Lompat ke isi

Pembantaian di Indonésia 1965–1966

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pembantaian di Indonésia 1965–1966 mangrupa runtuyan rajapati massal jeung karusuhan sipil anu utamana nargétkeun anggota jeung simpatisan Partéy Komunis Indonésia (PKI). Salian ti éta, aya ogé golongan séjén anu katarajang, saperti jalma-jalma anu disangka simpatisan komunis, anggota Gerakan Wanita Indonésia (Gerwani), pagawé nu ngahiji dina sarikat buruh, urang Jawa abangan, étnis Tionghoa, jalma atéis, jalma anu dituduh “kafir”, sarta pihak-pihak anu dianggap boga haluan kénca sacara umum.[1]

Numutkeun perkiraan anu panglobana dipedalkeun, korban anu maot sahenteuna ngahontal 500.000 nepi ka 1 juta urang. Malah aya ogé perkiraan séjén anu nyebutkeun yén jumlahna bisa ngahontal 2 nepi ka 3 juta urang. Kajahatan kamanusaan ieu mindeng digambarkeun minangka genosida atawa politisida dina sababaraha panalungtikan.[2][3]

Kajadian ieu dipicu ku TNI Angkatan Darat dina kapamingpinan Suharto. Sababaraha hasil panalungtikan jeung dokumén anu geus dibuka nunjukkeun yén pamaréntah Indonésia waktu harita meunang rojongan ti nagara-nagara asing saperti Amérika Sarikat jeung Britania Raya.[4][5][6][7]

Kasang tukang

[édit | édit sumber]

Partéy Komunis Indonésia (PKI) kungsi jadi partéy komunis panggedéna katilu di dunya. Jumlah kaderna kira-kira 300.000 urang, sedengkeun anggotana diperkirakeun ngahontal dua juta urang. Salian miboga massa anu loba, PKI ogé ngatur jeung ngahimpun rupa-rupa sarikat buruh.[8]

Dukungan kana kapamimpinan Sukarno gumantung kana koalisi “Nasakom”, nyaéta ngahijikeun unsur nasionalis, agama, jeung komunis, kaasup militér jeung golongan agama. Ngaronjatna pangaruh jeung kamilitan PKI, ditambah ku rojongan Sukarno, nimbulkeun kahariwang di kalangan umat Muslim jeung pihak militér. Dina awal nepi ka pertengahan taun 1960-an, kaayaan pulitik Indonésia beuki tegang. Usaha PKI pikeun ngagancangkeun réformasi tanah nyababkeun kagelisahan para juragan tanah sarta dianggap ngancam kalungguhan sosial para kiai.[9]

Dina tanggal 1 Oktober 1965, genep jénderal TNI dipaéhan ku hiji kelompok anu nyebut dirina Déwan Révolusi. Tilu di antarana diculik dina isuk-isuk, sedengkeun tilu deui jeung saurang perwira menengah dipaéhan dina soré poé éta. Kajadian ieu nyababkeun pamingpin utama militér Indonésia gugur atawa leungit, nepi ka Suharto nyokot alih kakawasaan angkatan bersenjata ku prakarsa sorangan, tanpa koordinasi jeung Présidén Sukarno salaku Panglima luhur nurutkeun struktur komando APRI waktu harita.[10][11][12]

Dina 2 Oktober, Suharto geus bisa ngadalikeun ibu kota sarta ngumumkeun yén usaha kudéta geus gagal. Pihak militér tuluy nuduh PKI minangka dalang tina kajadian éta. Dina 5 Oktober, para jénderal anu gugur dimakamkeun sacara resmi. Saterusna propaganda militér sumebar ka sakuliah nagara sarta nyeru pikeun ngalaksanakeun “pembersihan”. Propaganda ieu hasil mangaruhan pamadegan masarakat Indonésia ogé panitén internasional yén PKI anu jadi dalang utama. Panolakan ti pihak PKI henteu méré pangaruh anu penting. Antukna, ketegangan jeung kaijidan anu geus lila kapendem ahirna bitu jadi kakerasan anu kabuka.[13]

Pemberesian pulituk

[édit | édit sumber]

Para pamingpin militér anu disangka miboga simpati atawa aya patalina jeung Partéy Komunis Indonésia (PKI) dicabut tina jabatanna. Majelis Permusyawaratan Rakyat Samentara jeung Kabinet 100 Menteri ogé “diberesihan” tina unsur-unsur anu dianggap ngarojong Sukarno.

