Lompat ke isi

Pais lauk

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Pais Lauk)

Pais lauk nyaéta kadaharan urang Sunda nu kiwari geus kawentar sanasional. Sok sanajan sarwa lauk darat enas-enasna bisa dipais, tapi nu ilaharna dipais mah lauk emas, copélna nu beuratna ngan satengah kilo. Nu panghadéna dijieun pais nyaéta lauk emas bibit nu keur endogan kurang leuwih 2 kg.

Cara Nyieunna

[édit | édit sumber]

Mimitina lauk emas dibérésihan, kokotorna dina beuteungna dipiceun, dikumbah nepi ka bérésih. Tuluy dikeueum ku campuran cai jeung uyah katut asem salila 3-4 jam nepi ka nyerep. Bungbu nu kudu disadiakeun nyaéta salam, séreh, bawang beureum, bawang daun, tuluy dihijikeun jeung lauk anu geus dikeueum.