Lompat ke isi

Musieum Karaton Solo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Karaton Kasunanan Surakarta Hadiningrat

Musium Karaton Solo atawa Musieum Karaton Surakarta Hadiningrat téh mangrupa musieum husus nu ngumpulkeun banda-banda budaya titinggal Karaton Kasunanan Surakarta Hadiningrat. Musieum Karaton kabagi jadi dua wangunan utama di bagian kulon jeung wétan. Dua wangunan éta miboga rohangan-rohangan nu dieusian ku hasil kriya ti Karaton Surakarta.[1]

Di hareupeun musieum, aya rohangan nu ngaranna Sasana Sumewa, nu di jerona aya hiji meriem tina perunggu nu dingaranan Kyai Rancawara. Wangunan anu baheulana dipaké pikeun Paséwakan Agung, nyaéta pasamoan antara raja jeung para abdina.[1]

Wangunan musieum sabenerna mangrupa deretan rohangan nu ngabentuk bujur sangkar. Tapi, ngan dua sisi panjang wungunanna nu dipaké pikeun area paméran. Di rohangan nu ngaranna Siti Hinggil Lor, aya korsi kencana (singgasana) raja nu dingaranan Dhampar Kencana. Banda-banda nu dikumpulkeun di musieum ieu di antarana titinggal ti Karaton Kasunanan Surakarta jeung sababaraha bagian candi nu kapanggih di Jawa Tengah. Wangun banda éta rupa-rupa, saperti pakakas masak para abdi dalem, pakarang baheula nu dipaké ku kulawarga karajaan, jeung parabot kasenian.[1][2]

Sajaba ti éta, aya ogé karéta kancana, topi kebesaran Pakubuwana VI, Pakubuwana VII, jeung Pakubuwana X. Wangunan musieum baheula dipaké minangka gedong kantor. Unggal rohangan tuluy dipugar jadi rohangan paméran musieum. Pamugaran musieum pangahirna dilakukeun dina taun 2003.[1]

Pangurus musieum ieu diserahkeun ka Karaton Surakarta jeung Pamaréntah Kota Surakarta. Alamat musieum aya di Jalan Sidikoro, Baluwarti, Pasar Kliwon, Kota Surakarta, Jawa Tengah. Titik koordinatna nyaéta di 7°34’41.5” Lintang Kidul jeung 110°49’39.6” Bujur Wétan. Musieum bisa diaksés ti Bandar Udara Adi Sumarmo (17,8 km), Stasion Solo Kota (2 km), Stasion Solo Balapan (4,8 km), atawa Terminal Tirtonadi (5,8 km).[1]

Rute Ngajugjug ka Musieum

[édit | édit sumber]

Lamun maké kandaraan pribadi, contona ti titik awal Stasion Balapan Solo, jarakna ukur sakitar 3,8 kilométer (km) wungkul. Sanggeus kaluar ti stasiun, arahkeun kandaraan ka katuhu tuluy tuturkeun Jalan Monginsidi. Péngkolkeun ka katuhu di pertelon, tuluy asup ka Jalan Gajah Mada nepi ka parapatan, tuluy méngkol deui ka kénca asup ka Jalan R. M. Said.[3]

Ti dinya, tuturkeun jalan, tuluy méngkol ka arah Jalan Bangka sapanjang walungan Pépé. Terus méngkol ka katuhu ka Jalan Saharjo, tuluy ka katuhu deui ka Jalan Arifin, terus nepi ka Jalan Jenderal Sudirman. Sanggeus éta, méngkol ka kénca asup ka Jalan Pakoe Boewono, Jalan Alun-alun Utara, Jalan Supit-Urang, jeung Jalan Kamandungan.[3]

Saterusna bakal kapanggih Musieum Karaton Surakarta nu ayana di jero wewengkon Karaton Kasunanan Surakarta di sisi katuhu. Asupkeun kandaraan ka daérah éta ngaliwatan Gapura Kamandungan.[3]

