Lompat ke isi

Pachystachys lutea

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pachystachys lutea
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Pachystachys lutea
Ngaran binomial
Pachystachys lutea

Pachystachys lutea atawa sok dipikawanoh ogé ku ngaran Kembang lilin, Udang Emas, jeung Kembang Lolipop[1] nyaéta tutuwuhan anu sumebar ti Péru nepi ka Brasil Kalér, utamina di wewengkon anu miboga bioma tropis baseuh.[2] Tutuwuhan ieu Mindeng ditanem di pakarangan minangka tutuwuhan hias ogé sok dijadikeun tutuwuhan ubar. Sadaya bagéanna ti kawit dangdaunan, kembang, nepi akar bisa dipaké ubar boh dina kaayaan seger boh dina kaayaan garing.[1]

Ciri-Ciri

[édit | édit sumber]

Ditilik tina widang élmu Agroekologi, Pachystachys lutea biasa tumuwuh subur dina ukuran jangkung 10-1.500 m dpl. Tuwuhan ieu resep kana taneuh anu subur, gembur, di sahandapeun sinar panonpoé. Ogé bisa tumuwuh di ampir sagala jinis taneuh, kaasup taneuh pasir, taneuh liat, taneuh lempung atawa taneuh anu saeutik asam atau basa. Nanging teu cocog ditanem di tepi pantai.[1]

Salain ti éta, Pachystachys lutea bisa ogé dipikawanoh ku ciri-ciri Morfologi[1]:

  • Akar serabut, coklat héjo.
  • Batang buleud, ngaruas-ruas, kasar, jeung warna héjo coklat.
  • Daun tunggal, warna héjo, silangan pahareup-hareup, teu bertangkai.
  • Daun ngabentuk lanset, ujung jeung pangkalna méncos, jeung tulang daunna nyirip.
  • Kembang loba, kaluar di ujung batang atawa cabang, bulir jeung seludang kembang ngabentuk oval, ujung méncos, disusun siga bonggol, koneng.
  • Mahkota kembang ngabentuk paruh.
  • Buah kotak, buleud endog, kasar, kalayan panjang nepi ka 3-8 cm, lembut, jeung warna bodas.
  • Siki buleud, loba, teuas, hideung.

Kagunaan

[édit | édit sumber]

Salah sahiji panalungtikan nyebutkeun masarakat sok maké Pachystachys lutea pikeun ubar batuk, muriang, flu, rambut rontok, diaré, cacingeun, ogé pneumonia.[3] Saperti conto:

  • Ubar Diaré: Kumbah nepi ka bersih 60 g daun kembang lolipop. Godog 1 gelas cai (400 ml) nepi ka ngagolak salila 15 menit. Saring, sareng sanggeus tiis inum sakaligus, inumna 2-3 kali sapoé.[1]
  • Ubar Cacingeun: Kumbah nepi bersih 30 g akar kembang lolipop, tuluy golotrokkeun 200 ml cai nepi ka ngagolak salila 5 menit, saring. Sanggeus tiis, inum 2 kali sapoé isuk jeung sore.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 "Pachystachys lutea". www.socfindoconservation.co.id. Diaksés tanggal 2025-03-01.
  2. "Pachystachys lutea Nees | Plants of the World Online | Kew Science". Plants of the World Online (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-03-01.
  3. Wicaksono, Adhityo; Raihandhany, Reza (2023-05-29). "Bioprospeksi Bunga Lolipop (Pachystachys lutea Nees) sebagai Sumber Alternatif untuk Produksi Gula". Jurnal Sumberdaya Hayati. 9 (2): 63–69. doi:10.29244/jsdh.9.2.63-69. ISSN 2477-037X.