Namimah
Namimah (basa Arab: نميمة) nyaéta hiji kalakuan mindahkeun caritaan batur ka jalma séjén kalayan maksud hayang ngadu-ngadu, nyiptakeun papaséaan, atanapi ngaruksak hubungan silaturahmi.[1] Namimah kaasup salah sahiji dosa gedé anu kacida dilarangna margi bisa ngancem persatuan masarakat sarta miboga siksa anu beurat di alam kubur.[2]
Dalil tina Al-Qur'an
[édit | édit sumber]Allah SWT parantos nandeskeun yén jalma anu sok ngadu-ngadu téh mangrupa sipat anu hina:
وَلَا تُطِعْ كُلَّ حَلَّافٍ مَهِينٍ . هَمَّازٍ مَشَّاءٍ بِنَمِيمٍ
"Jeung ulah maneh nurut ka sakur jalma anu sok sumpah bari hina, anu sok ngahina (nyawad) sarta anu sok ngiderkeun namimah (ngadu-ngadu)." (QS. Al-Qalam [68]: 10-11)
Dalil tina Hadits
[édit | édit sumber]Rasulullah SAW nandeskeun yén jalma anu midamel namimah moal bisa asup sawarga:
لَا يَدْخُلُ الْجَنَّةَ نَمَّامٌ
"Moal asup sawarga jalma anu sok ngadu-ngadu (namimah)." (HR. Bukhari No. 6056 & Muslim No. 105)
Salian ti éta, dina hadits séjén dicaritakeun yén Rasulullah kantos ngaliwat ka dua kuburan anu keur disiksa, salah sahijina téh jalma anu nalika hirupna sok midamel namimah (HR. Bukhari No. 218).
Cara Meper Sipat Namimah
[édit | édit sumber]Pikeun nyingkahan diri sarta meper ieu sipat sangkan henteu ngarerab kana haté sarta lisan, para ulama nyarankeun sababaraha hal:[3]
- Ulah Langsung Percaya (Tabayyun): Upami aya jalma mawa béja ngeunaan kagoréngan batur ka urang, ulah langsung percaya. Bisa jadi éta jalma nuju midamel namimah.
- Ngarasa Cua kana Maksiat: Urang kedah nanamkeun rasa cua kana kalakuan ngadu-ngadu margi éta téh sipat anu dibendu ku Allah sarta Rasul-Na.
- Ulah Milu Nyebarkeun: Upami urang ngadangu hiji béja anu sipatna ngadu-ngadu, cukup eureun di urang baé, ulah dicaritakeun deui ka batur.
- Émut kana Siksa Kubur: Salawasna émut yén namimah téh salah sahiji sabab utama saurang hamba disiksa dina jero kubur sateuacan engké disiksa di ahirat.
Rujukan
[édit | édit sumber]| Sipat & Paripolah Awon dina Islam (Al-Qur'an) | |
|---|---|
| Aqidah & Manah | Takabur (Sombong) • Riya (Pamer) • Ujub • Hasud (Dengki) • Nifaq (Munafék) • Su'udzon • Syi'rik • Fasik |
| Muamalah (Sosial) | Ghibah (Ngomongkeun batur) • Namimah (Adu domba) • Fitnah • Zhalim • Khianat • Curang (dina takeran/timbangan) • Riba |
| Dina Ibadah | Lali (tina solat) • Koret (tina zakat/shodaqoh) • I'tiradh (Nentang takdir) • Istihza (Ngahina ayat Allah/Agama) |
| Sipat Pribadi | Bakhil (Koret) • Israf (Hambur) • Tabzir (Mubadir) • Tamah (Serakah) • Ghadhab (Ambekan) • Putus asa tina rahmat Allah |
| Larangan Lisan | Bohong (Kadzib) • Sumpah palsu • Ngahina (Lamz/Hamz) • Panyebutan goreng (Laqab) |
| "Saéstuna Allah henteu mikaresep ka jalma-jalma anu midamel dosa tur khianat." (QS. An-Nisa: 107) | |