dirobah jadi perséro.

Hak angkét

[édit | édit sumber]

jmpl|Potret Margono salaku Anggota DPR, 1950 Dina sajarah ketatanagaraan Indonésia, 'Hak Angket' munggaran digunakeun ku DPR dina taun 1950-an. Perkarana dimimitian tina usul résolusi ku R.M. Margono Djojohadikusomo sangkan DPR ngayakeun 'Hak Angket' kana usaha meunangkeun dévisa jeung cara ngagunakeun éta dévisa.

Panitia angket anu saterusna diadegkeun téh anggotana 13 urang sarta dipupuhuan ku Margono. Pancénna nyaéta nalungtik untung-rugina mertahankeun rézim dévisa dumasar kana Undang-Undang Pengawasan Devisen taun 1940 sarta parobahan-parobahanna. [10][11]

Tilar dunya

[édit | édit sumber]

R.M. Margono Djojohadikusomo pupus dina ping 25 Juli 1978 di Jakarta, sarta dipetakéun di pajaratan kulawarga di Dawuhan, Banyumas, Jawa Tengah.[12]

Pangajén

[édit | édit sumber]

Gedung R.M. Margono Djojohadikusumo di Universitas Gajah Mada dingaranan luyu sareng nami anjeunna. Nami R.M. Margono Djojohadikusumo ogé diabadikeun janten nami jalan di Jakarta. Lalakon hirupna janten inspirasi kanggo ngadamel film Merah Putih.[13] Teu sapertos anu ditempp ku seueur jalmi, nami Rumah Sakit Margono anu perenahna di Purwokerto, Banyumas, Jawa Tengah téh sanés asalna tina nami R.M. Margono Djojohadikusumo, nanging eta asalna tina nami Margono Sukarjo. Margono Sukarjo téh mangrupikeun dokter ahli bedah munggaran di Indonesia.[14]

Bibliografi

[édit | édit sumber]
  • (nl) R.M. Margono Djojohadikusomo (1941) "Tien jaren cooperatie-voorlichting vanwege de overheid 1930-1940", Batavia: Volkslectuur
  • (id) R.M. Margono Djojohadikusomo (1946) "Kenang-kenangan dari tiga zaman : Satu Kisah Kekeluargaan Tertulis ", Jakarta: Indira
Buku memoar yang ditulis langsung oleh Margono
  • (en) R.M. Margono Djojohadikusomo (1969) "Reminiscences from three historical periods a family tradition put in writing", Jakarta: Indira
  • (id) R.M. Margono Djojohadikusomo (1975) "Catatan-catatan dari lembaran kertas yang kumal DR. E.F.E. Douwes Dekker (DR. Danudirja Setiabudi), seorang yang tak gentar menjunjung tinggi suatu cita-cita hidup kemerdekaan politik Indonesia", Jakarta: Bulan Bintang
  • (id) Sugiarta Sriwibawa (1994) "100 tahun Margono Djojohadikusomo", Jakarta: Pustaka Aksara
  • (id) Jimmy S Harianto, HMU Kurniadi (2025) "Margono Djojohadikusumo : Pejuang Ekonomi dan Pendiri BNI 46", Jakarta : Penerbit Buku Kompas
Menggunakan sumber utama putri Margono, Sukartini Silitonga Djojohadikusumo (106) dan cucunya, Mitra Vinda Silitonga. Epilog buku ditulis oleh Savitri Prastiti Scherer, cucu Margono dari anak ketiganya, Miniati Wahyudi Djojohadikusumo.

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Handoko. "Margono Djojohadikoesoemo". Ensiklopedia Sejarah Indonesia — Kemendikbud. Diarsipkeun ti asli tanggal 9 Maret 2025. Diaksés tanggal 25 April 2025. Archived 9 Maret 2025 di Wayback Machine
  2. jatimupdate.id (2025-04-01). "Salam Kolaborasi Seruling Mas untuk RM Margono Pahlawan Nasional". jatimupdate.id - Informasi Berita Jawa Timur (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-04-01.
  3. "Monumen Lengkong: Saksi Bisu Darah Pejuang Kemerdekaan". Diarsipkeun ti asli tanggal 2013-02-27. Diaksés tanggal 2013-01-16.
  4. "Menjadi Indonesia", halaman 541.
  5. 1 2 Tokoh-tokoh Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (Dina basa Indonesia). Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Direktorat Sejarah dan Nilai Tradisional, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Sejarah Nasional. 1993. hlm. 75–77.
  6. Purdey, Jemma (September 2016). "Narratives to power: The case of the Djojohadikusumo family dynasty over four generations". South East Asia Research. 24 (3): 369–385. doi:10.1177/0967828X16659728. S2CID 151698429.
  7. Dimas Waraditya Nugraha (9 Agustus 2025) "Margono Djojohadikusumo dan Fondasi Ekonomi Republik" Kompas. hal 13
  8. "Proses Akuntansi Pada Sistem Boss On-Line di PT. Bank Negara Indonesia (Persero) Tbk.", bab II – halaman 6. Archived 2016-03-04 di Wayback Machine
  9. "Posisi dan Peranan Bank Negara Indonesia" (PDF). Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 2011-10-19. Diaksés tanggal 2011-11-29. Archived 2011-10-19 di Wayback Machine
  10. Angket, Ungkit, dan Target.
  11. Nasib Hak Angket DPR.[tutumbu nonaktip permanén]
  12. Meninggal Dunia. Majalah Tempo (5 Agustus 1978).
  13. Film Indonesia – “MERAH PUTIH”.
  14. RSUD Prof. Dr. Margono Soekarjo Purwokerto

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]

Citakan:S-govCitakan:S-bus

Saméméhna
jabatan baru
Ketua Dewan Pertimbangan Agung
25 September 1945 – 6 November 1945
Sanggeusna
R.A.A. Wiranatakoesoema V
Saméméhna
jabatan baru
Direktur Utama Bank Negara Indonesia
19461953
Sanggeusna
Abdul Karim

Citakan:Direktur Utama Bank Negara Indonesia

Citakan:Prabowo Subianto

[[Kategori:Inohong Jawa]