Lompat ke isi

Pembéla Tanah Air

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Tentara Sukaréla Pembéla Tanah Air (nu mindeng disebut PÉTA, dina basa Jepang: 郷土防衛義勇軍 (Kyōdo Bōei Giyūgun) téh mangrupa hiji pasukan paramilitér nu dijieun ku pamaréntah Jepang nalika ngajajah Indonesia. PÉTA diadegkeun dina tanggal 3 Oktober 1943 nurutkeun Maklumat Osamu Seirei No. 44 anu diumumkeun ku Panglima Angkatan Darat ka-16, Létnan Jénderal Kumakichi Harada. Tempat latihan utama pasukan PÉTA aya di komplék militer Bogor.[1]

Dina sajarahna, PÉTA miboga peran penting dina perjuangan kamerdikaan Indonésia. Sababaraha tokoh nasional kungsi jadi bagian tina PÉTA, saperti Jénderal Besar TNI Soedirman jeung présidén urut Jenderal Besar TNI Soeharto. Para veteran PÉTA engkéna ilubiung dina ngawangun kamekaran militér Indonésia, dimimitian ti BKR, TKR, Tentara Kasalametan Rakyat, TRI, nepi ka lahirna Tentara Nasional Indonésia (TNI). Ku sabab kitu, PETA mindeng dianggap minangka salah sahiji cikal bakal TNI.[2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Mimiti dijieun

[édit | édit sumber]

Sanggeus Jepang bisa ngawasaan Hindia Walanda, pamaréntah militér Jepang mimiti ngadegkeun rupa-rupa organisasi keur rahayat Indonésia pikeun nyokong kapentingan jajahan jeung perang Jepang di Pasipik. Sanajan kitu, Jepang teu muka perekrutan tentara sacara lega, iwal ngan saeutik ngaliwatan Heiho. Najan kitu, niat pikeun ngabentuk pasukan tina urang pribumi geus aya ti awal kakawasaan Jepang. Salah sahiji anu ngamimitian nyaéta Létnan Hiji Motoshige Yanagawa ti Beppan (gugus tugas husus ti Angkatan Darat ka-16), anu dina bulan Januari 1943 ngadegkeun Seinen Dōjō (‘Dojo Pamuda’) di Tangerang minangka tempat latihan semimiliter keur barudak ngora. Teu lila sanggeus éta, dina 9 Maret 1943 diresmikeun ogé organisasi Seinendan (Barisan Pamuda).[3]

Katerlibatan pribumi

[édit | édit sumber]

Dina tanggal 16 Juni 1943, Perdana Menteri Jepang Hideki Tojo dina Sidang Parlemén Jepang ka-82 ngumumkeun yén rahayat Jawa bakal mimiti dilibetkeun dina urusan pamaréntahan di Jawa.[4] Salajengna, pamaréntah Jepang di Jawa nyusun rencana pikeun ngadegkeun hiji pasukan militér nu anggotana ti urang pribumi salaku kakuatan pertahanan. Pikeun narik minat masarakat, Beppan mutuskeun yén pamundut pikeun ngadegkeun pasukan éta kudu diajukeun ku urang Indonesia sorangan. Ku sabab kitu, Motoshige Yanagawa milih Radén Gatot Mangkoepradja pikeun nyieun pamundut éta, lantaran ti bulan Méi 1942 Gatot geus nyampeurkeun pamikiran ngeunaan pentingna pasukan militér keur Indonésia ka pamaréntah Jepang. Yanagawa tuluy patepang jeung Gatot di Jakarta dina 5 Séptémber 1943 pikeun ngobrolkeun ieu hal, sarta paguneman diteruskeun jeung Beppan dina poé saterusna.[3]

