Niklosamid

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Niklosamid
Ngaran sistimatik (IUPAC)
5-Chloro-N-(2-chloro-4-nitrophenyl)-2-hydroxybenzamide
Identifiers
Nomer CAS 50-65-7
Sandi ATC P02DA01 QP52AG03 (WHO)
PubChem 4477
DrugBank DB06803
ChemSpider 4322
Data kimia
Rumus C13H8Cl2N2O4 
Mass. mol. 327.119 g/mol
SMILES eMolecules & PubChem
Data fisika
Titik lééh 225–230 °C (437–446 °F)
Data farmakokinetik
Bioavailabilitas ?
Metabolisme ?
Waktu paruh ?
Eksresi urin
Therapeutic considerations
Kat. kehamilan

Katégori B

Legal status
Jalur Ngaliwatan baham

Niklosamid nu miboga ngaran dagang Nicloside[1] nyaéta ubar umum nu dipaké pikeun ngungkulan inféksi nu disababkeun ku cacing, Niklosamid kaasup kana jinis anthelmintik.[1][2][3] Ubar ieu kapanggih di taun 1958.[4]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Niklosamide nu kaasup kana jinis ubar anthelmintik ieu dipaké pikeun ngubaran inféksi nu disababkeun ku sababaraha jinis cacing pita, kayaning cacing kerdil (H. nana), nepi ka cacing pita ynu aya dina daging (T. saginata, T. solium, dan D. latum),[1] [5] cacing pita lauk, cacing pita dwarf, jeung cacing pita sapi.[6][7]

Numutkeun hiji artikel ti Cellular Signalling, ubar niklosamid aya kamungkinan miboga poténsi pikeun ngungkulan panyakit séjén kayaning.sababaraha panyakit kanker, inféksi bakteri jeung virus, diabetes tipe 2, nepi ka rheumatoid arthritis.[8] Ubar cacing ieu teu réaksi jeung inféksi cacing tipe lianna, kayaning cacing kremi atawa cacing gelang.[8][9]

Cara gawé[édit | édit sumber]

Niklosamid gawé kucara maéhan cacing pita dina jero awak, cacing pita dewasa (lain endogna) biasana gancang dipaéhan, kusabab leupasna fosforilasi oksidatif atawa stimulasi aktivitas ATPase. Cacing-cacing nu geus dipaéhan ieu tuluy dikaluarkeun ngaliwatan tinja atawa kadang diancurkeun di usus. Niklosamid bisa gawé salaku moluskisida ku cara ngiket jeung ngarusak DNA.[2][8]

Cara maké[édit | édit sumber]

Pikeun maké bar ieu, saluyu jeung anjuran dokter atawa apoteker. Ieu di handap sababaraha cara pikeun nginum ieu ubar:[6][10]

  • Niklosamid bisa diinum sajam atawa dua jam snggeus dahar. Masingkeun kitu, pikeun ngurangan résiko nyeri beuteung, ubar ieu alusna mah diinum sanggeus dahar
  • Tablet niklosamid kudu digayem nepi ka bener-bener ancur, tuluy diteureuy maké cai.
  • Saacan méré ubar ieu ka budak leutik, ancurkeun hehula tablét ubar ieu nepi ka lemes, tuluy campurkeun jeung cai saeutik.
  • Pikeun ngungkulan cacing pita tina daging sapi, atawa tina lauk, pastikeun nginumna saluyu jeung nu diisntruksikeun ku dokter, sok sanajan pikeun sababaraha jalma dosis tunggal bisa ngungkulan inféksi ieu, tapi aya dina sababaraha kasus, dosisi tambahan bisa ogé diperlukeun.
  • Pikeun ngungkulan inféksi cacing pita dwarf, pastikeun anjeun nginum ubar ieu salila tujuh poé nepi ka perawatanna bener-bener anggeus. Mun anjeun eureun wanci keur nginum ubar ieu, résiko katarajang ku ieu cacing beuki gedé.

Cara nyimpen[édit | édit sumber]

Pikeun nyimpen ubar Niklosamid ieu, simpen di wadah nu katutup, dina suhu kamar, jauh ti panas, lembab, sarta panonpoé langsung., ulah disimpen dikamar mandi. Jauhkeun tina titik beku sarta ti budak leutik.[1] Ulah nyimpen ubar nu geus heubeul atawa geus teu diperlukeun deui. Mun anjeun geus teu maké ubar ieu atawa mun geus kadaluwarsa, piceun ubar ieu saluyu jeung aturanna. Salah sahijina ulah nyampurkeun ubar ieu jeung runtah biasa, ulah ogé miceun ubar ieu ka jajalaneu cai kayaning jamban. Tanyakeun ka apotéker atawa dinas nu aya patalina pikeun ngungkulan limbah médis.[8][11][12]

Hal nu kudu diperhatikeun[édit | édit sumber]

Saacan nginum ubar niklosamid aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun, kayanging:[6][8]

  • Jéntrékeun ka dokter atawa apotéker mun anjeun miboga alérgi ka ubar niklosamid atawa ubar séjénna.
  • Jéntrékeun ka dokter atawa apotéker mun anjeun keur nginum ubar séjén, boh resép ti dokter tawa lain kaasup vitamin.
  • Jéntrékeun ka dokter atawa apotéker mun anjeun anjeun keur kakandungan, miboga rencana keur hamil atawa keur nyusuan.

