Panjat pinang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Panjat Pinang/rebutan

Panjat pinang atawa rebutan mangrupa kaulinan anu merlukeun rasa kawani sarta katemenan ogé taktik, nu guna meunangkeun tujuan anu dihontalna.[1] Prinsip kaulinan ieu téh nyokot barang-barang anu digantungkan di tungtung luhur watang tangkal jambé.[1] Cara nyokot barang anu digantungkan dina awi ngawangun bunderan henteu sagampang anu disangka.[1] Kahiji saurang pamilon kudu bisa ngaliwatan watang pinang anu geus dibanjur gemuk.[1] Gemuk anu dipaké nyaéta lemak sato atawa sajenis oli kentel.[1] Kadua, pamilon kudu sanggup ngéléhkeun peserta séjénna.[1] Ku alatan éta teu urung kudu pagorényang.[1] Saha nu gancang pasti bisa menang.[1] Parabot anu diperlukeun dina kaulinan ieu téh hiji watang tangkal jambé atawa lamun euweuh sawatang awi jenis gombong ogé cukup.[1] Anu écés tangkal anu dimaksud kudu kuat sarta tahan nanggung beungbeurat ti ruas-ruas awi anu ngabahayakeun.[1] Saterusna, gemuk.[1] Bahan gemuk boga sipat rélatif. Henteu tangtu dina hiji jenis waé.[1] Baheula dipaké lemak sato ingon-ingon (Sunda: Gajih) Ayeuna ogé di sawatara tempat masih dipaké gajih minangka gemuk ; tapi oli motor mindeng pisan dipaké minangka alternatif gaganti utamana di dayeuh mah.[1] Pakakas séjén anu henteu kaci dipohokeun nyaéta barang-barang sandang, contona lawon, payung, baju, calana jsb.[1] Barang-barang ieu digantung sarta ditalikeun dina budeuran awi anu dipasang dipenclut tangkal pinang.[1] Pamilon dina dasarna henteu diwatesan , saha waé kaci miluan, tapi umumna dipigawé ku para lalaki anu geus dewasa sakurang-kurangna rumaja putra. Jumlahna ogé relatif loba ; kurang leuwih 10-15 jelema.[1] Euweuh aturan anu husus , kajaba silih ngarti di antara sasama pamaén pikeun silih ngajaga keselamtanna.[1] Dina awalna kaulinan ieu dipigawé sacara individu, single fighter, luyu prinsip rebutan , saha nu gancang manéhna nu meunang, ku kituna dina kaulinan ieu arang-arang anu ngahontal penclutna.[1] Ku alatan saban hiji jalma ngahontal jangkungna nu tangtu, batur anu di handapana bisa waé ngabetot manéhna.[1] Tapi biasana dina kasapukan pamilon pikeun digawé babarengan.[1] Silih mantuan.[1] Lamun kabéh hadiah geus ditampana, bakal dibagikeun luyu jeung jumlah iwal ti nu meunang tina éta kaulinan.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Dina khasanah Kabudayaan Tionghoa, Panjat Pinang ieu éang kasohor di Tiongkok Kidul, (Fujian Guangdong, sarta Taiwan).[2] Acara ieu patali jeung féstival jurig.[2] Hal ieu bisa kajadian di Tiongkok Kidul waé alatan kaayaan géografis Tiongkok Kidul hawana téh sub-tropis.[2] Ku kituna matak bisa tangkal pinang atawa kalapa bisa tumuwuh kalawan alus.[2] Perayaan ieu kacatet mimiti dina jaman Ming, sarta lumrah disebut minangka "Qiang-gu".[2] Tapi dina jaman Qing, Panjat Pinang dilarang pamaréntah alatan mindeng ngabalukarkeun korban jiwa.[2] Sawaktu taiwan aya di handap kapendudukan Jepang.[2] Panjat Pinang mimitian dipraktékkeun deui di sawatara tempat di Taiwan patali jeung Festival Jurig.[2] Tata cara kaulinan kurang leuwih sarua, dipigawé lobaan.[2] kalawan loba kado anu digantungkan di luhur.[2] Bédana luhur anu kudu ditaékan lain ngan saluhur tangkal pinang.[2] Tapi mangrupa hiji wangunan ti tangkal pinanag sarta kai séjén anu saimbang gedong nu tingkatna opat.[2] Pikeun ngahontal jawara kahiji , saban regu kudu naék nepi ka penclut pikeun nurunkeun gulungan beureum anu dikaitkeun di ditu.[2] Kaulinan panjat pinang biasana ngan dilakukeun dina poé-poé nu gedé, utamana dina poé Kamerdekaan RI atawa anu diwanoh ku istilah Agustusan.[2] Dina poé ieu kaulinan panjat pinang ampir aya di unggal wewengkon.[2] Panjat Pinang mangrupa bukti asimilasi kabudayaan Tionghoa anu geus mangaruhan Indonésia dina mangrébu-rébu ka tukang.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v Rosyadi. 2000. Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupaten Lebak Jawa Barat. Bandung: CV. Manfada Utama. Kaca 161-162
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p Analisis Sajarah Panjat Pinang Archived 2014-11-05 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 27 Oktober 2011)