Nayaga
| |
| Jenis | Palaku Seni / Musisi |
|---|---|
| Widang | Musik Tradisional (Waditra) |
| Papakéan | Iket, Pangsi, atanapi Beskap |
| Sebutan sanés | Panayagan, Pangrawit |
Nayaga atanapi Panayagan; wiyaga nyaéta sebutan husus pikeun jalma anu miboga kaahlian dina nabeuh waditra tradisional Sunda, sapertos Kendang, Gamelan, Degung, atanapi Kendang Penca.[1] Nayaga miboga peran penting dina ngajaga wirahma sarta suasana dina unggal pintonan seni, boh éta seni sora, seni tari, boh seni béla diri.
Étymologi sarta Filosofi
[édit | édit sumber]Dina kamus basa Sunda pangmunggarana, Jonathan Rigg nyebutkeun yén Nayaga miboga harti salaku jalma anu pagawéanana nabeuh gamelan (a player on the gamelan). Rigg ogé nyatet istilah Panayagan anu hartina sakumpulan pamaén gamelan (a band of gamelan players).[2]
R.A. Danadibrata nambihan yén nayaga téh nyaéta jalma anu ahli dina widang seni karawitan sarta nabeuh waditra.[3] Sacara filosofis, kecap "Nayaga" asalna tina basa Sansekerta, nyaéta ni-yaga anu miboga harti pamingpin atanapi jalma anu ngatur hiji upacara. Dina budaya Sunda, saurang nayaga dianggap seniman anu miboga kaseukeutan rasa (estetika) sarta disiplin anu luhur.
Papakéan
[édit | édit sumber]Dina pintonan resmi atanapi adat, nayaga biasana nganggo raksukan tradisional anu khas:
Iket: Tutup sirah anu némbongkeun jati diri sarta kadéwasaan.n Pangsi: Raksukan hideung anu praktis sarta némbongkeun karakter rahayat, hususna dina Kendang Penca. Beskap atanapi Jas Takwa: Dipaké pikeun acara resmi sapertos mirig Gamelan Degung dina upacara kawinan atanapi adat.
Kalungguhan dina Kasenian
[édit | édit sumber]Dina sasetél musik Sunda, aya sababaraha posisi husus pikeun nayaga dumasar kana waditana:
Juru Kendang: Nayaga anu nabeuh kendang, pancén salaku pamingpin tempo (dirigen). Juru Tarompét: Nayaga anu niup tarompét, pancén mawakeun mélodi. Juru Gong: Nayaga anu nabeuh gong, pancé salaku pamungkas wirahma (punctuation).