Salian ti hal nu di luhur geus dijéntrékeun, ubar ieu kaasup ka résiko kahamilan katégori B numutkeun US Food and Drugs Administration (FDA). Ieu di handap référénsi katégori kahamilan numutkeun FDA:

  • A= Teu miboga résiko,
  • B=Teu miboga résiko dina sababaraha panalungtikan,
  • C=Kamungkinan miboga résiko,
  • D=Aya bukti positif tina résiko,
  • X=Kontraindikasi,
  • N=Teu dipikanyaho

Interaksi Niklosamid[édit | édit sumber]

Interaksi ubar bisa ngarobah gawé niklosamid, atawa bisa ningkatkeun tingkat résiko éfék samping nu leuwih serius. Simpen daftar sakabeh produk ubar nu dipaké ku anjeun (kaasup ubar resép atawa lain, sarta produk herbal), jeung utamana ulah poho konsultasikeun ka dokter saacan anjeun nginum ubar ieu. Ulah maké sarta ngeuruenkeun, atawa ngaganti dosis dokter saacan meunang persetujuan dokter. [6]

Salian ti ubar, kadaharan ogé bisa nyababkeun interaksi jeung niklosamid, salah sahiji conto nu geus ilahar nyaéta alkohol jeung bako, ulah nginum alkohol salila keur pamakéan ubar ieu. Sarta aya saabaraha kaayaan kaséhatan nu aya kamungkinan interaksi jeung niklosamid, jéntrekeun ka dokter ngeunaan kaayaan kaséhatan saacan urang ngonsumsi ubar ieu.[8]

Éfék samping[édit | édit sumber]

Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum niklosamid:[1][6][8]

Niklosamida bisa nyababkeun éfék samping dapat menyebabkan efek samping kayaning:

  • Diaré
  • Nyeri beuteung
  • Leungitna kahayang dahar
  • Sebel atawa utah

Sok sanajan jarang karandapan ieu di handap sababaraha kaayaan nu bisa narajang kusabab éfék samping tina niklosamid:

Lamun anjeun ngarandapan kaayaan alérgi nu leuwih parna (anafilaktik) kana ubar ieu, , geura tepungan dokter, sababaraha kaayan alérgi nu parna ieu kayaning:

  • Arateul
  • Hésé rénghap
  • Barareuh dina beungeut, biwir, létah, atawa tikoro

Teu sakabéh jalma ngalaman 'éfék samping sarua. Kamungkinan aya sababaraha éfék samping nu teu disebutkeun di luhur. Mun anjeung ngarasa ringrnag bisa tuluy dikonsultasikeun ka dokter atawa apotéker.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e "Niclosamide Advanced Patient Information". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-15. 
  2. a b "Niclosamide". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-15. 
  3. "MedlinePlus Drug Information: Niclosamide (Oral)". web.archive.org. Diakses tanggal 2020-06-15. 
  4. Mehlhorn, Heinz.; Aspöck, Horst. Encyclopedia of parasitology (3rd ed ed.). Berlin. ISBN 978-3-540-48996-2. OCLC 233974520. 
  5. "Obat Cacing dan Efek Sampingnya". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-16. 
  6. a b c d e "Niclosamide | Fungsi, Cara Pemakaian, Dosis, Efek Samping". SehatQ (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2020-06-15.  Archived 2021-10-18 di Wayback Machine
  7. PubChem. "Niclosamide". pubchem.ncbi.nlm.nih.gov. Diakses tanggal 2020-06-15. 
  8. a b c d e f g "Niclosamide : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-15. 
  9. Chen, Wei; Mook, Robert A.; Premont, Richard T.; Wang, Jiangbo (2018-1). "Niclosamide: Beyond an antihelminthic drug". Cellular Signalling 41: 89–96. doi:10.1016/j.cellsig.2017.04.001. ISSN 0898-6568. PMC 5628105. PMID 28389414. https://www.ncbi.nlm.nih.gov/pmc/articles/PMC5628105/. 
  10. "Niclosamide (Oral Route) Proper Use - Mayo Clinic". www.mayoclinic.org. Diakses tanggal 2020-06-16. 
  11. "MedlinePlus Drug Information: Niclosamide (Oral)". web.archive.org. Diakses tanggal 2020-06-16. 
  12. "Drugs & Medications". www.webmd.com. Diakses tanggal 2020-06-16.