Maria
| Bunda Maria | |
|---|---|
Lukisan Madonna del Rosario mangrupakeun salah sahiji Ikon pang kolotna Bunda Maria di Kota Roma | |
| Gumelar | Dina taun 18 SM di Kakaisaran Romawi |
| Tilar dunya | Dina taun 48 M [1] or [2] (72 tahun)[3] di Kota Yerusalem, Provinsi Yudea, Kakaisaran Romawi .[4][5] |
| Pasangan | Santo Yusuf |
| Anak | Yésus Kristus |
| Kolotna | Santo Yoakim dan Santa Anna |
Maria (basa Aram: מרים; Yunani: Μαριαμ; Arab: مريم) téh indungna Isa Almasih nurutkeun Alkitab Perjangjian Anyar, sarta indung Nabi Isa nurutkeun Al-Qur’an. Dina kapercayaan Katolik jeung sababaraha golongan Karésten séjénna saperti Ortodoks jeung Protéstan, Bunda Maria téh saméméhna tunangan lajeng jadi pamajikan Yusuf.
Numutkeun sumber non-kanonik, kolotna Maria nyaéta Santo Yoakhim jeung Santa Anna. Dina Kitab Talmud disebutkeun yén bapana Maria ngaranna “Heli” atawa “Eli”, sakumaha anu kacatet dina Kitab Lukas.[6] Sedengkeun nurutkeun Al-Qur’an, bapana Siti Maryam nyaéta Imran, anu ngaranna ogé disebut dina surat Ali Imran.Umat Karésten percaya yén Maria, anu waktu harita masih kénéh parawan, meunang béja ti Malaikat Jibril yén manehna bakal ngandung saurang juru salamet, nyaéta Isa Almasih putra Allah anu sumping ka dunya pikeun nebus dosa umat manusa.
Gelar-gelar Bunda Maria
[édit | édit sumber]Gelar anu pang mindeng kadéngé pikeun Bunda Maria nyaéta “Santa Maria” jeung “Theotokos”. Duanana geus ditetepkeun dina Konsili Ekumenis Katilu di Kota Efesus dina taun 431 Masehi. Dina harti téologisna, gelar éta nétélakeun yén Isa Almasih téh lengkep minangka Allah sarta lengkep minangka manusa. Dua sipat Isa — Ilahi jeung Insani — ngahiji dina hiji pribadi anu tunggal.[7]
Salian ti éta, Bunda Maria ogé miboga sababaraha gelar séjén, saperti “Bunda Nu Pinuh Karunya” (Mater Misericordiae). Gelar “Maria Bunda Allah” (Theotokos) diperingatkeun unggal tanggal 1 Januari, “Maria Narima Warta Kabungahan” unggal 25 Maret, “Maria Nu Diangkat ka Sawarga” (Maria Assumpta) dina 15 Agustus, jeung “Maria Nu Dikonci Tanpa Dosa” (Maria Immaculata) dina 8 Désémber.[7]
Kahirupan
[édit | édit sumber]Maria cicing di Kota Nazaréth. Kolotna, nyaéta Yoakhim jeung Anna, geus ngajodokeun Maria jeung Yusuf anu asalna ti kulawarga Daud. Dina hiji poé, Malaikat Gabriel nyampeurkeun ka Maria pikeun ngawartakeun yén manéhna bakal jadi indung ti Al Masih anu geus dijangjikeun ku Gusti Allah, ngaliwatan mujijat Roh Suci. Waktu Yusuf ngadéngé béjana ngeunaan kakandungan Maria tina impian anu dibikeun ku Malaikat Gabriel, manéhna kacida reuwasna. Tapi malaikat éta ngingetan sangkan Yusuf ulah sieun pikeun narima Maria jadi pamajikanana. Yusuf tuluy nurutan paréntah éta sarta ngalaksanakeun upacara perkawinan nurutkeun adat istiadat waktu harita.
Maria ogé baraya jeung Elisabeét. Malaikat Gabriel ngawartakeun yén Élisabét, anu saméméhna teu bisa boga anak, ayeuna geus kakandungan. Sanggeus ngadéngé béja éta, Maria buru-buru nganjang ka Élisabét anu cicing di kota Yuttah, wewengkon Yudéa. Sababaraha waktu ti harita, Kaisar Tibérius ngaluarkeun paréntah supaya sakabéh rahayat Kakaisaran Romawi balik ka kampung asalna masing-masing pikeun ngalakukeun sénsus penduduk. Sanggeus ngadéngé béja éta, Maria jeung Yusuf balik ka kota asalna, Nazaréth. Waktu maranéhna aya di Bétléhém, waktuna Maria ngalahirkeun geus datang. Tapi can aya tempat panginepan anu bisa dipaké. Tungtungna, maranéhna manggihan hiji kandang domba anu kosong, sarta di dinya anu ahirna Maria ngalahirkeun Jurusalamet, Yésus Kristus.
Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ Mary The Mother of God, Mary's Death. p. 3.
- ↑ „The lives of the saints“, Volume I, Tbilisi, 2001.
- ↑ According to Epiphanius of Salamis, George Kedrenos
- ↑ "CATHOLIC ENCYCLOPEDIA: Tomb of the Blessed Virgin Mary". www.newadvent.org. Diaksés tanggal 2 January 2023.
- ↑ "Tomb of Mary: Location and Significance: University of Dayton, Ohio". udayton.edu. Diaksés tanggal 2 January 2023.
- ↑ "ירושלמי - מסכת חגיגה". mechon-mamre.org. Diaksés tanggal 2025-10-11.
- ↑ a b Widodo, Agus (2021). "Maria dalam Misteri Kristus dan dalam Hidup Gereja". Jurnal Teologi (Journal of Theology) (Dina basa Indonesia). 10 (2): 195–214. doi:10.24071/jt.v11i02.5931. ISSN 2579-3934.