Novel

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti Novèl)
Luncat ka: pituduh, sungsi

Novel nyaéta karya sastra wangun prosa naratif fiksi nu caritana diatur dipapantes, nepi ka anu macana jaba ti ngarti, bari bisa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon nu kasebut dina éta carita.[1][2]Galur caritana leuwih rumit lamun dibandingkeun jeung carpon atawa carita pondok, lantaran jumlah kajadianna kawilang réa, sarta diwangun ku sababaraha épisodeu.[2] Novel asalna tina basa Italia ''novella'', dina basa Jerman ''novelle'', sarta di basa Yunani ''novellus'', tuluy asup ka Indonesia jadi novel.[3] Istilah-istilah éta téh hartina sarua nyaéta karya prosa fiksi nu panjangna cakupan, teu panjang teuing ogé teu pondok teuing.[3] Novel biasana diwangun ku leuwih ti 40.000 kecap, turta miboga ajén-ajén norma saperti ajén sosial, ajén étnik, ajén hédonik, ajén spirit, ajén koléktif, jeung ajén struktural.[3]

Babandingan novel jeung carpon[édit | édit sumber]

Novel Carpon
aya konflik batin[4] teu kudu aya[4]
watek palaku digambarkeun detail[4] watek palaku digambarkeun singget[4]
galur carita leuwih rumit[4] galur carita leuwih sederhana[4]
latar leuwih lega jeung waktuna leuwih lila[4] latar jeung waktu kawawatesanan[4]
wangunna leuwih panjang[4] wangunna leuwih pondok[4]
jumlah kecap dina novel minimal 35.000 kecap[4] jumlah kecap dina carpon maksimal 10.000 kecap[4]

Sajarah kamekaran novel sunda[édit | édit sumber]

Sabada urang Sunda diajar di sakola nu diadegkeun ku pamaréntah Walanda, gelar rupa-rupa karya sastra nu mangrupa pangaruh kulon saperti roman, nu ayeuna disebut novel.[5]Sakapeung éta dua istilah téh dianggap sarua, tapi aya ogé nu nganggap yén éta istilah téh aya bédana.[5]Ayana penerbitan nu harita diadegkeun ku pamaréntah Walanda, Commissie voor de Volkslectuur, nu ayeuna jadi Balé Pustaka, nu diadegkeun dina taun 1908, mangrupa hiji badan nu mantuan hirup huripna pangarang-pangarang jaman harita.[5]karangan-karangan nu diterbitkeunna mangrupa tulisan anu teu papalingpang jeung aturan pamaréntah, nu raket patalina jeung tujuan pamaréntah kolonial.[5]Lian ti Balé Pustaka, aya panerbit swasta saperti Dachlan Bekti jeung M.I Prawirawinata di Bandung nu mantuan nyeuyeuban hirup huripna sastra Sunda.[5]penerbit swasta mah leuwih bébas ngaluarkeun terbitanna.[5]Sabada Indonésia merdeka, novel sunda téh beuki ngeuyeuban, saperti Baruang ka nu Ngarora, Carios Radén Ustama, Ceurik Abdi, jsb.[5]Salian ti novel-novel éta, aya ogé novel-novel anu dicitakna mangrupa buku-buku laleutik, nepi ka hiji judul téh jadi sababaraha jilid. Novel-novel nu kieu téh kaitung laku dijual sabab salian ti bisa ditungtut dibeulina, promosi ngaliwatan radio kacida ngarojongna.[6] Éta buku téh dibaca ku penyiar sarta dijomantarakeun mangrupa dongéng énténg.[6]Lantaran dibacana nyambung sarta sok dipotong palebah nu dianggap ramé ku nu ngadéngékeun, biasana mah nu ngadéngékeun jadi panasaran.[6] Salian ti éta novel-novel nu dianggap ramé ku nu macana biasana leuwih payu.[6] Upama éta buku aya di taman bacaan, nu maca leuwih babari néanganana.[6] ku kituna, dibandingkeun jeung novel nu dianggap ngandung ajén sastra, carita-carita modél kieu mah leuwih dipikawanoh ku masarakat.[6]


