Lompat ke isi

Markisa Leuweung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Téténgsrét
Buah markisa leuweung nu can asak
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
P. foetida
Ngaran binomial
Passiflora foetida

Markisa leweung (Passiflora foetida) nyaéta ngaran sabangsaning buah leutik, anu saupama geus asak kauntun ku kelopak kembangna anu ngabadagan.[1] Ieu buah téh dipikawanoh ogé ku rupa-rupa ngaran daérah kayaning ceplukan blungsun, senthiet (basa Jawa), kalengkemut (basa Maanyan), permot, cermot, rajutan, kaceprek atawa ki leuleu'eur (basa Sunda), rambusa (basa Indonésia), jeung timun dendang atawa timun padang (basa Melayu). Istilah séjén anu sok dipaké nyaéta markisa mini.

Ciri-ciri

[édit | édit sumber]

Kaasup hérba ngarambat anu bauna rada kurang ngeunah, panjangna bisa nepi ka 1,5–5 méter.[2] Tangkalna boga bulu panjang anu rada langka. Daunna tunggal, boga gagang sapanjang 1–3 cm, sarta aya buluan panjang. Lambaran daunna bunder endog, ngebeng jadi tilu, sisina rata atawa huntuanna teu jero, kalawan tungtung daunna maruncug, sedengkeun puhu daunna ngawangun jantung, ukuranana sabudeureun 3,5–13 × 4,5–14 cm.[2]

Kembangna boga kelopak tambahan mangrupa daun pambalut 3 lambar, ngebeng nyirip rangkep jeung taju kawas benang nu anyam-anyaman, ukuranana 1–3 cm. Tabung kelopakna ngawangun loncéng rubak. Lambaran mahkota kembangna boga mahkota tambahan, manjang 1,5–2,5 cm, warnana bodas caang sarta mindeng aya warna wungu di tengahna. Gagang sari dina puhuna ngahiji, kitu ogé jeung putikna. Gagang putikna aya 3 ngawangun gada.[2]

Buahna kaasup buah buni anu sikina loba sarta dibungkus ku daun pambalut, ngawangun bunder lonyod, ukuranana 1,5–2 cm, sarta warnana bakal konéng semu jingga saupama geus asak.[1]

Ékologi jeung Kagunaan

[édit | édit sumber]

Disangka asalna ti Amérika Kidul, ayeuna rambusa geus hirup liar di loba tempat.[3] Ieu tutuwuhan biasa kapanggih tumpur jeung hérba sarta rungkun séjénna di kebon, tegalan, sawah anu garing, di keusik basisir, sisi jalan, sisi leuweung, jeung bagian-bagian leuweung anu muka sarta kasorot ku panonpoé.[1]

Baheula mah rambusa téh ngahaja dipelak pikeun diala buahna, anu rasana amis sarta loba caan saupama geus asak. Barudak leutik kacida beukieunana. Ngan hanjakalna, buah anu masih kénéh ngora mah ngandung racun lantaran ayana kandungan glukosida sianogenik (asam sianida) sawaktu manehna raheut atawa dipetik.[3]

Sajaba ti eta, daun rambusa sacara tradisional osok dimanfaatkeun pikeun ubar rupa-rupa panyakit saperti nyeri beuteung, raheut, radang (inflamasi), jeung rematik.[4] Panalungtikan laboratorium panganyarna némbongkeun yén ekstrak daun ki leuleu'eur ngandung sanyawa metabolit sekunder tanin jeung flavonoid anu miboga poténsi fungsional minangka antibantéri, anti-diare, anti-koléstérol, sarta antioksidan.[4]

Rambusa ogé dipelak minangka tutuwuhan pager jeung tutuwuhan panutup taneuh, pikeun ngajaga taneuh sangkan teu parah teuing katerjang érosi. Pucukna anu ngora sakapeung mah sok dimanfaatkeun pikeun dijajankeun sayuran (diseupan). Di sababaraha tempat di Gorontalo, pambungkus buahna loba dipaké ku tukang nyieun gula beureum dina prosés ngagodog lahang kawung.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 Verheij, E.W.M. dan R.E. Coronel (eds.). 1997. Sumber Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan yang dapat dimakan. PROSEA–Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.
  2. 1 2 3 Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. Pradnya Paramita, Jakarta.
  3. 1 2 de Wilde, W. J. J. O., & Eggli, U. (2023). Dicotyledons: Rosids: Passifloraceae. Springer International Publishing. pp. 1003-1006.
  4. 1 2 Anggraini, W. (2022). Identifikasi dan Penetapan Kadar Tanin pada Ekstrak Etanol Daun Rambusa (Passiflora foetida L) dengan Metode Spektrofotometri UV-Visible. STIKES Al-Fatah Bengkulu.