Lompat ke isi

Patilasan Sunan Drajat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Patilasan Sunan Drajat nyaéta salah sahiji cagar budaya dumasar kana kaputusan pamaréntah kota Cirebon anu aya dina Jalan Pangeran Drajad, Kecamatan Kesambi.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Dina abad ka 15 waktos Kerajaan Cirebon dipingpin ku Sunan Gunung Jati nu rek narajang palabuan Sunda Kelapa di Batavia (ayeuna Jakarta) nu keur dijajah ku Portugis, dina waktos éta, Sunan Gunung Jati ngempelkeun Wali Songo pikeun datang ka Cirebon. Salah sahiji ti Wali Songo nyaéta Sunan Drajat, putrana Sunan Ampél. Sunan Drajat datang ka Cirebon ogé rék diajar ku Sunan Gunung Jati.[2]

Patilasan Sunan Drajat caket Sungai Kriyan nu sok dipaké ku masarakat nu rék ngirab atawa siram unggal dinten rebo ahir dina bulan Safar. Tradisi éta kapangaruhan ku tradisi Hindu.[2]

Waktos Islam asup ka Nusantara, para wali teu ngarobah tradisi nu aya, mantra-mantra nu sok dipaké basa keur mandi, contona, digentos ku doa-doa dina ajaran Islam.[2]

Wangunan

[édit | édit sumber]

Di bagéan panto asup patilasan, aya sumur nu dina sajarahna, Sunan Drajat nancebkeun tongkat.[2]

Dina patilasan Sunan Drajat, aya ogé makam umum jeung makam nu disebat keramat nyaéta makam Pangéran Sipat Lurung jeung Nyi Mas Agung Pancuran.[3]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. Labibinajib, Fahmi. "Menyusuri Jejak Peninggalan Sunan Drajat di Cirebon". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-31.
  2. 1 2 3 4 jabar, fakta. "Makam Sunan Drajat di Cirebon". Fakta Jabar (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-08-12.
  3. Labibinajib, Fahmi. "10 Situs Keramat di Cirebon, Jejak Intelijen Pajajaran dan Sunan Drajat". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-08-12.