Unsur-unsur nu ngawangun novel[édit | édit sumber]

Téma[édit | édit sumber]

Téma téh nyaéta anu jadi jejer utama atawa ide utama pamikiran pangarang anu timbul tina pasulan hirup.[7]Téma mangrupa unsur penting lantaran bisa nunjukkeun pasualan nu rék ditepikeun ku pangarang dina éta karyana.[7] Téma anu dipilih bisa ngeunaan tangtungan hirup, ajaran agama, adat istiadat, ajaran moral, jeung sajabana.[7]

Galur[édit | édit sumber]

Galur mangrupa runtuyan kajadian atawa kagiatan nu aya dina hiji carita.[7]Pangarang ngamiitian carita ngaliwatan hiji kajadian anu matak panasaran atawa nimbulkeun pananya, atawa suspense.[7] Sanggeus kitu maju kana klimaks, sarta ahirna nepi ka réngséna masalah.[7]

Latar[édit | édit sumber]

Latar atawa sétting nyaéta gambaran waktu, kaayaan pajamanan, patempatan, lingkungan, suasana, jeung saterusna nu ngalantarankeun kajadian carita.[7] Tegesna mangrupa salasahiji dina adegan karangan.[7] Merenah henteuna milih latar jeung ngadéskripsikeunana milu nangtukeun ajén karangan.[7]

Palaku[édit | édit sumber]

Palaku nyaéta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita.[7]

Amanat[édit | édit sumber]

Amanat mangrupa pesen anu nyangkaruk dina hiji carita nu hayang ditepikeun panulis kanu maca.[7] Unggal carita, pasti pangarang mibanda maksud atawa hal-hal anu hayang ditepikeun ka nu maca, éta maksud pangarang téh mangrupa amanat.[7] Amanat aya anu langsung nembrak karasa ku nu maca, aya anu dibalibirkeun henteu togmol.[7] Amanat biasana nepikeun hiji ajaran moral, atawa pesen sangkan masarakat robah kaayaanana, boh kahirupan fisikna boh kahirupan batinna atawa rohanina.[7]

Papasingan novel[édit | édit sumber]

Novel bertendens[édit | édit sumber]

Novel bertendens téh nyaéta novel nu miboga tujuan nu tangtu.[7] Misalna dina hiji carita, pangarang némbongkeun akibat nu goréng tina hiji adat atawa kabiasaan, boh masarakat boh individu.[7]

Novel sosial[édit | édit sumber]

Novel sosial nyaéta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa. Si palaku bisa jadi mangrupa subyék, korban, atawa saksi éta kaayaan.[7]

Novel sajarah[édit | édit sumber]

Novel sajarah nyaéta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah.[7]

Novel psikologi[édit | édit sumber]

Novel psikologi nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utamana.[7]

Novel misteri[édit | édit sumber]

Novel misteri nyaéta anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina bagian ahir éta novel. Upamana baé nyaritakeun néangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan séjénna.[7]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. Satjadibrata,R.2008.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat
  2. a b Koswara,Dedi.2007.Racikan Sastra.Bandung
  3. a b c (id)http://www.definisionline.com/2010/11/pengertian-novel.html(Diaksés kaping 23 September 2011)
  4. a b c d e f g h i j k l (id) http://www.slideshare.net/buwarnisutopo/3-novel(Diaksés kaping 24 September 2011)
  5. a b c d e f g Ruhaliah.2010.Sajarah Sastra Sunda Modérn.Bandung.kaca 30
  6. a b c d e f Ruhaliah.2010.Sajarah Sastra Sunda Modérn.Bandung.kaca 34
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t (id) http://repository.upi.edu/operator/upload/t_bind_009795_chapter2.pdf(diaksés kaping 25 September 2011)