Lompat ke isi

Pedis panas

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pedis Panas Sasak

Pedis Panas téh salah sahiji kadaharan has urang Sasak di Lombok. Kecap pedis hartina haseum atawa kecut, sedengkeun panas hartina lada. Jadi pedis panas téh boga rasa has campuran antara haseum jeung lada. Sayur ieu bahan-bahanna rupa-rupa jeung rada unik. Sarua jeung sayur asem di tempat séjén, tapi nu ngabédakeu, sayur pedis panas nyaéta teu maké daun atawa siki tangkil. Éta nu ngajadikeun rasa béda jeung leuwih has.[1]

Bahan-bahan

[édit | édit sumber]

Cabé rawit sakumaha resep, bawang beureum, bawang bodas, tomat, tarasi, uyah, gula, mécin atawa pqnyedap, jeung asem jawa. Pikeun bahan sayurna bisa maké térong, sisikian, kangkung, ja'at, jeung bahan séjén numutkeun saléra. Pikeun palengkap bisa nambahan surawung jeung minyak goréng.

Cara nyieun

[édit | édit sumber]

Haluskeun bumbu kawas céngék, bawang beureum, bawang bodas, tomat, tarasi, gula, uyah, jeung panyedap. Sanggeus kitu, siapkeun pancén nu eusina cai, tuluy haneutkeun nepika ngagolak. Mun cai geus ngagolak, lebetkeun sayur-sayuran saperti kacang panjang, térong, kacang, atawa sisikian séjén sakumaha resep.[2]

Lamun sayur-sayurna geus satengah asak, lebetkeun bumbu nu geus dihaluskeun tadi. Tambahan saeutik cai peresan asam jawa jeung samét sendok minyak goréng. Masak deui nepika ngagolak. Dina ahirna bisa tambahkeun daun surawung minangka sentuhan pamungkas. Pedis panas has urang Sasak Lombok siap dipadahar.[3]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. "Pedis Panas » Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diaksés tanggal 2025-12-11.
  2. Lombokvibes, Redaksi. "Resep kelaq pedis panas, sayur asem khas Lombok". Lombokvibes.com (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2025-12-11.
  3. "Resep Sayur Pedis Panas oleh Emaknya Zia". Cookpad (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-12-11.