Onkogén
Onkogén (basa Inggris: oncogene) nyaéta gén anu geus ngalaman modifikasi nepi ka bisa ningkatkeun kaganasan sél tumor. Onkogén biasana boga peran dina tahap awal kabentukna tumor. Onkogén ningkatkeun kamungkinan sél normal robah jadi sél tumor, anu ahirna bisa nimbulkeun kanker. Panalungtikan panganyarna némbongkeun yén RNA pondok (small RNA) kalayan panjang 21–25 nukléotida anu dipikawanoh minangka RNA mikro (miRNA) bisa ngadalikeun kagiatan onkogén.
Onkogén mimiti kapanggih ku Francis Peyton Rous dina taun 1910[1], nalika nalungtik tumor dina unggas anu bisa ditularkeun ka mahluk séjén lantaran ngandung sél sarkoma anu miboga rétrovirus, anu saterusna dingaranan RSV (Rous sarcoma virus).[2]
Dina taun 1976, Dr. John Michael Bishop jeung Dr. Harold E. Varmus ti Universitas California, San Francisco ngabuktikeun yén onkogén asalna tina proto-onkogén anu ngalaman karuksakan. Proto-onkogén geus kapanggih dina loba organisme, kaasup manusa. Tina ieu panalungtikan anu kacida pentingna, Dr. Bishop jeung Dr. Varmus meunang Hadiah Nobel dina taun 1989.
Proto-onkogén
[édit | édit sumber]Proto-onkogén nyaéta gén normal anu bisa robah jadi onkogén lamun ngalaman mutasi, atawa lamun tingkat ékspresina ningkat. Proto-onkogén ngode protéin anu diperlukeun ku sél pikeun régulasi perkembangbiakan jeung diférénsiasi. Proto-onkogén mindeng kapanggih boga peran dina transduksi sinyal jeung palaksanaan sinyal mitogén, anu biasana dilakukeun ku produk protéin anu dihasilkeunna. Sanggeus diaktipkeun, proto-onkogén atawa produkna bisa jadi panginduksi tumor anu disebut onkogén.
Aktipasi
[édit | édit sumber]Proto-onkogén bisa robah jadi onkogén ku robahan leutik dina fungsi aslina. Aya dua jinis aktipasi, nyaéta:
- Kajadian mutasi dina hiji onkogén anu ngakibatkeun robahna struktur protéin, alatan:
- Ningkatna konséntrasi protéin, alatan:
- ningkatna ékspresi protéin kusabab kasalahan régulasi,
- ningkatna stabilitas protéin anu ngajadikeun ayana jeung kagiatan protéin dina sél jadi leuwih lila,
- duplikasi gén anu ngakibatkeun ningkatna jumlah protéin dina sél.
Jinis
[édit | édit sumber]- v-erbA nyaéta protéin onkogén anu asalna tina proto-onkogén c-erbA tipe alfa, anu mangrupa réseptor inti pikeun hormon T3/T4[3] jeung asam rétinoat,[4] anu diaktipkeun ku avian erythroblastosis virus (AEV).[5] Aktipasi ieu bisa ngakibatkeun leukémia dina hayam ku cara ngahalangan diférénsiasi sél progénitor éritrosit sarta micu transformasi sarkoma.[4]
- bcl-2 nyaéta hiji proto-onkogén anu diaktipkeun ku translokasi kromosomal dina limfoma, tuluy robah jadi onkogén anu ngahalangan apoptosis sél limfoid. Dina kaayaan normal, gén bcl-2 nyimpen inpormasi protéin tina mémbran mitokondria sisi jero, rétikulum éndoplasma, jeung mémbran inti sél, sarta boga fungsi minangka bagian tina zat antioksidan anu ngahalangan péroksidasi lipid dina mémbran sél.
Sumber rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Rous, P. (1979-10-01). "A transmissible avian neoplasm. (Sarcoma of the common fowl) by Peyton Rous, M.D., Experimental Medicine for Sept. 1, 1910, vol. 12, pp.696-705". The Journal of Experimental Medicine. 150 (4): 738–753. doi:10.1084/jem.150.4.729. ISSN 0022-1007. PMC 2185676. PMID 229185.
- ↑ Pierotti, Marco A.; Sozzi, Gabriella; Croce, Carlo M. (2003). Discovery and identification of oncogenes (Dina basa Inggris). BC Decker.
- ↑ Disela, C.; Glineur, C.; Bugge, T.; Sap, J.; Stengl, G.; Dodgson, J.; Stunnenberg, H.; Beug, H.; Zenke, M. (1991-11). "v-erbA overexpression is required to extinguish c-erbA function in erythroid cell differentiation and regulation of the erbA target gene CAII". Genes & Development. 5 (11): 2033–2047. doi:10.1101/gad.5.11.2033. ISSN 0890-9369. PMID 1682217.
- 1 2 Samarut, J. (1991). "[V-erbA oncogene, model of oncogenic activation of hormone receptor]". Annales D'endocrinologie. 52 (6): 397–401. ISSN 0003-4266. PMID 1668630.
- ↑ Bauer, A.; Mikulits, W.; Lagger, G.; Stengl, G.; Brosch, G.; Beug, H. (1998-08-03). "The thyroid hormone receptor functions as a ligand-operated developmental switch between proliferation and differentiation of erythroid progenitors". The EMBO journal. 17 (15): 4291–4303. doi:10.1093/emboj/17.15.4291. ISSN 0261-4189. PMC 1170763. PMID 9687498.