Orbit

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Dua banda nu massana rada béda ngurilingan hiji puseur massa babarengan. Ukuran, katut jinis orbit nu kieu téh kawas sistem Pluto-Charon.

Dina fisika, orbit nyaéta jalur nu diliwatan ku objék, di sabudeureun objék lianna, dina pangaruh gaya tinangtu. Orbit munggaran dianalisis sacara matématis ku Johannes Kepler nug ngarumuskeun hasil perhitunganana dina hukum Kepler ngeunaan gerak planét. Anjeunna manggihan yén orbit planet dina surya mandala urang wangunna élips tur lain buleudan atawa épisiklus kawas nu saméméhna dipercaya ku balaréa.

Sajarah[édit | édit sumber]

Panneau travaux.png Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Indonésia.
Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun.

Isaac Newton nunjukkeun yén hukum Képler bisa diturunkan tina téori grapitasi. Umumna mah, oyag banda dina lingkup pangaruh grapitasi mangrupa lilintas anu wangunna keureutan congcot. Newton saterusna nunjukkeun yén sapasang banda bakal silih ngurilingan ku anggang anu babanding tibalik jeung massana sarta kira-kira titik puseur massa (t.p.m.) gabungan tina dua banda tadi. Mun salah sahiji banda murag leuwih badag (massive) batan tinu hiji deuina, mangka t.p.m. na bakal ngadeukeutan t.p.m. banda anu leuwih badag tadi.

Orbit Marcapada[édit | édit sumber]

Oyag marcapada nyanghareup panonpoé ku wangun élips. Marcapada ngorbit ngurilingan panonpoé jeung bulan ngoyag ngorbit ngurilingan marcapada.

Peran sajeroning épolusi téori atom[édit | édit sumber]

Dina sabot struhtur atom munggaran ditalungtik pas awal abad ka-20, atom digambarkeun minangka surya mandala leutik anu dikaitkeun jeung Gaya Coulomb. Modél ieu teu saluyu jeung éléktrodimanika ogé modél ieu ku cara lalaunan dibenerkeun luyu jeung parobahan téori kuantum. Lian ti kitu, aya kénéh baé istilah titilar "orbit" pikeun ngagambarkeun ayana énérgi éléktron dina ngurilingan nukleus atom.

Pranala luar[édit | édit sumber]


Science.jpg