Musieum Tsunami Acéh

Musieum Tsunami Acéh nyaéta musieum anu aya di Banda Acéh ieu dirancang pikeun jadi monumen simbolis pikeun nginget kajadian gempa jeung tsunami Samudra Hindia taun 2004.[1] Salian ti éta, musieum ieu ogé boga fungsi minangka puseur atikan ngeunaan bencana sarta tempat évakuasi darurat lamun aya tsunami deui.[2] Musieum ieu diresmikeun ku Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina taun 2009, sarta mimiti dibuka pikeun umum dina taun 2011.[3]
Rarancang jeung struktur
[édit | édit sumber]Musieum Tsunami anu perenahna di Banda Acéh dirancang ku arsiték asal Bandung, Jawa Kulon, Ridwan Kamil.[4] Rarancang ieu hasil tina kompetisi internasional taun 2007 pikeun nginget musibah tsunami 2004, bari ogé ngajarkeun ngeunaan bencana alam, pentingna mitigasi, sarta kesiapan dina nyanghareupan bencana. Rarancang musieum ieu ngagunakeun konsép rumoh Acéh, lokasina di tempat anu luhur pikeun jalur évakuasi, sarta dumasar kana nilai-nilai Islam, kabudayaan lokal, jeung gambaran abstrak tina tsunami. Wangunan ieu mibanda opat lanté jeung lega 2.500 m², kalayan témbok anu ngagulung sarta dihias ku rélief géometris.[5]
Koléksi
[édit | édit sumber]
Pameran di musieum ieu nyangking simulasi éléktronik ngeunaan kajadian gempa jeung tsunami Samudra Hindia taun 2004, sarta nembongkeun rupa-rupa foto korban jeung carita ti jalma-jalma anu salamet tina musibah éta. Sajaba ti éta, aya ogé diorama anu ngagambarkeun kajadian tsunami dina tanggal 26 Désémber 2004, jeung sababaraha barang anu kapanggih atawa kabawa ku gelombang tsunami di Acéh ogé dipajang di ditu.[6]
Musieum Tsunami nyimpen kira-kira 6.038 koleksi anu kagolongkeun kana sababaraha jinis, di antarana koléksi étnografika, arkéologika, biologika, téknologika, keramonologika, seni rupa, numismatika jeung héraldika, géologika, filologika, ogé koléksi nu patali jeung sajarah jeung audio visual.[7]

Sakabéh koléksi ieu henteu dipajang sakaligus. Sababaraha di antarana dipintonkeun dina paméran temporér, jadi pengunjung bisa datang deui pikeun ningali koléksi séjén. Pengelola musieum ogé rutin ngalakukeun rotasi koléksi unggal genep bulan sakali. Dina hiji paméran, biasana aya sakitar 1.300 koléksi anu disebar dina tilu lokasi: Rumah Acéh, paméran temporér, jeung rohangan paméran tetep.[7]
Nalika asup ka musieum, pengunjung bakal ngaliwatan lorong sempit jeung cahya. Lorong ieu dirancang pikeun ngabangkitkeun emosi campur aduk ka nu datang. Tuluy, aya bagian anu disebut "The Light of God," anu ngahargaan jeung mengenang ratusan rébu korban musibah Tsunami Acéh taun 2004.[7]
Kagiatan musieum
[édit | édit sumber]Di jero Musieum Tsunami aya rohangan eédukasi, kaasup rohangan paméran anu nyayagikeun katerangan ngeunaan fénomena alam saperti lini jeung tsunami sacara audiovisual. Ieu paméran dilengkepan ku simulasi interaktif, anu ngamungkinkeun para nu datang pikeun diajar prosés kajadian tsunami sarta léngkah-léngkah mitigasi pikeun ngurangan pangaruh bencana ka hareupna. Sajaba ti jadi tempat édukasi jeung tujuan wisata, Musieum Tsunami Acéh ogé remen ngayakeun rupa-rupa kagiatan, kayaning paméran seni, paméran poto, ogé seminar ngeunaan tsunami, pasang surut, jeung kabudayaan Acéh.[7][8]
Lokasi jeung operasional
[édit | édit sumber]Musieum Tsunami Acéh perenahna di Jalan Sultan Iskandar Muda No 3, Gampongan Sukaramai, Kecamatan Baiturrahman, Banda Acéh. Posisina teu jauh ti Masjid Baiturrahman, kira-kira 11 menit upama leumpang jeung 1 menit maké motor jeung pagigir-gigir di Komplék Makam Belanda (Kerkhof).[7]
Pikeun abus Museum Tsunami Acéh aya biaya anu jadi Pendapat Asli Daerah (PAD). Harga tiket keur budak, pelajar, jeung mahasiswa Rp3.000, Rp5.000 pikeun umum jeung dewasa, jeung Rp15.000 pikeun turis mancanegara/asing. Musieum beroperasi unggal poé (iwal Jumaah) dimimitian ti jam 09.00-16.00 WIB.[7]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Mutiarasari, Kanya Anindita. "Sejarah Museum Tsunami Aceh, Monumen Pengingat Tragedi 18 Tahun Lalu". detiknews (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-06-08.
- ↑ Razali, Habil. "Situs Wisata Tsunami Aceh, Bukti Bencana Dahsyat 19 Tahun Silam". Acehkini.ID (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-06-08.
- ↑ "Wayback Machine" (PDF). repositori.kemdikbud.go.id. Diaksés tanggal 2025-06-08.
- ↑ Parmanoan, Durain; Dirhamsyah, Muhammad; Sarwani, Achris; Fadhli, Mulkan; Marlina, Nova. Investing in Friendly Aceh (Dina basa Indonesia). PT. Dua Mitra Inspira. ISBN 978-623-99955-0-8.
- ↑ Gloria, Nuvola. "Museum Tsunami Aceh, Rancangan Megah Ridwan Kamil Penuh Gejolak Emosi". www.viva.co.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-06-08.
- ↑ "Tsunami Museum, Urbane Indonesia, world architecture news, architecture jobs". www.worldarchitecturenews.com. Diaksés tanggal 2025-06-08.
- ↑ a b c d e f "Sejarah Museum Tsunami Aceh".
- ↑ "Museum Tsunami" (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-06-08.