Lompat ke isi

Moralitas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Moralitas (tina kecap Latén moralitas anu hartina ‘cara, watak, paripolah anu luyu’) nyaéta penggolongan kana niat, kaputusan, jeung lampah kana nu dianggap bener atawa leres, sarta kana nu dianggap henteu leres atawa salah.[1] Moralitas bisa ngarujuk kana sakumpulan standar atawa prinsip anu asalna tina kode étika hiji aliran filsafat, agama, atawa budaya, sarta bisa ogé dumasar kana standar anu dianggap miboga sifat universal.[2] Moralitas sok dianggap sarua hartina jeung “kabagjaan”, “kalayakan”, atawa “kabeneran”.

Filsafat moral ngawengku méta-étika, anu nalungtik masalah-masalah abstrak saperti ontologi moral jeung épistémologi moral, sarta étika normatif, anu ngulik sistem-sistem anu leuwih konkrét dina nyieun kaputusan moral, saperti étika déontologis jeung konsékuénsialisme. Salah sahiji conto étika normatif nyaéta Aturan Emas, anu nyatakeun: “Saurang jalma kudu ngalakukeun ka batur sapertos kumaha anjeunna hoyong diperlakukeun ku batur.”[3]

Imoralitas nyaéta oposisi aktip kana moralitas (nyaéta nolak kana naon waé anu dianggap hadé atawa bener), sedengkeun amoralitas biasana dihartikeun salaku kaayaan henteu sadar, henteu paduli, atawa henteu percaya kana sakumpulan standar atawa prinsip moral nu tangtu.[4]

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Long, A. A.; Sedley, D. N. (1987). The Hellenistic Philosophers: Translations of the principal sources, with philosophical commentary (Dina basa Inggris). Cambridge University Press. ISBN 978-0-521-27556-9.
  2. Gert, Joshua; Gert, Bernard (2025). Zalta, Edward N.; Nodelman, Uri (éd.). The Definition of Morality (Édisi Spring 2025). Metaphysics Research Lab, Stanford University.
  3. Flew, Antony. A Dictionary of Philosophy. London: Pan Books in association with The MacMillan Press. ISBN 978-0-333-26204-7.
  4. "Amorality". Dictionary.com.