Dina 8 April 2013, Pupuhu Komisis Pamilihan Umum Ivan Kalezić ngabéwarakeun yén Vujanović janten jawara dina pamilihan umum ieu kalawan 51,2% jumlah sora.[2] Wakil Lekić nyebutkeun yén pihak manéhna heuntue bakal ngakuan hasil pamilihan umum sarta enggeus ngajukeun pangétangan ulang di sadaya kacamatan.[3]
Saméméh diumumkeunana hasil pamilihan umum sacara resmi, Filip Vujanović jeung Miodrag Lekić ngaklaim jawara pamilihan umum ieu. Dumasar kana pangétangan sora ti Partéy Démokrasi Sosialis Monténégro, Vujanović ngaklaim nampi 51,3% sora, dibandingkeun 48,7% pikeun Miodrag Lekić. Tatapi, pihak oposisi ti Fron Démokrasi nyebutkeun yén Miodrag Lekić téh jawara pamilihan umum ieu, nampi 50,5% sora dibandingkeun sora Vujanović 49,5%, sarta nganggep klaim unggulna Vujanovic salaku "kudéta".[4]