Opu Daeng Risadju
| Opu Daeng Risadju | |
|---|---|
| [[File:Gambar:Opu Daeng Risadju.png|frameless|alt=]] Opu Daeng Risadju, Pahlawan Nasional ti Sulawesi Kidul. | |
| Gumelar | 1880 Palopo, Hindia Walanda |
| Tilar dunya | 10 Februari 1964 (yuswa 84) Parepare, Sulawesi Kidul |
| Kabangsaan | Indonésia |
| Pagawéan | Pejuang Kamerdikaan |
| Dipikawanoh salaku/lantaran | Tokoh Partai Syarikat Islam Indonesia (PSII) |
| Pasangan | Haji Muhammad Daud |
| Kolotna | Muhammad Abdullah To Baresseng (bapa), Opu Daeng Mawellu (indung) |
Opu Daeng Risadju nyaéta pejuang awéwé asal Sulawesi Kidul anu jadi Pahlawan Nasional Indonésia.[1] Opu Daeng Risadju miboga ngaran leutik Famajjah. Opu Daeng Risadju téh mangrupikeun gelar kabangsawanan Karajaan Luwu anu napel ka Famajjah ku sabab manéhna mémang anggota kulawarga bangsawan Luwu. Opu Daeng Risadju téh anak ti pasangan Opu Daeng Mawellu jeung Muhammad Abdullah to Barengseng anu lahir di Palopo dina taun 1880.[1]
Mangsa ngora
[édit | édit sumber]Famajjah lahir taun 1880, minangka anak ti Muhammad Abdullah To Baresseng jeung Opu Daeng Mawellu. Ieu kulawarga dianggap kulawarga bangsawan. Salaku kalolobaan urang Islam dina mangsana, Famajjah ngan ukur diajar ngaji Al-Qur'an henteu sakola formal. Manéhna tuluy kawin jeung Haji Muhammad Daud, sarta dipikawanoh ku ngaran Opu Daeng Risadju.
Ieu kulawarga kungsi cicing di Parepare, hiji kota palabuan séjén di Sulawesi Kidul anu nyanghareup ka Selat Makassar.[2] Ti saprak wawuh jeung H. Muhammad Yahya, Opu Daeng Risadju mimiti aub di Partai Syarikat Islam Indonésia (PSII). Yahya nyaéta sudagar Sulawesi Kidul anu geus lila matuh di Jawa sarta ngadegkeun PSII di Paré-Paré. Sanggeus gabung, Opu Daeng Risadju jeung salakina muka PSII di Palopo dina 14 Januari 1930.
Paresmian PSII Palopo dibarengan ku rapat akbar di Pasar Lama Palopo (ayeuna Jalan Landau). Rapat dihadiran ku pamaréntah Karajaan Luwu, pangurus PSII puseur, inohong masarakat, jeung masarakat umum. Hasil rapat ngaresmikeun Opu Daeng Risadju jadi ketua. Ari dulurna, Mudehang, jadi sekretaris. Mudehang dipilih ku sabab manéhna tamatan sakola dasar lima taun anu bisa maca jeung nulis.[1]
Perjuangan jeung Lalawanan
[édit | édit sumber]Opu Daeng Risadju dipikawanoh ku lébér wawanén dina ngalawan kolonial Walanda. Sanajan asalna ti kulawarga bangsawan, manéhna leuwih milih babarengan jeung rahayat leutik pikeun bajoang. Nalika Walanda mimiti ngarasa kaancam ku gerakanana, pihak kolonial nyoba mangaruhan pihak kulawarga Karajaan Luwu sangkan ngeureunkeun ‘’’aktivitas ‘’’ Opu.
