Masjid Mérah Panjunan

Masjid Mérah Panjunan mangrupakeun salah sahiji masjid di Kota Cirebon. Masjid ieu mangruapkeun paninggalan Syékh Syarif Abdurrahman. Masjid ieu adég di téngah-téngah padumukan masarakat anu leuwih dipikawanoh ku ngaran Kampung Arab di Jalan Panjunan, Kacamatan Lemahwunguk, Kota Cirebon. Wangunan masjid ieu abus kana wangunan anu ngandung unsur sajarah jeung abus kana daptar wangunan cagar budaya.[1]
Sajarah
[édit | édit sumber]
Masjid ieu diwangun dina taun 1480 M ku Syékh Syarif Abdurrahman anu katelah Pangeran Panjunan. Mimitina Pangéran Panjunan ngadegkeun tajug anu arsitéktur Arab jeung Cina. Tajug ngahaja diwangun ku Syarif Abdurrahman minangka tempat ibadah turunan Arab anu datang ka Cirebon pikeun dakwah atawa dagang. Lila-lila, rohang solat robah jadi masjid anu warnana dominan beureum. Ku sabab kitu, sok disebut Masjid Beureum Panjunan.[1]
Pangwangunan Masjid Mérah aya patalina jeung hijrahna turunan Arab ka Cirebon kira-kira abad ka-14. Dina taun 1480 M, Syékh Syarif Abdurrahman(turunan bangsawan Arab anu ogé hijrah ka Cirebon) ngadegkeun masjid atawa surau di wewengkon Panjunan, anu katelah ku ngaran Masjid Mérah Panjunan, ayana di kalurahan Panjunan.[2]
Masjid ieu disebut Masjid Mérah lantaran témbokna dijieun tina bata beureum, sedengkeun kecap Panjunan ngarujuk kana kampung tempat masjid éta ayana. Kecap Panjunan asalna tina kecap “anjun”, hartina daérah tempat wargana nyuprih hirup ku jalan nyieun gerabah tina taneuh liat.[2]
Masjid Mérah ieu mangrupakeun masjid kadua di Cirebon sanggeus Masjid Pejlagrahan anu diadegkeun ku Pangéran Cakrabuwana. Dina taun 1549, nalika Karajaan Cirebon diparéntah ku Panembahan Ratu, buruan Masjid Mérah dipager ku kuta kosod, sarta panto asupna diwangun maké wangun candi béntar jeung daun panto tina kai jati anu diukiran.[2]
Référénsi
[édit | édit sumber]- 1 2 Adriati, Fatin; Mihardja, Eli Jamilah (2019-07-26). "KAJIAN BANGUNAN WISATA DALAM MENDUKUNG CITY BRANDING DI KOTA CIREBON (Studi Kasus: Masjid Sang Cipta Rasa dan Masjid Merah Panjunan)". Jurnal Infrastruktur. 4 (2): 73–80. doi:10.35814/infrastruktur.v4i2.691. ISSN 2540-9212.
- 1 2 3 Hermana, Hermana (2012-06-01). "Arsitektur Masjid Merah Panjunan Kota Cirebon". Patanjala (Dina basa Indonesia). 4 (2): 332–348. doi:10.30959/patanjala.v4i2.143. ISSN 2085-9937.