Masjid Agung Sang Cipta Rasa
| Masjid Agung Sang Cipta Rasa | |
|---|---|
| Informasi umum | |
| Letak | Cirebon |
| Afiliasi agama | Islam |
| Provinsi | Jawa Barat |
| Negara | Indonésia |
| Deskripsi arsitektur | |
| Arsiték | Sunan Kalijaga |
| Peletakan batu kahiji | 1480 |
Masjid Agung Sang Cipta Rasa atawa leuwih dipikawanoh ku ngaran Masjid Agung Cirebon nyaéta salah sahiji masjid nu aya di komplék Karaton Kasepuhan, Kota Cirebon, Jawa Kulon. Lokasina aya di belah kulon alun-alun Cirebon. Masjid ieu diwangun ku Sunan Gunung Jati jeung mangrupa karya arsiték Sunan Kalijaga. [1]
Légénda
[édit | édit sumber]Jaman baheula, masjid ieu mangrupa salah sahiji masjid pangkolotna di Cirebon, nyaéta diwangun sakitar taun 1480 Masehi, atawa nalika Wali songo nyebarkeun agama Islam di tanah Jawa. Ngaran masjid ieu dumasar tina 2 kecap, nyaéta kecap "sang" nu miboga harti kaagungan, jeung kecap "cipta" nu hartina dipaké. Diwangunna masjid ieu kulantaran aya usul ti istri Sunan Gunung Jati, nyaéta Nyi Mas Ratu Pakungwati. Nu baheulana, ngan aya hiji masjid leutik di Cirebon, nyaéta Tajug Pejlagrahan. Sanajan kitu, dibarengan ku ngaronjatna jumlah jalma di Cirebon nu asup agama Islam, Nyi Mas Ratu Pakungwati sadar sangkan perlu ayana wangunan anu leuwih gedé pikeun ngumpulkeun jamaah. Pangwangunan masjid dimimitian taun 1480. Bahan nu dipaké pikeun pondasi masjid dijieun tina kai jati ti wewengkon Jatitujuh, wates Majaléngka-Indramayu.[2]
Galeri
[édit | édit sumber]- "Masjid Pakungwati" pada akhir abad ke-19
- Masjid Agung Cirebon pada sekitar 1911
- Masjid Agung Cirebon pada sektiar 1915
- Masjid Agung Cirebon antara tahun 1920 dan 1933
- Pintu gerbang
- Masjid Agung Sang Cipta Rasa tahun 2025
- Masjid Agung Sang Cipta Rasa tahun 2025
- Masjid Agung Sang Cipta Rasa tampak samping tahun 2025
- Masjid Agung Sang Cipta Rasa tampak bagian dalam tahun 2025
- Masjid Agung Sang Cipta Rasa bagian langit-langit 2025
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Indonesia, éd. (1998). Masjid kuno Indonesia. Jakarta: Direktorat Perlindungan dan Pembinaan Peninggalan Sejarah dan Purbakala, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. ISBN 978-979-8250-16-3.
- ↑ raynard.pardede@kompas.id, Raynard Kristian Bonanio Pardede-. "Sunan Gunung Jati, Berdakwah dengan Kerendahan Hati (3)". Kompas.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-19.