Lompat ke isi

Nazarét

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Nazarét (basa Ibrani: נָצְרַת‎, Natzrat; basa Arab: النَّاصِرَة, an-Nāṣira; basa Aram: ܢܨܪܬ, Naṣrath) téh hiji kota baheula anu aya di bagian kalér Israél. Kiwari, Nazarét jadi kota Arab-Israél panggedéna di Israél jeung sok disebut minangka “ibukota urang Arab di Israél”. Nazaret ogé mangrupa ibukota jeung kota panggedéna di Distrik Kalér Israél. Dina taun 2022, jumlah pangeusina ngahontal 78.007 jiwa, lolobana téh urang Arab-Israél, kalayan kira-kira 69% agama Islam jeung 30,9% agama Karésten.[1][2][3]

Nazaret Illit (hartina “Nazaret Luhur”) geus ditetepkeun jadi kota mandiri ti bulan Juni taun 1974. Kota ieu diwangun di sisi Nazarét Kolot sarta miboga pangeusi urang Yahudi kira-kira 40.312 jiwa dina taun 2014. Dina bagian Perjanjian Anyar dina Alkitab Karésten, Nazaret disebut minangka tempat cicingna Isa Al Masih dina mangsa ngorana.[4] Ku sabab éta, kota ieu jadi salah sahiji tempat ziarah utama umat Karésten, kalayan loba pisan situs sajarah anu dijieun pikeun ngélingan rupa-rupa kajadian dina carita Alkitab.

Étimologi

[édit | édit sumber]

Kecap Ibrani Netzer

[édit | édit sumber]

Ngaran Nazarét dipercaya asalna tina kecap basa Ibrani "נצר" (netzer), hartina "tunas" atawa "taruk anu tumuwuh". Dina basa Ibrani, hurup "z" dina kecap Nazarét ditulis ku hurup "צ" (tsade), sarua jeung dina kecap netzer, lain ku hurup "ז" (zayin) anu ngabentuk kecap nazar anu hartina "kaul". Pamanggih ieu diperkuat ku naskah rabinik Yahudi abad ka-4 Masehi, saperti Midrash Qoheleth, anu nulis ngaran éta kalawan éjahan "N-TS-R", nu ngadukung rujukan tina Matius 2:23 ka Yesaya 11:1. Sajaba ti éta, aya ogé kapanggih tulisan basa Ibrani di Kaisaréa taun 1962 anu maké ejaan "N-TS-R". Sanajan tulisan éta asalna kira-kira taun 300 M, eusina nyebutkeun tugas hiji kulawarga imam ka kota Nazaret kira taun 150 M, nu nunjukkeun yén éjahan éta geus dipaké ti baheula pisan.

Ngaran Arab an-Nāṣira

[édit | édit sumber]

Ngaran kota Nazarét dina basa Arab disebut an-Nāṣira, sedengkeun Nabi Isa (basa Arab: يَسُوع, Yasū`) ogé sok disebut an-Nāṣirī. Sebutan kitu nuduhkeun kabiasaan dina tradisi Arab pikeun masihan ngaran nurutkeun asal tempat atawa asal suku hiji jalma anu kawentar. Dina Al-Qur’an, umat Kristen disebut naṣārā, hartina "para pangikut an-Nāṣirī" atawa "jalma-jalma anu nuturkeun Isa ti Nazarét"[5]

Tradisi Karésten

[édit | édit sumber]

Yésus Kristus téh gedé di kota Nazarét, ku sabab éta anjeunna sok disebut “Yesus urang Nazarét” (tingali tulisan INRI). Ngaran Nazarét kamungkinan asalna tina kecap basa Ibrani “נצר” (netzer), anu hartina “tunas” atawa “taruk anu tumuwuh”. Dina Injil Matius 2:23, Yésus disebut “urang Nazarét” (basa Yunani: Nazōraios; basa Ibrani: netzeri), anu bisa dihartikeun “jalma asal Nazarét” atawa “Sang Tunas”. Sebutan éta nyambung jeung ramalan Nabi Yésaya dina kitab Yésaya pasal 11 ayat 1, nu nyebutkeun yén “tunas bakal kaluar tina tunggul Isai,” nyaéta bapana Raja Daud. Ku kituna, tulisan dina luhur kayu salib INRI nu biasana dihartikeun “Yeésus urang Nazarét, Raja urang Yahudi,” bisa ogé dihartikeun “Yésus Sang Tunas, Raja urang Yahudi.”[6]

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. Quigley, John (1996). Waart, Paul J.I.M. de; Brill, Köln E.J. (éd.). "Dictated by Consensus". Journal of Palestine Studies. 25 (3): 105–106. doi:10.2307/2538266. ISSN 0377-919X.
  2. Dumper, Michael; Stanley, Bruce (2007). Cities of the Middle East and North Africa: A Historical Encyclopedia (Dina basa Inggris). Bloomsbury Academic. ISBN 978-1-57607-919-5.
  3. Kanaaneh, Rhoda Ann (2002). Birthing the Nation: Strategies of Palestinian Women in Israel (Dina basa Inggris). University of California Press. ISBN 978-0-520-22379-0.
  4. Jeffrey, David Lyle (1992). A Dictionary of Biblical Tradition in English Literature (Dina basa Inggris). W.B. Eerdmans. ISBN 978-0-8028-3634-2.
  5. Antoun, Richard T.; Quataert, Donald (1991-01-01). Syria: Society, Culture, and Polity (Dina basa Inggris). SUNY Press. ISBN 978-0-7914-0713-4.
  6. The Full Life Study Bible. Life Publishers International. 1992. Teks Penuntun edisi Bahasa Indonesia. Penerbit Gandum Mas. 1993, 1994. Pemeliharaan CS1: Tahun (link)