Daptar Batalion PETA

[édit | édit sumber]
Daftar Batalion PETA[5]
Keresidenan Batalion Komandan Batalion Latar belakang Perwira lain
Banten I LabuhanToebagus Achmad ChatibUlamaSoehadisastra
II Kondangsari MalingpingE. Ojong TemajaUlamaM.B. Soetman
III Cilegon-SerangSjam'oenUlamaZainoel Falah
IV PandeglangOeding SoejatmadjaMoestaram
Jakarta I HarmoniKasman SingodimedjoLulusan RHS, mantan Ketua JIB dan MIAI Moeffreni Moe'min
Latief Hendraningrat
II PurwakartaSoerjodipoeroMoersid
Bogor I Jampang KulonR. Abdullah bin NoehUlamaHoesen Aleksah
II Pelabuhan RatuM. BasoeniUlamaMoelja
III SukabumiKafrawiMachmoed
IV Cibeber CianjurR. Goenawan ResmipoetroM. Ishak Djoearsa
Priangan I TasikmalayaK.H. SoetalaksanaUlamaAbdoellah Saleh
II PangandaranK.H. PardjamanUlamaK. Hamid
III BandungIljas SasmitaPermana
Oemar Wirahadikoesoemah
IV CimahiAroedji KartawinataLulusan MULO, mantan petinggi PSIISoeparjadi
Poniman
Soepardi
V GarutR. Sofjan IskandarKatamsi Sutisna
Cirebon I CirebonAbdoelgani SoerjokoesoemoRoekman
II MajalengkaR. Zaenal Asikin JoedibrataSoearman
Pekalongan I PekalonganIskandar IdrisUlamaAjoeb
II TegalK.H. DoerjatmanUlamaSoemardjono
Banyumas I CilacapR. SoetirtoR. Hartojo
II SumpiuhR. Soesalit DjojoadhiningratZaelan Asikin
III KroyaSoedirmanLulusan sekolah pendidikan guru Muhammadiyah, guru sekolah MuhammadiyahSoepardjo Roestam
IV BanyumasIsdiman
Gatot Subroto
Sarengat
Kedu I GombongR. Abdoel Kadir
Bambang Sugeng
R. Soetrisno
II MagelangMuhammad SusmanSoegiardjo
Soepangkat
III GombongDjoko KoesoemoSlamet
Achmad Yani
Sarwo Edhie Wibowo
IV PurworejoMoekahar RonohadikoesoemoTjiptoroso
Semarang I MricanR. Oesman
Soetrisno Soedomo
Soejadi
II Weleri/KendalR. Soedijono Taroeno KoesoemoSoeparman Soemahamidjaja
Pati I PatiKoesmoro Hadidewo
II RembangHolan IskandarSoekardi
III JeparaPrawiro AtmodjoSoekardji
Yogyakarta I WatesD. MartojomenoSudjiono
II BantulMochamad SalehLulusan sekolah pendidikan guru, guru sekolah MuhammadiyahSoepardi Pardi Pranoto
Soegiono
III PingitSoendjojo PoerbokoesoemoDarjatmo
Soeharto
IV WonosariMoeridan NotoNoedi
Surakarta I ManahanR.M. Moeljadi DjojomartonoUlamaSoeprapto Soekawati
Djatikusumo
II WonogiriK.H. IdrisUlamaBoediman
Bojonegoro I BabatK.H. Masjkur
Soedirman
UlamaOetojo Oetomo
II BancarMasriR. Rachmat
III TubanSoemadi SastroatmodjoSoemardjo
Madiun I MadiunAgoes TojibMoemardjo
II PacitanAkoeb GoelanggeR. Soebagijo
III PonorogoM. SoedjonoSoedijat
Kediri I TulungagungSoediroToeloes
II BlitarSoerachmadSoekandar
Moeradi
Soeprijadi
III SukorameA. Joedodiprodjo
Soejoto Djojopoernomo
Mashoedi Soedjono
Surabaya I Gunung SariSoetopoDokterMasdoeki Aboedardja
II SidoarjoR. Moehammad MangoendiprodjoLulusan OSVIABambang Joewono
III MojokertoKatamhadiOesman
IV GresikK.H. Cholik Hasjim
Moestopo
Ulama
Lulusan STOVIT, dokter gigi
Jondat Modjo
Malang I GondanglegiK. Iskandar SoelaemanUlamaSoemarto
II LumajangM. Soelijo AdikoesoemoWakil Residen Malang / Menteri Keamanan RakyatS. Hardjo Hoedojo
III PasuruanArsjid KromodihardjoSlamet
IV MalangImam Soedja'iSoekardani
V ProbolinggoSoedarsonoSoemitro
Besuki I Kencong JemberSoewito
Soediro
Soekarto
II BondowosoK.H. Tahiroeddin Tjokro AtmodjoUlamaRosadi
III Benculuk BanyuwangiSoekotjoImam Soekarto
IV Rambipuji JemberSurodjo
Astiklah
Soebandi
V Sukowidi BanyuwangiR. Oesman SoemodinotoSoedarmin
Madura I PamekasanK.H. R. Amin Dja'farUlamaR. Moehammad Saleh
II BangkalanRoeslan TjakraningratHafiloedin
III Batang BatangAbdoel MadjidAchmad Basoeni
IV AmbuntenAbdoel Hamid MoedhariUlamaSoeroso
V KetapangTroenodjojoMochamad Sabirin
Bali I NegaraI Made PoetoeI Wayan Moedana
II TabananI Goesti Ngoerah Gede PoegengIda Bagoes Tongka
III KlungkungAnak Agoeng Made AgoengI Made Geria

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. "Mengenal PETA, Organisasi Militer yang Bertugas Membantu Jepang". kumparan (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-13.
  2. Parinduri, Alhidayath. "Sejarah PÉTA di Zaman Pendudukan Jepang: Tugas, Tokoh, & Tujuan". tirto.id (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-09-13.
  3. 1 2 "(PDF) Gatot Mangkupraja, PET A, and the origins of the Indonesian National Army". ResearchGate (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2025-09-13.
  4. "Bezoek generaal Tojo en instelling van de centrale raad van advies - Open Beelden". www.openbeelden.nl. Diaksés tanggal 2025-09-13.
  5. Suryanegara 2010, p. 68-80.