Mekah
Mekah مكة المكرمة Makkah al-Mukarromah Makkah | |
---|---|
Ngaran jujuluk: Ummul-Quroo (أم القرى, "Indung sakur Padumukan") | |
Lua error in Modul:Location_map at line 510: Unable to find the specified location map definition: "Module:Location map/data/Arab Saudi" does not exist. | |
Koordinat: 21°25′N 39°49′E / 21.417°N 39.817°EKoordinat: 21°25′N 39°49′E / 21.417°N 39.817°E | |
Nagara | Arab Saudi |
Mandala | Mandala Mekah |
Diadegkeun ku | Nabi Ismā'īl, putra Ibrahim (tradisi Islam) |
Pamaréntahan | |
• Walikota | Usamah Albar |
• Gubernur Propinsi | Khalid bin Faisal Al-Saud |
Lega | |
• Kota | 760 km2 (290 sq mi) |
• Kota | 850 km2 (330 sq mi) |
• Métro | 1.200 km2 (500 sq mi) |
Luhurna | 277 m (909 ft) |
Pangeusi (2010)[2] | |
• Kota | 1.675.368 |
• Kapadetan | 2,200/km2 (5,700/sq mi) |
Zona wanci | UTC+3 (AST) |
• Usum Panas (DST) | UTC+3 (AST) |
Kode wewengkon | (+966) 12 |
Ramatloka | www |
Mekah, Makah, Mekkah, atawa Makkah anu ngaran panjangna Makkah Al-Mukarromah (مكة المكرمة) nyaéta dayeuh utama di Arab Saudi sarta mangrupa tujuan utama umat Islam dina ibadah haji. Dayeuh Mekkah mangrupa salah sahiji dayeuh pangsucina, nurutkeun hadits Nabi Muhammad saw. Di Mekkah ogé aya Masjid Al-haram, anu di jerona aya Ka'bah minangka kiblat umat Islam sadunya.
Lokasi Geografis
[édit | édit sumber]Artikel ieu salasahiji tina séri Islam |
Istilah-istilah Islam |
Rukun Islam |
Sahadat |
Solat – Saum |
Zakat – Haji |
Kota Penting |
Mekah – Madinah |
Yerusalem – Kufah |
Kajadian |
Hijrah – Kalénder Islam – Idul Fitri |
Idul Adha – Maulid |
Wangunan |
Masjid – Munara |
Mihrob – Ka'bah |
Arsitéktur Islam |
Rujukan Ajaran |
Qur'an – Hadits – Sunnah |
Fiqih – Fatwa – Syari'ah |
Madhab |
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i |
Dayeuh Mekkah perenahna kira-kira 600 kilométer ti Madinah sarta kira-kira 200 kilométer ti Jeddah. Mekkah perenahna dina koordinat 21°25′24″LU, 39°49′24″BT. Dayeuh Mekkah mangrupa hiji landeuh heureut anu dilingkung ku gunung sarta pasir. Alatan kaayaan ieu pisan, Mekkah mindeng kakeunaan caah dina jaman baheula, saméméh ahirna dipigawé rekonstruksi dayeuh Mekkah. Kawas dayeuh-dayeuh séjénna di wewengkon Arab Saudi, dayeuh Mekkah mibanda iklim gurun
Ékonomi
[édit | édit sumber]Dina abad ke-5 nepi ka abad ke-6 Masehi, Mekkah dipikawanoh minangka pasar atawa bandar tempat perdagangan ti kidul Arab ka bagian kalér Arab, nyaéta di Syam. Kafilah-kafilah mindeng ngaliwatan Mekkah saméméh neruskeun lalampahan ka Syam. Kauntungan para kafilah biasana ngahontal 600.000 pound sakali lalampahan ka Syam. Ayeuna, Mekkah ngembangkeun industri dina sektor perhotelan, peternakan, tatanén sarta pangladén jamaah haji.
Sajarah
[édit | édit sumber]Dayeuh Mekkah henteu leupas ti carita Nabi Ibrahim, anu dina waktu éta ninggalkeun anakna, nyaéta Nabi Ismail sarta pamajikanana Siti Hajar disebuah landeuh. Landeuh ieu baheulana dina kaayaan anu panas, gersang sarta kosong. Tapi, berkat rahmat Alloh, mangka dipercikkanlah Cai Zam-zam, anu ngarobah Mekkah ti lahan angar jadi lahan anu subur. Kafilah Jurhum saterusna ngawangun dayeuh Mekkah ieu, sarta diteruskeun nepi ka Quraisy.
Saterusna, dayeuh ieu aya dibawah naungan pamaréntahan Islam, sanggeus penaklukan Mekkah dina taun630 Masehi. Saterusna pamaréntahan dayeuh Mekkah dicekel ku Bani Abbasiyah, Bani Umayyah, sarta Kasultanan Utsmaniyah. Dina ahirna, sabot penyatuan Arab, dayeuh Mekkah dikadalikeun ku Karajaan Arab Saudi nepi ka ayeuna.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Mecca Municipality. Holymakkah.gov.sa. Retrieved 3 February 2013.
- ↑ "Population". Statistical Yearbook 47 (2011). Central Department Of Statistics & Information. Diarsipkan dari versi asli tanggal 1 December 2013. Diakses tanggal 15 November 2013.