Lompat ke isi

Monumén Kejawanan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Monumén Kejawanan nyaéta salah sahiji cagar budaya di Cirebon nu tos aya ti abad 17 Maséhi, monumén éta mangrupa patilasan Radén Sukmajaya bin Panembahan Girilaya[1] salaku raka ti Sultan Sepuh Martawijaya. Radén Sukmajaya téh salah sahiji inohong ti Cirebon anu dipikasieun ku penjajah Walanda.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Basa harita mah ada dua pasukan, nu hiji ti Cirebon nu dipingpin ku Radén Sukmajaya jeung pasukan Kasultanan Mataram anu mihak ka Walanda. Tempat éta janten tempat papanggih, nu matak disebat monumén.[1]

Dina zaman baheulana, tempat ieu téh mangrupa kampung urang-urang Jawa di Cirebon.[2]

Monumén Kejawanan aya dina seberang Pelabuhan Perikanan Nusantara (PPN) Kejawanan Cirebon,[3] Jalan Kalijaga[1] Kelurahan Pegambiran, Kecamatan Lemahwungkuk, kota Cirebon.[2]

Kaayaan kiwari

[édit | édit sumber]

Monumén Kejawanan sok dimangpaatkeun pikeun tempat ziarah ku masarakat Cirebon jeung masarakat anu datang ti luar kota.Unggal wengi dina poe Kemis, sok diayakeun manaqib[1], tawasulan, tirakatan, jeung maca surat yasin.[4]

Monumen ieu teh kedahna mah dirawat dumasar kana Undang-Undang Nomor 10 tahun 2010 BAB VIII pasal 95 ayat 1 ku sabab kungsi teu kaurus.[1]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 Labibinajib, Fahmi. "Monumen Kejawanan, Kisah Pangeran Cirebon yang Ditakuti Belanda". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-31.
  2. 1 2 Labibinajib, Fahmi. "Menguak Asal-usul Nama Kampung Kejawanan Cirebon". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-31.
  3. Admin. "Monumen Kejawanan, Rekam Jejak Pangeran Sukmajaya". Cireboners (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-07-31.
  4. radarcirebon.com. "Situs Bersejarah Terancam Punah". radarcirebon.com (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-31.