Pamingpin-pamingpin utama PKI gancang ditéwak. Sabagian aya anu maot nalika prosés panéwakan, sedengkeun nu séjén dihukum pati ngaliwatan sidang anu dianggap henteu adil sarta ngan saukur formalitas pikeun némbongkeun ka dunya internasional ngeunaan isu hak asasi manusa.

Luluhur angkatan bersenjata ngayakeun rupa-rupa démonstrasi di Jakarta. Dina tanggal 8 Oktober 1965, kantor pusat PKI di Jakarta diduruk. Sajaba ti éta, dibentuk sababaraha organisasi nonoman anti-komunis, saperti Kesatuan Aksi Mahasiswa Indonésia (KAMI), Kesatuan Aksi Pelajar Indonésia (KAPI), Kesatuan Aksi Pemuda Pelajar Indonésia (KAPPI), jeung Kesatuan Aksi Sarjana Indonésia (KASI).[14]

Di Jakarta jeung Jawa Kulon, leuwih ti 10.000 aktivis jeung pamingpin PKI ditangkep. Salah sahiji di antarana nyaéta Pramoedya Ananta Toer.[15][16]

Pembantaian

[édit | édit sumber]

Pemberesihan dimimitian dina Oktober 1965 di Jakarta, tuluy sumebar ka Jawa Tengah, Jawa Wétan, jeung Bali. Kekerasan dina skala leuwih leutik ogé kajadian di sababaraha wewengkon séjén, utamana di Sumatra. Pembantaian anu pangparahna lumangsung di Jawa Tengah jeung Jawa Wétan. Korban jiwa ogé kacatet di Sumatra Kalér jeung Bali.

Para pamingpin Partéy Komunis Indonésia (PKI) diburu jeung ditangkep. Tokoh PKI Njoto ditembak dina 6 Novémber, pupuhu PKI Dipa Nusantara Aidit dina 22 Novémber, sarta wakil pupuhu M.H. Lukman teu lila sanggeusna.

Rasa kaijidam ka komunis dikobarkeun ku angkatan darat nepi ka loba warga Indonésia milu aub dina kekerasan éta. Sanajan kitu, peran resmi angkatan darat teu kungsi dijelaskeun sacara écés. Di sababaraha tempat, militér ngalatih sarta méré pakarang ka milisi lokal. Di tempat séjén, kelompok vigilante mimiti heula ngalakukeun kekerasan, sanajan umumna pembantaian teu lumangsung saméméh aya idin atawa pangrojong ti tentara.

Di sababaraha daérah, milisi geus nyaho tempat cicingna jalma-jalma anu dianggap komunis jeung simpatisanna. Di tempat séjén, tentara ménta daptar ngaran tokoh komunis ka kapala désa. Ku sabab kaanggotaan PKI henteu disumputkeun, maranéhna gampang kapanggih di masarakat. Malah, Kedutaan Besar Amerika Serikat di Jakarta disebut-sebut masrahkeun daptar kira-kira 5.000 jalma anu disangka komunis ka militér Indonésia.

Sababaraha cabang PKI sempet ngalakukeun perlawanan jeung pamalesan, tapi kalolobaanana teu mampuh nahan kaayaan. Henteu sakabéh korban téh anggota PKI; cap “PKI” mindeng dipaké pikeun nandaan tokoh Partéy Nasional Indonésia (PNI) anu boga haluan kénca atawa jalma anu ngan saukur dituduh komunis.

Warga turunan Tionghoa ogé jadi korban. Sabagian dipaéhan jeung harta bandana dijarah. Di Kalimantan Kulon, kira-kira sataun satengah sanggeus kajadian di Jawa, urang Dayak ngusir sakitar 45.000 warga turunan Tionghoa ti padésaan; ratusan nepi ka rébuan di antarana dilaporkeun maot dibantai.

