Panonpoé
| Data observasi | |
|---|---|
| Jarak rata-rata ti Marcapada | 150,000,000 km (93,000,000 mi) |
| Visual brightness (V) | −26.8m |
| Absolute magnitude | 4.8m |
| Physical characteristics | |
| Diaméter | 1,392,000 km |
| Diaméter éelatif (dS/dE) | 109 |
| Oblateness | ~9×10−6 |
| Lega beungeut | 6.09 × 1012 km² |
| Eusi | 1.41 × 1027 m³ |
| Massa | 1.9891 × 1030 kg |
| Massa rélatif ka Bumi | 333,400 |
| Dénsitas | 1.411 g/cm³ |
| Dénsitas rélatif ka Bumi | 0.26 |
| Dénsitas rélatif ka cai | 1.409 |
| Surface gravity | 274 m s−2 |
| Relative surface gravity | 27.9 g |
| Escape velocity | 618 km/s |
| Surface temperature | 5780 K |
| Temperature of corona | 5 × 106 K |
| Luminosity (LS) | 3.827 × 1026 J s−1 |
| Orbital characteristics | |
| Period of rotation | |
| At equator: | 27d 6h 36m |
| At 30° latitude: | 28d 4h 48m |
| At 60° latitude: | 30d 19h 12m |
| At 75° latitude: | 31d 19h 12m |
| Period of orbit around galactic centre |
2.2 × 108 yéars |
| Photospheric composition | |
| Hidrogén | 73.46 % |
| Hélium | 24.85 % |
| Oksigén | 0.77 % |
| Karbon | 0.29 % |
| Beusi | 0.16 % |
| Néon | 0.12 % |
| Nitrogén | 0.09 % |
| Silikon | 0.07 % |
| Magnésium | 0.05 % |
| Sulfur | 0.04 % |
Panonpoé (ᮕᮔᮧᮔ᮪ᮕᮧᮆ) nyaéta béntang na tatasurya urang. Planét Marcapada jeung sakabéh dulurna, boh planét terestrial atawa raksasa gas, ngurulingan Panonpoé. Nu séjénna nu ngurilingan Panonpoé kayaning astéroid, météoroid, komét, objék Trans-Neptunius, jeung, tangtu bae, kebul. Panonpoé salah sahiji barang langit anu jadi asal cahya alatan bisa ngahasilkeun sarta mancarkeun cahya sorangan. Panonpoé kaasup salah sahiji béntang ti mangmilyar-milyar béntang anu aya di angkasa.[1]
Sacara kimiawi, kira-kira tilu parapat massa panonpoé diwangun tina hidrogén, sedengkeun sésana lolobana mah diwangun ku Hélium.Sésa massana (1,69%, sarua jeung 5.629 kali massa Marcapada) diwangun ku élemén-élemén beurat siga oksigén, karbon, néon, jeung beusi.
Panonpoé kawangun kira-kira 4,6 miliar taun ka tukang balukar tina runtuhna gravitasi dina hiji wewengkon di jero méga molekul anu kacida badagna. Sabagian badag matéri ngumpul di tengah, samentara sésana ngaipisan janten piringan (cakram) anu muter, anu satuluyna janten Surya Mandala. Massa di puseurna beuki panas sarta padet, anu ahirna micu lumangsungna fusi térmonuklir dina jero intina. Diperkirakeun yén ampir sakabéh béntang séjénna ogé kawangun ku prosés anu sarupa. Dumasar kana kelas spéktrumna, Panonpoé téh digolongkeun salaku béntang dérét utama G (G2V), sarta mindeng disebut salaku katai konéng jalaran radiasi anu kaciri ku mata téh leuwih dominan dina porsi spéktrum konéng-beureum. Sanajan warna aslina mah bodas, upami ditingal ti beungeut Marcapada, Panonpoé téh katémbong konéng balukar tina panyebaran (scattering) cahaya biru di atmosfir. Dumasar kana label kelas spéktrum, G2 nandakeun suhu beungeutna (permukaan) kira-kira 5.778 K (5.505 °C), sarta V nandakeun yén Panonpoé mangrupa béntang dérét utama anu énergina dihasilkeun tina fusi nuklir nukleus hidrogén janten hélium. Dina jero intina, Panonpoé ngafusikeun kira-kira 620 juta ton métrik hidrogén unggal detikna.[2][3].
