Obrolan Wikipedia:Keur lumangsung/Méi 2008
Tambah jejerKamana Ki Sunda Ku : Emon Suryadilaga
Sunda Hiji kalimah anu jadi ajimah Pikeun jalma anu nngaku dirina seuweu Siwi pajajaran Tapi geuning naha ilang Jati diri Sunda anu sajati
Sunda Larap kana basa jadi Sunda Nyanding kana diri jadi Sunda Nyurup kana laku jadi Sunda Nyarumah kana lemah jadi Sunda
Tapi geuning Larapna kana basa ngan saukur jadi tembang Nyandingna kana diri ngan saukur jadi akuan Nyurupna kana laku ngan saukur jadi igelan Nyarumahna kana lemah ngan saukur jadi ngaran
Kamana atuh Ki Sunda? Ilangna jati diri Sunda anu sajati Tilemna harkat Sunda Anu saenyana
Geuningan Ki Sunda Ki Sunda hirup geus hanteu nyunda
Geura Nyaring Ki Sunda Mapag diri Sunda sawawa Mapag harkat Sunda wibawa Gemah ripah repeh tur endah
Ngalarap kana basa, nyanding kana diri Nyurup kana laku,nyarumah kana lemah Jadi diri Sunda anu sajati
(SABAGIAN KALIMAH AYA NU DI CUTAT TINA "Kawih Tanah Sunda"...
Mulai diskusi tentang Wikipedia:Keur lumangsung/Méi 2008
Halaman pembicaraan merupakan tempat berdiskusi supaya konten di Wikipedia menjadi lebih baik. Anda dapat menggunakan halaman ini untuk berdiskusi dengan orang lain mengenai pengembangan halaman Wikipedia:Keur lumangsung/Méi 2008.