Métode pembantaian ngawengku ditembak atawa dipenggal ku pedang Jepang. Loba mayit dipiceun ka walungan nepi ka pejabat ngeluh sabab aliran walungan anu ngocor ka Surabaya katutup ku jenazah. Di daérah saperti Kediri, kelompok Gerakan Pemuda Ansor ti Nahdlatul Ulama nyuruh jalma-jalma anu dituduh komunis ngabariskeun diri saméméh dieksekusi, tuluy mayitna dialungkeun ka walungan. Pembantaian ieu ngajadikeun sababaraha bagian désa jadi kosong, sarta imah-imah korban dijarah atawa dialihkeun ka militér.

Dina Maret 1966, gelombang pembantaian mimiti ngirangan, sanajan sababaraha pembersihan leutik masih lumangsung nepi ka taun 1969. Warga Solo nyebut yén banjirna Walungan Bengawan Solo anu teu biasa dina Maret 1966 jadi tanda ahirna masa pembantaian éta.

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. "Indonesia Again Silences 1965 Massacre Victims | Human Rights Watch" (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  2. East, 101. "Indonesia's killing fields". www.aljazeera.com. Diaksés tanggal 2026-02-28. Archived 2018-08-02 di Wayback Machine
  3. "The Specter of Genocide". Cambridge University Press & Assessment (Dina basa us). Diaksés tanggal 2026-02-28. Pemeliharaan CS1: Bahasa yang tidak diketahui (link)
  4. Leksana, Grace (2021-01-02). "Collaboration in Mass Violence: The Case of the Indonesian Anti-Leftist Mass Killings in 1965–66 in East Java". Journal of Genocide Research (Dina basa Inggris). 23 (1): 58–80. doi:10.1080/14623528.2020.1778612. ISSN 1462-3528.
  5. Press, Associated (2017-10-17). "Files reveal US had detailed knowledge of Indonesia's anti-communist purge". The Guardian (Dina basa Inggris (Britania)). ISSN 0261-3077. Diaksés tanggal 2026-02-28.
  6. "Judges say Australia complicit in 1965 Indonesian massacres". ABC News (Dina basa Inggris Australia). 2016-07-20. Diaksés tanggal 2026-02-28.
  7. Lashmar, Paul; Gilby, Nicholas; Oliver, James (2021-10-17). "Slaughter in Indonesia: Britain's secret propaganda war". The Guardian (Dina basa Inggris (Britania)). ISSN 0261-3077. Diaksés tanggal 2026-02-28.
  8. "Mengenang Sejarah Kelam G 30-S/PKI". www.unida.ac.id. Diaksés tanggal 2026-02-28.
  9. admin. "Mengenal Sejarah NASAKOM, Gagasan Politik yang Sangat Digdaya di Era Soekarno". Biro Pengembangan Inovasi Dan Karir Universitas Medan Area (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  10. "Mengulik Sejarah Kelam: G30S PKI". Bem Untar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  11. mysch.id. "Mengenal Sejarah G30S PKI". www.sembilansijunjung.sch.id (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  12. "Rangkuman Sejarah, Kronologi, Tujuan, dan Tokoh G30S PKI". edukasi (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  13. "The Indonesian Killings of 1965-1966 | Sciences Po Violence de masse et Résistance - Réseau de recherche". www.sciencespo.fr (Dina basa Prancis). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  14. "Hari Pahlawan: Apa bukti Soeharto terlibat pembantaian massal 1965?". BBC News Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  15. Wiguna, Ringgana Wandy; Team, Ruangguru Tech. "Pramoedya Ananta Toer, Sastrawan Legendaris Indonesia". Belajar Gratis di Rumah Kapan Pun! | Blog Ruangguru (Dina basa Inggris Amerika). Diaksés tanggal 2026-02-28.
  16. "100 Tahun Pramoedya Ananta Toer: Negara Harus Jamin Kebebasan Berekspresi dan Kemerdekaan Berpikir, Bebaskan Semua Tahanan Nurani di Indonesia • Amnesty International Indonesia". Amnesty International Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-02-28.