Melaleuca armillaris
| Melaleuca armillaris | |
|---|---|
| Batang Melaleuca armillaris di Kebon Raya Cibodas, Cianjur | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | M. armillaris
|
| Ngaran binomial | |
| Melaleuca armillaris | |
| Sinonim | |
| |
Melaleuca armillaris atawa nu leuwih dipikawanoh bracelet honey myrtle nyaéta tutuwuhan tina kulawarga Myrtaceae anu asalna ti Australia Kidul, Victoria, jeung Tasmania di wewengkon tenggara Australia. Tutuwuhan ieu kawentar kuat sarta sering dipaké minangka pager alam sabab tumuwuhna gancang. Spésiés ieu ogé geus sumebar sacara alami di sabagéan wewengkon Australia Kulon jeung Victoria. Dina habitat aslina, Melaleuca armillaris biasana tumuwuh di gawir basisir jeung sabudeureun muara walungan.[1]
Ciri-ciri
[édit | édit sumber]Melaleuca armillaris bisa tumuwuh minangka rungkun badag atawa tangkal leutik nu miboga dahan ngagantung, kalayan jangkung nepi ka 8 meter. Tutuwuhan ieu boga kulit kai nu kasar jeung warna kulawu, dahan nu tumuwuh nyamping, jeung daun nu leubeut. Daunna tumuwuh silih paadu dina pola nyilangan sahingga katémbong siga opat jajar sapanjang tangkal. Sababaraha sumber nyebutkeun yén daunna tumuwuh sacara spiral, sedengkeun nu séjén nyebutkeun yén daunna tumuwuh selang-seling. Daunna leutik, panjangna antara 4,5–19 mm sarta rubakna 0,8–4 mm. Biasana henteu boga bulu pas waktu masih kénéh ngora. Bentuk daunna ti mimiti jangkep nepi ka oval sempit kalayan tungtung nu runcing siga kait.[2][3][4]
Tutuwuhan ieu miboga kembang nu warnana bodas, kadang-kadang krem, sarta jarang aya nu warna pink. Kembang ieu tumuwuh dina kelompok nu ngabentuk silinder sapanjang dahan, mindeng kapanggih dina tangkal nu leuwih kolot. Panjang kelompok kembang bisa nepi ka 50 mm kalayan diameter kurang leuwih 25 mm, sarta diwangun ku loba kembang leutik. Makuta kembangna panjangna kurang leuwih 1,5–3 mm sarta bakal ragrag nalika kembang mimiti asak. Unggal kembang boga benang sari nu kabagi jadi lima kelompok leutik, masing-masing panjangna 3–4,9 mm sarta unggal kelompok ngandung dalapan nepi ka dalapan belas benang sari. Biasana, tatangkalan ieu mimiti mekar dina usum semi nepi ka awal usum halodo. Sanggeus éta, kembangna robah jadi buah leutik nu mibanda cangkang kai, ukuranana 2,3–4,5 mm, sarta tumuwuh dina kelompok bentuk silinder sapanjang dahan.[2][3][4]
Habitat jeung panyebaran
[édit | édit sumber]Subspésiés armillaris tumuwuh di daérah basisir, ti mimiti kiduleun wewengkon Walungan Manning di New South Wales nepi ka bagian wétan Victoria. Spésiés ieu ogé kapanggih di sababaraha pulo di Selat Bass, saperti Pulo Curtis, sarta di pojok kalér-wétan Tasmania. Sajaba ti éta, tutuwuhan ieu geus sumebar sacara alami ka sababaraha daérah séjén, di antarana Victoria, Wilayah Ibu Kota Australia (ACT), bagian kidul Australia Kidul, jeung kulon-kidul Australia Kulon. Tutuwuhan ieu utamana loba kapanggih di basisir kidul New South Wales. Sacara alami, armillaris tumuwuh di pasisian basisir jeung gawir, biasana dina wewengkon leuweung rungkun nu rapet. Sedengkeun ti éta, subspésiés akineta ngan ukur kapanggih di Pagunungan Gawler, Australia Kidul. Spésiés ieu hirup di daérah pasirwangi jeung batu granit.[2][3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Bracelet Honey-myrtle (Melaleuca armillaris)". iNaturalist Australia (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-02-15.
- ↑ a b c Brophy, Joseph J.; Craven, Lyndley A.; Doran, John C. (2013). Melaleucas : their botany, essential oils and uses. Canberra: Australian Centre for International Agricultural Research. hlm. 80. ISBN 9781922137517.
- ↑ a b c Holliday, Ivan (2004). Melaleucas : a field and garden guide. Frenchs Forest, N.S.W.: Reed New Holland Publishers. hlm. 24–25. ISBN 1876334983.
- ↑ a b "PlantNET - FloraOnline". plantnet.rbgsyd.nsw.gov.au. Diaksés tanggal 2025-02-15.