Matangi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Déwi Matangi

Matangi nyaéta ngaran Déwi Hindu anu ka salapan tina sapuluh, anu kaasup kana Déwi Mahavidya. Sapuluh Mahavidya éta téh dianggap perwujudan Déwi anu dianggap salaku Déwi kawijaksanaan. Para Déwi éta di antarana Déwi Kali, Tara, Tripura Sundari, Bhuvanesvhari, Bhairavi, Chhinnamasta, Dhumavati, Bhagalamukhi, Matangi jeung Kamala.[1] Déwi Matangi boga pangaruh-pangaruh di antarana dina widang musik, élmu pangaweruh, basa, jeung seni. Déwi Matangi sok dipatalikeun jeung hal kateusucian anu remen digambarkeun mangrupa soutcaste. Matangi ogé kawentar salaku Tantra Saraswati. [2]


Tradisi Tantra Hindi[édit | édit sumber]

Dina tradisi Tantra Hindi, nétélakeun yén kawijakan kosmik gedé ka salapan nyaéta Matangi. Déwi Matangi sakapeung sok digambarkeun ngabogaan warna héjo poék jeung warna zambrud. Matangi ogé dianggap salaku Déwi nu nawarkeun rohmat jeung berkah.[3]

Inspirator jeung Pencipta Karya[édit | édit sumber]

Déwi Matangi dipercaya boga pangaruh dina widang sastra jeung seni. Sacara étimologi, Matangi hartina "pikiran" atawa "kamandang". Ku kituna Matangi nyaéta kawijaksanaan kosmik anu gedé anu nembus kana pamikiran jeung mangrupa perwujudan objéktipitas pamikiran. Kaputusan jeung tindakan Matangi ogé dipatalikeun jeung indra pangdéngé, anu jadi cikal bakal atawa asal-usul jeungpangajaran anu bakal ngahasilkeun pamikiran anu kuat jeung jero. Ku kituna, kawijakan kosmik gedé Matangi maréntahkeun sangkan muja ka dirina kalayan kaiklasan anu disiapkeun sacara asak saméméhna sacara spiritual, sarta dibéré berkah sacara éstétis anu tangtu, pangaweruh anu jero, arketipe, jeung bakat artistik bakal mantuan kana kasampurnaan kréasi. Matangi mangrupa Déwi gedé anu jadi manipéstasi ékterior tina pangaweruh batin, kasup kana sagala wangun seni, musik jeung tarian.[3] Tina éta hal, Matangi dianggap salah sahiji tina tilu widoms gedé kosmik anu aya patalina jeung logos ilahi. Matangi nyaéta hiji kawijakan anu ngungkabkeun kakuatan diajar jeung kapaséhan dina debat jeung sawala. Ku kituna Matangi ngawakilan parantara tingkat menengah (madhyayama) tina logo ilahi, tingkatan anu ngatur ide anu ahirna jadi kecap anu kedal, nyaéta prosés mikir.[3]

Ngungkab Rusiah Suci Seni Spiritual[édit | édit sumber]

Dina tradisi spiritual India, Matangi pageuh patalina jeung Saraswati, nyaéta Déwi Kawijaksanaan jeung Praméswari ti Déwa Brahma (nu nyiptakeun makro kosmos) tina trinitas Hindi (Trmurti). Sarua jeung Saraswati, Matangi gé dipintonkeun dina nabeuh Hindi Suci (Vina) anu ngalambangkeun pakta yén manéhna ogé aturan jeung pangaruh domain musik jeung sora anu kadéngé, lain kecap anu diucapkeun. Ku kituna, Matangi sakapeung sok digambarkeun salaku wangun térmanifestasi tina lagu. Matangi digambarkeun ku méga, badéy, gelap, jeung walungan anu ngalir ka lautan (sarua siga Saraswati). Matangi ngawakilan résonansi getaran nada sora nu lembut, anu ngamaniféstasikeun kana tingkatan dina sakabéh struktur lembut, ti nada S anu kapanggih. Tapi najan kitu, aya bédana antara Saraswati jeung Matangi. Matangi nyaéta wangun Saraswati anu ngaimplikasikeun pangaweruh batin. Atawa Matangi nyaéta wangun mistik okultisme jeung gumbira tina Saraswati, sabab Saraswati kakoncara salaku Déwi pangaweruh umum, seni jeung budaya. Urang bisa negeskeun yén Matangi sabenerna nyaéta beungeut Saraswati anu patali jeung énérgi tina kawijakan kosmos gedé Déwi Kali.[3]

Mantuan dina Kasuksésan[édit | édit sumber]

Matangi nyaéta Déwi anu kesit dina gerakan awakna. Dina basa Sanskekerta Matangi ogé hartina hiji gajah bikang. Dina mitologi Hindi simbul utama tina Déwa Ganésha, anu munggaran lahir tina cinta nyaéa Déwi Parvati jeung Déwa Siwa. Ganésha ogé kawentar salaku Déwa anu huluna gajah. Salah sahiji karakteristikna nyaéta salaku master tina kecap anu diucapkeun jeung élmu pangaweruh anu ngajamin kaberhasilan jeung kameunangan dina debat atwa tindakan séjén anu patali jeung dunya teka-teki. Ku kituna, manéhna dipuja salaku jalma nu ngaleungitkeun rintangan tina saah sahiji tindakan urang. Upamana di India nyaéta hampir wajib pikeun ménta Ganésha saacan prosés ngajar dumasar kana pengalihan spiritual sarta saméméh kagiatan konvénsional penting, saperti kawinan, lalampahan atawa lawungan bisnis. Ku ayana résonansi antara Matangi jeung Ganésha, Déwi Agung disembah salaku praméswari ganésha (dina tingkatan nu tangtu). Sacara umum, dua selir Ganésha nyaéta Buddha (kecerdasan berkilau) dan Siddhi (kaberhasilan jeung nyumponan kahayang ngaliwatan kakuatan paranormal), Matangi kasinugrahaan kakuatan anu sarua, ku kituna sakapeung Matangi sok disebut pikeun ngaleungitkeun rintangan jeung kaberhasilan pikeun meunangkeun pangaweruh anu jero ngeunaan bebeneran.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Daftar Nama Dewa-dewi dalam Mitologi Hindu". Libgar.com - Observe with us (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2019-12-25. 
  2. LLP, Adarsh Mobile Applications. "Matangi | Goddess Matangi | Matangi Mahavidya". www.drikpanchang.com. Diakses tanggal 2019-12-16. 
  3. a b c d e "SivaSakti | Matangi" (dalam en-US). Diakses tanggal 2019-12-25.