Lompat ke isi

Marty Natalegawa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Marty Natalegawa
Menteri Luar Negeri Indonesia
Incumbent
Awal jabatan
22 Oktober 2009
Présidén Susilo Bambang Yudhoyono
Saméméhna Hassan Wirajuda
Katerangan lian
Gumelar 22 Maret 1963 (1963-03-22) (yuswa 63)
Bandung, Jawa Kulon
Pameget/istri Sranya Bamrungphong
Alma mater Australian National University
Corpus Christi College
London School of Economics
Ellesmere College
Concord College
Profési Diplomat
Ageman Islam

Dr. (H.C.) Raden Mohammad Marty Muliana Natalegawa, B.Sc., M.Phil., Ph.D. (gumelar di Bandung, Jawa Kulon, 22 Maret 1963; umur 63 taun) nyaéta Duta Indonésia pikeun PBB ti kawit 5 Séptémber 2007.[1] Salirana kantos janten juru wicara Departemen Luar Nagari Républik Indonésia.[rujukan?] Sateuacan nampi pancén minangka Duta di PBB, salirana téh kantos janten Duta Indonésia pikeun Inggris sinareng Irlandia ti kawit 11 Nopémber 2005 dugi ka 5 Séptémber 2007.[2] Marty kagungan pangalaman dina dunya diplomasi internasional kalayan diplomat karir Departemén Luar Nagari.[rujukan?]

Dina sasih Nopémber 2007, Marty nampi kapercayaan penting minangka Présidén Déwan Kéamanan PBB.[rujukan?]

Marty lulus ti Australian National University dina taun 1993 di mana salirana kénging gelar doktor.[rujukan?] Kawitna, salirana kantos nyuprih élmu di London School of Economics, Universitas Cambridge, Inggris.[rujukan?] Saparantos ngahontal strata dua di Inggris, salirana ngawitan ngabdi di Departemén Luar Nagari ti kawit taun 1986.[rujukan?]

Salirana ogé kantos nyepeng kalungguhan minangka kapala delegasi nagara pikeun sajumlah konferénsi internasional, interaliansi kalayan Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB), Gerakan Non-blok, konferénsi organisasi Islam, sinareng ASÉAN. Salirana ogé kantos janten délegasi Indonésia pikeun Déwan Kaamanan PBB, dialog trilateral di Timor Timur, sinareng Diréktur Jéndral ASÉAN (2003-2005).[rujukan?]

Présidén Susilo Bambang Yudhoyono lajeng nunjuk Marty pikeun janten Menteri Luar Nagari dina Kabinét Indonésia Bersatu II, ngagentoskeun pajabat kawitna, nyaéta Hassan Wirajuda.[rujukan?] Salirana dilantik dina kaping 22 Oktober 2009.[3]

Tina pernikahanana kalih Sranya Bamrungphong, salirana kagungan tilu urang murangkalih, nyaéta Raden Siti Annisa Nadia Natalegawa, Raden Mohammad Anantha Prasetya Natalegawa, sareng Raden Mohammad Andreyka Ariif Natalegawa.[rujukan?]

Rujukan

[édit | édit sumber]
Jabatan pulitik
Saméméhna
Hassan Wirajuda
Menteri Luar Negeri Indonesia
22 Oktober 2009 – kiwari
'Ngajabat
  1. Okezone. "Profil Menlu, Marty Matalegawa : Okezone News". https://news.okezone.com/ (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2021-12-13.
  2. "Profil - Raden Mohammad Marty Muliana Natalegawa". merdeka.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2021-12-13. Archived 2021-12-13 di Wayback Machine
  3. "Profil - Raden Mohammad Marty Muliana Natalegawa". merdeka.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2021-12-13. Archived 2021-12-13 di Wayback Machine