Palaquium obtusifolium

Palaquium obtusifolium nyaéta salah sahiji spésiés tutuwuhan nu ngabentuk tatangkalan tina kulawarga Sapotaceae (suku sawo-sawoan). Ieu tutuwuhan asalna tina bioma nu boga iklim tropis baseuh, sumebar ti Sumatra nepi ka Papua. Ngaran élmiah Palaquium obtusifolium munggaran diwanohkeunku William Burck dina taun 1885.[1]
Habitus
[édit | édit sumber]Luhurna antara 5 nepi ka 30 méter, kalayan diaméter rungkun nepi ka 1 méter. Daunna héjo, disusun sacara spiral, basajan, utuh, panjangna antara 8 nepi ka 25 cm, héjo ngagurilap di bagian luhurna, sarta sering ngabogaan warna konéng atawa glaukus di bagian handapna. Kembang-kembangna muncul dina kelompok leutik sapanjang rungkun, unggal kembang mibanda mahkota bodas kalayan opat nepi ka tujuh (biasana genep) lobus nu lancip. Buahna tipe béri kalayan ukuran 3–7 cm, ngandung hiji nepi ka opat siki.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Palaquium obtusifolium". plantamor.com. Diaksés tanggal 2025-03-01.
- ↑ admin. "Nyatoh – Sulawesi Tengah – BPDAS Barito" (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-03-01.