Musieum Frida Kahlo
Musieum Frida Kahlo (basa Spanyol: Museo Frida Kahlo), katelah ogé Imah Biru (La Casa Azul) lantaran témbokna warna biru kobalt, nyaéta musieum imah sajarah jeung musieum seni anu dipasrahkeun pikeun kahirupan jeung karya seniman Méksiko, Frida Kahlo. Musieum ieu perenahna di wewengkon Colonia del Carmen, Coyoacán, Kota Méksiko. Ieu imah téh tempat lahir jeung gedéna Frida, ogé kungsi jadi tempat cicingna babarengan jeung salakina, Diego Rivera, sababaraha taun, nepi ka ahirna Frida pupus di salah sahiji kamar lantai luhur. Dina taun 1958, Diego Rivera nyumbangkeun ieu imah katut eusina pikeun dijadikeun musieum pikeun ngahormat Frida.
Eusina ngamuat kumpulan karya seni Frida Kahlo, Diego Rivera, jeung seniman séjén, ditambah deui jeung seni rahayat Méksiko milik maranéhna, artefak pra-Hispanik, poto, mémorabilia, barang pribadi, sarta sababaraha panataan rohangan imah saperti taun 1950-an.[1] Ayeuna, ieu musieum jadi anu pang populérna di Coyoacán, sarta kaasup salah sahiji musieum anu pang loba dikunjungan di Kota Méksiko.[2]
Wangunan
[édit | édit sumber]Imah/ musieum ieu perenahna di Colonia del Carmen, hiji wewengkon di Coyoacán, Kota Méksiko. Ti saprak taun 1920, Coyoacán, utamana Colonia del Carmen, geus miboga réputasi minangka puseur intelektual, lantaran jadi tempat cicing tokoh kawentar saperti Salvador Novo, Octavio Paz, Mario Moreno, jeung Dolores del Río. Ieu imah aya di pojok Jalan Allende jeung Londres, tembokna nu pinuh ku warna biru kobalt nyababkeun imah ieu dingaranan La Casa Azul (Imah Biru).[3][4]
Saperti lolobana wangunan di éta wewengkon, imah ieu dikurilingan ku buruan tengah jeung kebon, hiji tradisi ti jaman kolonial. Legana imah téh 800 m², jeung buruan tengahna 400 m².[5] Nalika diwangun taun 1904, gaya arsitékturna kénéh katingali ku hiasan Prancis, tapi hareup imahna tuluy dirubah jadi leuwih basajan saperti nu katingali ayeuna. Wangunan ieu miboga dua lanté, ngawengku kamar saré, studio, dapur gedé, jeung rohangan dahar. Lawang pangdeukeutna dihias ku mosaik batu alam karya Mardoño Magaña ti Escuela de Pintura al Aire Libre di Coyoacán, nu kagungan inspirasi tina mural Juan O’Gorman di Universitas Ciudad.[4]
Sumber rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Menyibak kehidupan tersembunyi Frida Kahlo: Kerapuhan fisik dan kekuatan batin yang menyatu". BBC News Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-24.
- ↑ "Frida Kahlo Museum (Blue House) | Frida Kahlo Museum". Archello (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-09-24.
- ↑ Tony. "The Frida Kahlo Museum". MexConnect (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-09-24.
- ↑ a b "Ficha casa azul". www.cnmh.inah.gob.mx. Diaksés tanggal 2025-09-24. Archived 2010-11-24 di Wayback Machine
- ↑ "SECTURDF | MUSEO CASA FRIDA KAHLO "CASA AZUL"". www.mexicocity.gob.mx. Diaksés tanggal 2025-09-24. Archived 2016-03-04 di Wayback Machine