Pamaké:Yaya Hudaya
ayeuna kuring geus umur 72 taun, baheula keur budak kuring kungsi maca wawacan lutung kasarung, geus inget-inget poho sabab maca eta lalakon Lutung Kasarung teh keur sakola di SR keneh kana taun opat puluhan. Beh dieu kuring maca deui Lutung Kasarung ti Ayip Rosidi Tangtu beda dina Lutung Kasarung nu baheula waktu Indrayaya sila diwalungan Baranang Siang waktu keur marak kagungannana dicapit kapiting kuning dugi ka bareuh sagede indung tongtolang Ceuk Purbararang kadieu kakang cuang ubaran bari nukang. Ieu teh cenah Lutung Kasarung versi Cirebon, kuring mani hayang deui maca lutung kasarung baheula, mun teu salah ukuran lamaran bukuna A4 munayeuna mah gambarna oge harade, kuring manggihan dina katalog buku=buku Indonesia ayana di Nagri Walanda.