Lompat ke isi

Munara Reginald

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Munara Reginald, Irlandia

Munara Reginald (Basa Irlandia: Túr Raghnaill) téh hiji munara sajarah anu ayana di Waterford, Munster, Irlandia. Tempatna aya di tungtung wétan palabuhan kota. Munara ieu geus dipaké pikeun rupa-rupa kaperluan salila ratusan taun sarta jadi tanda kota anu penting di Waterford, ogé minangka titinggal utama tina sistem pertahanan kota dina jaman abad pertengahan. Ieu téh gedong sipil pangkolotna di Irlandia, sarta hiji-hijina monumén kota di ditu anu masih ngajaga ngaran Norse atawa Viking.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Munara Reginald di Waterford, Irlandia, asalna diwangun ku bangsa Anglo-Norman pikeun ngaganti benténg Viking baheula. Ngaran “Reginald” asalna tina Raghnall, wangun Gaelik tina ngaran Norse Kuna Røgnvaldr, anu dipaké ku sababaraha pangawasa Viking di kota éta.[2]

Munara ayeuna diperkirakeun diwangun abad ka-13 atawa ka-14, sarta kungsi jadi bagian tina témbok pertahanan kota Waterford. Wangunna bunder, jangkungna 54 kaki, diaméter 42½ kaki, jeung témbokna kandel. Tempatna stratégis antara walungan St. John jeung walungan Suir, deukeut jeung Garéja Perancis.[1]

Dina abad pertengahan, munara ieu salah sahiji tina 17 munara anu ngurilingan Waterford, sarta ayeuna masih aya 6 nu hirup. Di antarana, Munara Reginald téh anu panggedéna jeung pangpentingna, sarta dianggap conto anu hadé tina sistem pertahanan kota abad pertengahan di Irlandia.

Sumber rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b McEneaney (2001). Discover Waterford. O'Brien Press. ISBN 9780862786564.
  2. Wilson, A; T, Lee. The Vikings in Munster Languages, Myths and Finds (series vol. 3). Centre for the Study of the Viking Age. University of Nottingham. ISBN 9780853583004.