Lompat ke isi

Pendopo Rumah Dinas Bupati Cirebon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pendopo Rumah Dinas Bupati Cirebon mangrupa wangunan bersejarah di Kota Cirebon nu diwangun di masa kolonial Hindia-Walanda[1], sakaligus jadi salah sahiji wangunan cagar budaya nu aya di Kota Cirebon. Pendopo Rumah Dinas Bupati Cirebon pernahna aya di Kota Cirebon, propinsi Jawa Kulon, alamatna aya di Jalan Jl. R. A Kartini No.7, Kejaksan, Kecamatan Kejaksan, Kota Cirebon, Jawa Kulon. Wangunan ieu ngalaman sababaraha kali pindah tempat, awalna di jalan Karanggetas Kota Cirebon nu ayeuna jadi pertokoan di éra Bupati R Sinuk. Tuluy bupati R Sinuk mindahkeun lokasi pendopo jeung ngawangun deui wangunan pendopo anyar di Taman Kebumen Kota Cirebon, nepi akhirna di éra bupati kalima nyaéta R.A.A Soeradiredja ngawangun komplék anyar sangkan jadi puseur pamaréntahan Kabupatén Cirebon di Kejaksan. Wangunan ieu jadi cikal bakal ayana Kota jeung Kabupatén Cirebon. [2]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Pendopo Rumah Dinas Bupati Cirebon diwangun dina taun 1986 ku Bupati Cirebon kalima nyaéta R.A.A. Soeradiredja, tuluy diresmikeun dina taun 1900 sanggeus ngaliwatan prosés pangwangunan nu panjang salila 4 taun. Lokasi Pendopo Rumah Dinas Bupati Cirebon di Kejaksan dipilih jadi puseur pamaréntahan lantaran baheulana ieu wewengkon téh mangrupa wewengkon kakawasaan Pangéran Kejaksan atawa nu katelahna Syékh Abdurrohim. Anjeunna kungsi ngatur sababaraha wewengkon di beulah kaléreun Walungan Sukalila nepi ka kawasan Stasiun Kejaksan. Nepi ka ayeuna wangunan ieu masih dipaké sangkan rumah dinas Bupati Cirebon awata kagiatan resmi jeung budaya di Cirebon. [2][1] Dina taun 2023 Pendopo Rumah Dinas Bupati dijadikeun wangunan cagar budaya lantaran usina geus leuwih ti 100 taun. [2]

Galéri

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 "Pendopo Kabupaten Cirebon". direktoripariwisata.id. Diaksés tanggal 2025-07-26.[tumbu nonaktif]
  2. 1 2 3 Mahardika, Devteo. "Perjalanan Panjang Pendopo Bupati Cirebon hingga Jadi Cagar Budaya". detikjabar (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2025-07-26.