Lompat ke isi

Oerip Soemohardjo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Oerip Soemohardjo
Foto buram seorang pria mengenakan peci
Potret Oerip, c.1947
Panglima Tentara Nasional Indonesia|Kepala Staf Tentara Keamanan Rakyat ka-Ke-1
Masa jabatan
12 November 1945  November 1948
Pelaksana: 5 Oktober – 12 November 1945
Présidén Soekarno
Perdana Mentri Sutan Syahrir
Amir Syarifudin
Mohammad Hatta
Saméméhna Kantor didirikan
Sanggeusna Letjen Soedirman
Katerangan lian
Gumelar Muhammad Sidik
22 Februari 1893
Purworejo, Hindia Belanda
Pupus 17 Novémber 1948 (yuswa 55)
Yogyakarta, Indonesia
Pasaréan Taman Makam Pahlawan Kusumanegara
Pameget/istri Rohmah Soebroto (m. 1926)
Pangabdian militér
Kasatiaan
Layanan/cabang
Lila ngabdi 1914–1939, 1942, 1945–1948
Réngking
Komando Tentara Nasional Indonesia (komandan pelaksana tugas)
Patempuran/perang Perang Dunia II
Revolusi Nasional IndonesiaCitakan:Tree list

Oerip Soemohardjo atawa Jenderal TNI (Anumerta) Raden Oerip Soemohardjo (EYD: Urip Sumoharjo; 22 Pébruari 1893 – 17 Nopémber 1948) téh saurang jénderal jeung kapala staf umum Tentara Nasional Indonesia anu kahiji dina mangsa Révolusi Nasional Indonesia.[1] Anjeunna lahir di Purworejo, Hindia Walanda. Ti leuleutik, Oerip téh budak anu rada bengal tapi geus katingali miboga bakat mingpin ti umur ngora kénéh.[2]

Kolotna miharep Oerip bisa nuturkeun tapak léngkah aki anu kungsi jadi bupati, ku sabab éta sanggeus tamat sakola dasar, anjeunna dikirim ka Sakola Pendidikan Pagawé Pribumi (OSVIA) di Magelang. Waktu Oerip keur asup taun kadua di sakola éta, indungna pupus, tuluy Oerip mutuskeun pikeun eureun sakola sarta ngaléngkah kana atikan militer di Meester Cornelis, Batavia (ayeuna Jatinegara, Jakarta).[2]

Sanggeus lulus taun 1914, anjeunna jadi letnan di Koninklijk Nederlands-Indische Leger (KNIL), nyaéta tentara pamaréntah kolonial Walanda. Dina waktu tugasna ampir 25 taun, Oerip kungsi ditempatkeun di tilu pulo béda sarta sababaraha kali meunang promosi pangkat, nepi ka ahirna jadi perwira pribumi kalayan pangkat pangluhurna di KNIL.[3]

Kahirupan Oriep Soemaharjo

[édit | édit sumber]

Jénderal militer anu jadi salah sahiji tokoh penting dina ngawangun Markas Besar TKR di Yogyakarta ieu lahir di Purworejo, Jawa Tengah, tanggal 22 Pébruari 1893, sarta pupus di Yogyakarta tanggal 17 Nopémber 1948. Sanggeus lulus ti OSVIA Magelang taun 1910, anjeunna nuluykeun diajar kana kursus Islandsche Officier taun 1911–1914. Sanggeus lulus, anjeunna diangkat jadi letnan dua infantri sarta ditugaskeun ka Batalyon XII, tuluy dipindahkeun deui ka Kalimantan Tenggara taun 1914–1917.[4]

Dina taun 1917, anjeunna hasil ngalangkungan ujian kasetaraan jeung perwira Walanda. Salila kurang leuwih 10 taun, anjeunna sok pindah-pindah tugas ti hiji batalyon ka batalyon séjén. Waktu mulang ti liburan di Éropa kalayan pangkat mayor, anjeunna diangkat jadi komandan Batalyon Depot II — jabatan anu jadi tugas militérna anu terakhir. Ti paménta sorangan, anjeunna tuluy mundur kalayan hormat taun 1938, meunang hak pensiun jeung pangajén tina jasa-jasa militérna.[4]

Sanggeusna, anjeunna cicing di Gentan, deukeut Gunung Merapi di kalér Yogyakarta. Dina taun 1940, anjeunna kabawa kana mobilisasi umum sarta dipanggil deui pikeun ngawula nepi ka Pamaréntah Hindia Walanda (KNIL) nyerah ka Jepang dina Maret 1942. Anjeunna kungsi dijadikeun tahanan Jepang salila tilu bulan di Cimahi, tuluy balik deui ka Gentan sarta henteu aktip dina kagiatan nanaon salila taun 1942–1945.[4]

Sanggeus Républik Indonésia diadegkeun tanggal 17 Agustus 1945, Oerip dipanggil pikeun ngabentuk organisasi tentara nurutkeun kaputusan tanggal 5 Oktober 1945 ngeunaan ngadegna TKR. Sababaraha mantan perwira KNIL dikumpulkeun pikeun musyawarah, sarta maranéhna sapuk yén geus henteu kabeungkeut deui ku sumpah KNIL, sarta milih satia ka pamaréntah Républik Indonésia. Anjeunna tuluy ngawangun Markas Besar Tentara Nasional di Yogyakarta, sarta Oerip diangkat jadi Ketua Staf Umum dina tanggal 20 Oktober 1945.[4]

Oerip pupus lantaran kasakit jantung, sarta dimakamkeun di Taman Makam Pahlawan Semaki Yogyakarta. Pikeun jasa-jasa anu gedé pisan, anjeunna dianugerahkeun pangkat jénderal anumerta sarta sababaraha pangajén, di antarana Bintang Sakti (1959), Bintang Mahaputra (1960), Bintang Republik Indonesia (1967), jeung Bintang Kartika Eka Paksi Utama (1968). Anjeunna ogé ditetepkeun minangka Pahlawan Nasional, sarta pikeun ngélingan jasa-jasana, ngaranna diabadikeun jadi ngaran jalan utama di Jakarta.[4]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Jo, Hendi. "Oerip Soemohardjo yang Kecewa". Historia.ID (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-11-09.
  2. 1 2 Imran, Amrin (1993). Oerip Soemohardjo. CV. MANGGALA BHAKTI.
  3. "Profil Singkat Oerip Soemohardjo: Kepala Staf Umum TKR Pertama di Indonesia - Bintang Bangsa" (Dina basa Inggris (Britania)). Diaksés tanggal 2025-11-09.
  4. 1 2 3 4 5 "WebCite query result". www.webcitation.org. Diaksés tanggal 2025-11-09.