Arsitektur

[édit | édit sumber]

Karaton Kasunanan Surakarta perenahna di tengah Kota Surakarta, tepatna di Kalurahan Baluwarti, Kacamatan Pasar Kliwon, Kota Surakarta. Pangwangunan karaton dilaksanakeun ti taun 1743 nepi ka 1745. Konstruksi wangunan karaton ngagunakeun kai jati nu diala ti Alas Kethu, deukeut kota Wonogiri.[4][5]

Arsiték karaton ieu téh nyaéta Pangeran Mangkubumi, karuhun ti Susuhunan (raja Surakarta) nu engkéna barontak sarta hasil ngadegkeun Kasultanan Yogyakarta kalayan gelar Sultan Hamengku Buwana I. Ku kituna, henteu anéh lamun wangunan dua karaton téh mibanda loba sasaruaan. Sanggeus pangwangunan réngsé, karaton anyar nu dingaranan Karaton Surakarta Hadiningrat resmi dipaké ku raja dina tanggal 17 Pébruari 1745.

Lamun rék ngadatangan karaton ieu, pangunjung kudu nurut kana sababaraha aturan, saperti teu meunang maké topi, kacamata hideung, calana pondok, sendal, jeung jaket. Lamun geus kadung maké calana pondok, bisa nyéwa atawa minjam lawon bawahan pikeun dipaké salila ngider ka lingkungan karaton.[6]

Ti arah hareup, Karaton Surakarta bisa katempo dina susunan kota heubeul khas Jawa: hiji wangunan karaton nu dikurilingan ku alun-alun, Pasar Klewer, jeung Kagungandalem Masjid Ageng Surakarta. Asup ka bagian hareup karaton, aya wangunan nu ngaranna Sasana Sumewa sarta hiji meriam tina perunggu nu ngaranna Kyai Rancawara. Wangunan ieu baheula dipaké pikeun Pasewakan Agung, nyaéta pasamoan antara Raja jeung para bawahanana. Di tempat ieu ogé, pangunjung masih bisa nempo Dhampar Kencana (singgasana raja) nu perenahna di Siti Hinggil Lor. Pangunjung henteu meunang naék ka tempat éta lantaran kacida dipihormatna sarta dianggap kekeramatan.[1]

Ti Siti Hinggil, pangunjung bakal asup ngaliwatan Kori Renteng, Kori Mangu, jeung Kori Brojonolo. Jalma-jalma nu ngaliwatan panto ieu dipiharep pikeun negeskeun haté, miceun ragu, jeung matokkeun pikiran supaya salawasna waspada. Sanggeus éta, pangunjung bakal nepi ka buruan Kamandungan Lor, tuluy ka Sri Manganti, sarta ahirna nepi ka musieum karaton nu dingaranan Musieum Karaton Surakarta Hadiningrat.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f "Mengenal Sejarah, Seni, dan Tradisi Solo di Museum Keraton Surakarta". Indonesia Kaya. Diaksés tanggal 2025-06-08.
  2. Sari, Reno. "Membangun Kembali Kerajaan: Sejarah Keraton Surakarta Hadiningrat". Malang Hits (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-06-08.
  3. a b c https://travel.kompas.com/read/2020/11/13/200800027/harga-tiket-masuk-dan-cara-menuju-ke-museum-keraton-surakarta
  4. https://repository.uksw.edu/bitstream/123456789/6672/2/T1_692009005_Full%20text.pdf
  5. Alen. "Culture and history in Keraton Surakarta". OBSERVER - the latest information about Indonesian news and social culture (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-06-08.
  6. Lantiva, Meitika Candra. "Jalan-Jalan ke Solo: Menguak Koleksi Museum Keraton Kasunanan Surakarta - Radar Malioboro". Jalan-Jalan ke Solo: Menguak Koleksi Museum Keraton Kasunanan Surakarta - Radar Malioboro (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-06-08.