Ciri fisik jeung nu séjénna
[édit | édit sumber]Panonpoé mangrupa béntang nu kaasup kelas spéktral G2, nu hartina béntang ieu téh leuwih badag sarta leuwih panas batan rata-rata, tapi ukuranana leuwih leutik batan béntang raksasa biru. Béntang G2 mibanda umur runtuyan utama kira 10 milyar taun; Panonpoé téh umurna kira geus 5 milyar taun, dumasar nukléokosmokronologi.
Mangpaat panonpoé
[édit | édit sumber]Panonpoé parantos dimangpaatkeun di sababaraha bagian dunya, sarta upami diéksploitasi kalayan merenah, ieu énergi miboga poténsi anu kacida gedéna pikeun nyumponan kabutuhan konsumsi énergi dunya dina jangka waktu anu lami. Énergi panonpoé tiasa dianggo sacara langsung pikeun ngahasilkeun listrik, pamanas, atanapi malah pikeun niiskeun (cooling system). Poténsi énergi surya di mangsa ka hareup ngan diwatesanan ku kahayang urang pikeun ngamangpaatkeun éta kasempetan. Aya seueur cara pikeun ngamangpaatkeun énergi ti panonpoé. Tutuwuhan ngarobah sinar panonpoé janten énergi kimia ngaliwatan prosés fotosintésis. Manusa ngamangpaatkeun ieu énergi ku cara ngadahar hasil tutuwuhan atanapi ngaduruk kai. Nanging, istilah “tanaga surya” biasana miboga harti ngarobah cahya panonpoé sacara langsung janten panas atanapi énergi listrik pikeun kaperluan manusa. Dua tipe dasar tanaga panonpoé nyaéta pamanas surya sarta “photovoltaic” (photo = cahya, voltaic = tegangan).
Tanaga panonpoé photovoltaic: ngalibetkeun pembangkit listrik tina cahya. Rusiah tina ieu prosés nyaéta pamakéan bahan semi konduktor anu tiasa diatur pikeun ngaleupaskeun éléktron, nyaéta partikel miboga muatan négatif anu janten dadasar tina arus listrik.[4] Bahan semi konduktor anu pangumumna dianggo dina sél photovoltaic nyaéta silikon, hiji unsur anu seueur kapanggih dina keusik. Sakabéh sél photovoltaic miboga sahenteuna dua lapisan semi konduktor, nyaéta lapisan miboga muatan positif sarta lapisan miboga muatan négatif. Nalika cahya nyorot kana semi konduktor, médan listrik meuntas sambungan di antara dua lapisan kasebat anu ngabalukarkeun listrik ngalir sarta ngahasilkeun arus DC (Direct Current). Beuki kuat cahya anu nyorot, beuki kuat ogé aliran listrikna.[4].[4] Bahan semi konduktor anu pangumumna dianggo dina sél photovoltaic nyaéta silikon, hiji unsur anu seueur kapanggih dina keusik. Sakabéh sél photovoltaic miboga sahenteuna dua lapisan semi konduktor, nyaéta lapisan miboga muatan positif sarta lapisan miboga muatan négatif. Nalika cahya nyorot kana semi konduktor, médan listrik meuntas sambungan di antara dua lapisan kasebat anu ngabalukarkeun listrik ngalir sarta ngahasilkeun arus DC (Direct Current). Beuki kuat cahya anu nyorot, beuki kuat ≈== Tempo ogé ===
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Current SOHO snapshots
- Far-Side Helioseismic Holography Archived 2009-04-16 di Wayback Machine from Stanford
- NASA Eclipse homepage
- Nasa SOHO (Solar & Heliospheric Observatory) satellite
- Solar Sounds from Stanford
- Spaceweather.com
- ↑ (id) (diakses tanggal 22 oktober 2011)
- ↑ Woolfson, M. (2000). The Origin and Evolution of the Solar System. University of York, UK.
- ↑ "Sun Fact Sheet". NASA Goddard Space Flight Center. Diaksés tanggal 2026-05-05.
- 1 2 3 "Energi Matahari" (Dina basa Indonesia). Greenpeace SE Asia. Diaksés tanggal 2026-05-05. Salah ngutip: Parameter "ndffrfrfvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvvpanonpoé" tidak sah pada tanda
<<ref>. Parameter yang didukung adalah: dir, follow, group, name.
