Paraseuneu
Suasana pawon tradisional, katingal aya paraseuneu di luhureun hawu (Dok. Tropenmuseum) | |
| Ngaran séjén | Para, Paréyé |
|---|---|
| Perenahna | Luhureun Hawu |
| Bahan Utama | Awi atawa Kai |
| Fungsi Utama | Moé suluh, ngawétkeun bungbu, wadah pakakas |
| Status Budaya | Bagian Arsitektur Pawon Sunda |
Paraseuneu nyaéta para/lalangit nu dijieun leuwih handap perenahna luhureun hawu. [1] Maksudna sangkan kahontal mangsa nyokot suluh, dipaké paranti nunda tur ngagaringkeun suluh sangkan garing/henteu besem, nunda hasil tatanén sangkan henteu babari buruk, sangu jeung deungeuna sangkan teu ku beurit, jeung sajabana.[1] Paraseuneu perenahna di dapur/pawon, dijieun luhureun hawu, jadi salawasna kahaneutan sarta karoris mun aya benerkeuneun atawa cokoteun.[2][3] Baheula mah nunda bako ogé sok di paraseuneu, ngarana diunun mimitina bako diasupkeun heula kana lodong, tuluy ditunda di paraseuneu.[4] Sakalina diludang, bako téh geus cepel.[4] Aduna kana padudan, nyerebeng heseupna angin-anginan, nya seungit nya banget.[4]
Wangunna paraseuneu kawas paranggong, ilaharna dijieun tina awi beunang meulahan.[5] Perenahna dijieun handapeun para imah sarta di saluhureun hawu.[5] Pikeun nyieun paraseuneu henteu sagawayah, kudu kutukangna sakalian mangsa keur ngadegkeun imah sangkan weweg.[5]
- Suluh ditunda dina paraseuneu (luhureun hawu)
- Paraseune luhureun hawu
Struktur
[édit | édit sumber]Paraseuneu biasana dijieun tina beulahan awi anu disusun carang (dikaliarkeun) sangkan haseup bisa nembus ka luhur. Ieu pakakas ditalian ku tali awi atawa dipaku kana tihang dapur. Jangkungna diatur sangkan panasna pas sarta teu gampang kaduruk.[6]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- 1 2 Arsitektur Tradisional Daerah Jawa Barat. 1998. ; ; ;
- ↑ Isi dan kelengkapan rumah tangga tradisional menurut tujuan, fungsi dan kegunaan daerah Jawa Barat. 1986. ; ; ;
- ↑ Lolongok ka Baduj: kenging kekempel basa diparengkeun ka Baduy taun 1958. Universitas Michigan: Tarate. hlm. 32.
- 1 2 3 Cihaliwung nunjang ngidul. Universitas Michigan: Rahmat Cijulang. 1995. hlm. 18.
- 1 2 3 Sutarna, Sugiyarto Dakung, Ena (1986). Isi dan kelengkapan rumah tangga tradisional menurut tujuan, fungsi dan kegunaan daerah Jawa Barat. Universitas Michigan: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah. hlm. 81–83.
- ↑ Suryani NS, Elis. (2010). Kearifan Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia. hlm. 115. ISBN 9789794506301.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |