Lompat ke isi

Martin Van Buren

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Martin Van Buren
ᮙᮁᮒᮤᮔ᮪ ᮗᮔ᮪ ᮘᮥᮛᮨᮔ᮪
Potrét Martin Van Buren
Potrét ku Mathew Brady (ca. 1855)
Jabatan Présidén Amérika Sarikat ka-8
Masa Jabatan 4 Maret 1837 – 4 Maret 1841
Wakil Présidén Richard Mentor Johnson
Pasangan (Istri) Hannah Van Buren
Putra Abraham, John, Martin Jr., Smith Thompson
Partéy Pulitik Partéy Démokrat
Julukan "The Little Magician", "Old Kinderhook"
Tanda Tangan Tanda tangan Martin Van Buren

Martin Van Buren (ᮙᮁᮒᮤᮔ᮪ ᮗᮔ᮪ ᮘᮥᮛᮨᮔ᮪; lahir di Kinderhook, New York, 5 Désémber 1782 – pupus di Kinderhook, 24 Juli 1862) nyaéta Présidén Amérika Sarikat ka-8 (1837–1841). Anjeunna mangrupa présidén munggaran anu lahir salaku warga nagara Amérika sarta hiji-hijina présidén anu basa utamana sanés basa Inggris, tapi basa Walanda. Salaku saurang nagarawan, anjeunna boga peran penting dina ngawangun sistem Partéy Démokrat modéren sarta ngahijikeun faksi-faksi pulitik di Amérika.

Silsilah sarta Kulawarga

[édit | édit sumber]

Van Buren asalna ti kulawarga katurunan Walanda anu geus lila matuh di Kinderhook, New York. Ramana, Abraham Van Buren, mangrupa saurang patani sarta nu gaduh kedai "tavern" anu boga pangaruh di lingkunganana, sedengkeun indungna nami Maria Hoes.[1] Silsilah kulawargana némbongkeun akar anu kuat dina budaya Walanda-Amérika anu mangaruhan pisan kana gaya hirup sarta basa sapopoéna.[2] Anjeunna nikah ka Hannah Van Buren sarta dipaparin opat putra, di antarana Abraham Van Buren sarta John Van Buren anu engkéna aktip dina dunya pulitik.

Karier Awal sarta "Self-Made Man"

[édit | édit sumber]

Dina mangsa ngora, Van Buren dianggap saurang "self-made man" anu hasil naratas karirna ti handap ku jalan itikurih sarta kapinteranana.[3] Sanajan henteu kantos kuliah di universitas, anjeunna neuleuman widang hukum sacara mandiri "apprenticeship" dugi ka janten pangacara anu suksés pisan. Karier pulitikna dimimitian ku kasatiaan anu kuat ka prinsip-prinsip James Madison, di mana anjeunna nangtung paling payun dina ngabéla reputasi Madison tina rupa-rupa serangan fitnah "calumnies".[4]

Kamampuh Manajerial sarta Pulitik

[édit | édit sumber]

Dina sajarah pulitik Amérika, Van Buren dianggap salaku "arsiték" sistem partéy modéren anu kacida calakanana. Anjeunna miboga kamampuh "managerial" anu luar biasa dina ngatur organisasi pulitik sarta ngahijikeun rupa-rupa faksi jadi hiji kakuatan nasional anu solid.[5] Kamampuhna dina diplomasi sarta taktik pulitik ieu anu ngajantenkeun anjeunna meunang julukan "The Little Magician" sarta "Old Kinderhook".

Masa Jabatan Présidén

[édit | édit sumber]

Pamilihan Van Buren dina taun 1836 mangrupa hasil tina dukungan kuat ti Andrew Jackson anu harita kacida boga pangaruhna. Nanging, masa jabatanna ditarajang ku krisis [[ékono parah anu katelah ku sebutan "Panic of 1837" anu ngabalukarkeun seueur bank bangkrut.[6] Sanajan dikritik ku lawan-lawanna, Van Buren tetep pengkuh dina prinsipna yén pamaréntah henteu kedah campur tangan teuing dina urusan swasta kanggé ngajaga kamerdikaan ékonomi sarta integritas nagara.[3]

Pupusna

[édit | édit sumber]

Van Buren pupus di bumina, "Lindenwald", di Kinderhook dina tanggal 24 Juli 1862 alatan panyakit sesek napas. Anjeunna dimakamkeun di Pemakaman Walanda Kinderhook, luyu sareng akar budaya sarta silsilahna anu kacida reueusna ku katurunan Walanda.[1]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 New York Genealogical and Biographical Society (1897). The New York Genealogical and Biographical Record, Vol. XXVIII. New York. p. 210.
  2. Stoddard, William O. (1888). Andrew Jackson and Martin Van Buren. New York: Frederick A. Stokes & Brother. p. 169.
  3. 1 2 Chapman Brothers (1890). Portrait and Biographical Album of Jackson County, Michigan. Chicago: Chapman Bros. p. 47.
  4. Van Buren, Martin (1840). Martin Van Buren's Calumnies Repudiated. Albany: C. Van Benthuysen. p. 3.
  5. Watson, Robert P. (2012). The American Presidents: Washington to Tyler. New York: History Press. p. 416.
  6. Abbott, John S.C. (1875). The Lives of the Presidents of the United States. Boston: B.B. Russell. p. 243.

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]