Tapi, sumanget juangna teu kungsi pareum, sanajan kudu nyanghareupan hukuman anu beurat.[3]
Nalika mangsa pangeuyahan Jepang, teu loba kagiatan anu dipigawé ku Opu Daeng Risadju di PSII. Hal ieu ku sabab pamaréntahan Jepang nyaram ayana kagiatan politik Organisasi Pergerakan Kabangsaan, kaasup PSII. Opu Daeng Risadju mimiti aktif deui dina mangsa revolusi di Luwu.[4]
Ku sabab pangrojong ti rahayat anu kacida gedéna, pihak Walanda mimiti nahan Opu sangkan teu nuluykeun perjuanganana di PSII. Pihak Walanda anu gawé bareng jeung controleur afdeling Masamba nganggap Opu ngahudang amarah rahayat sarta ngalakukeun tindakan provokatif sangkan rahayat teu percaya deui ka pamaréntah. Ahirna, Opu dihukum di pangadilan sarta dicabut gelar kabangsawananana. Teu ukur éta, tekenan ogé dibéré ka salaki jeung pihak kulawarga Opu sangkan ngeureunkeun kagiatanana di PSII.[5]
Tahanan sarta Ahir Hirup
[édit | édit sumber]Opu Daeng Risadju tuluy katéwak ku tentara NICA di Lantoro sarta dibawa ka Watampone ku cara leumpang sapanjang 40 km. Opu Daeng Risadju tuluy ditahan di panjara Bone salila sabulan tanpa dihukum di pangadilan, tuluy dipindahkeun ka panjara Sengkang, sarta dipindahkeun deui ka Bajo.
Opu Daeng Risadju tuluy dibébaskeun tanpa dihukum di pangadilan sanggeus 11 bulan ngajalanan tahanan. [6] Salila dina tahanan, Opu ngalaman rupa-rupa panyiksaan ti pihak Walanda. Salah sahiji akibat tina éta panyiksaan téh nyaéta manéhna jadi rada torék atawa kurang pangrungu nepi ka ahir hayatna. [7]
Hal ieu jadi saksi bisu kumaha kerasna perjuangan manéhna demi kamerdikaan Indonésia.[8]
Opu Daeng Risadju tuluy balik ka Bua sarta matuh di Belopa. Dina taun 1949, Opu Daeng Risadju pindah ka Pare-Pare nuturkeun anakna, Haji Abdul Kadir Daud. Opu Daeng Risadju pupus dina yuswa 84 taun, dina tanggal 10 Pébruari 1964. [9] Dimakamkeunana di astana raja-raja Lokkoe di Palopo tanpa aya upacara kahormatan. [10]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 JawaPos, Zetizen. "Opu Daeng Risadju Wanita Buronan Nomor Satu Belanda dari Sulawesi Selatan". Jawapos (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-03-03. Archived 2022-08-10 di Wayback Machine
- ↑ Matanasi, Petrik (2018-04-19). "Opu Daeng Risadju Menentang Kolonialisme di Usia Senja". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-03-03.
- ↑ Direktorat Kepahlawanan. "Profil Pahlawan Nasional Opu Daeng Risadju". Kementerian Sosial RI (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-03-03. Archived 2020-12-24 di Wayback Machine
- ↑ "Janji NICA Berikan Hadiah Bagi Penangkap Opu Daeng Risaju (bagian 2)". Republika Online (Dina basa Indonesia). 2014-11-10. Diaksés tanggal 2025-03-03.
- ↑ "Profil Opu Daeng Risadju". merdeka.com (Dina basa Indonesia). 2025-03-03. Diaksés tanggal 2025-03-03.
- ↑ Lopa, Baharuddin (1970). Sejarah Perjuangan Kebebasan Indonesia di Sulawesi Selatan. Makassar: Pemerintah Daérah Propinsi Sulawesi Selatan. hlm. 120–125.
- ↑ Arfah, Muhammad (1991). Biografi Pahlawan Opu Daeng Risadju (Dina basa Indonesia). Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
- ↑ "Opu Daeng Risaju, Penjara Bawah Tanah dan Disiksa Hingga Tuli (bagian 3)". Republika Online (Dina basa Indonesia). 2014-11-10. Diaksés tanggal 2025-03-03.
- ↑ "Daftar Nama Pahlawan Nasional". Kemensos RI. Diaksés tanggal 2026-01-23. Archived 2020-12-24 di Wayback Machine
- ↑ Arfah, Muhammad (1991). Biografi Pahlawan Opu Daeng Risadju. Depdikbud.