Lompat ke isi

Patilasan Sunan Kalijaga Cirebon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Patilasan Sunan Kalijaga, Cirebon

Patilasan Sunan Kalijaga Cirebon mangrupakeun situs paninggalan sajarah jaman Sunan Kalijaga waktu nyiarkeun Islam di wilayah Cirebon. SItu ieu perenahna di Jalan Pramuka, Kelurahan Kalijaga, Kecamatan Harjamukti, Kota Cirebon.[1][2][3]

Sarana dakwah Sunan Kalijaga

[édit | édit sumber]
Bagéan luar situs

Sunan Kalijaga téh salasaurang ti Wali Songo nu kasohor resep leumpang ti hiji tempat ka tempat séjén pikeun nyebarkeun agama Islam. Anjeunna kungsi sababaraha kali datang jeung cicing sabentar di wewengkon Cirebon. Kadatangan kahijina ka Cirebon téh pikeun ngaji ka Syékh Datuk Kahfi, hiji tokoh panyebar Islam di éta wewengkon jeung karuhun ti karajaan Sumedang. Dina kadatangan saterusna, Sunan Kalijaga datang dina rangka ngalaksanakeun pancén dakwahna salaku wali. Anjeunna ogé milu ngararancang jeung ngawangun Masjid Agung Sang Cipta Rasa di Cirebon, nu diprakarsai ku Sunan Gunung Jati, sarta dipingpin langsung ku Sunan Kalijaga sorangan. Dina salah sahiji kadatanganna ka Cirebon, Sunan Kalijaga dipercaya kungsi cicing lila di tempat nu ayeuna disebut Petilasan Desa Kalijaga.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 Media, Kompas Cyber (2022-01-20). "Petilasan Sunan Kalijaga di Cirebon dan Legenda Santri Dikutuk Jadi Kera Halaman all - Kompas.com". KOMPAS.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-07-26.
  2. Labibinajib, Fahmi. "Deretan Makam Kuno di Petilasan Sunan Kalijaga Cirebon Terbengkalai". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.
  3. "Melihat Jejak Sunan Kalijaga di Cirebon, Ada Banyak Kera sampai Sumur Tua". merdeka.com (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-07-26.